Mopo Méméh Nanggung


Hayang siga tangtara téh geningan susah. Hayang miboga pasipatan sakumaha pasipatan tangtara téh henteu gampang. Teuing béda didikan sigana mah. Da geningan tangtara mah kacida disiplina. Ditanya nanaon ogé ku dununganana jawabna téh sagala siap. Taya deui kecap anu kaluar salian ti siap. Sanajan tacan apal naon anu keur diomongkeunana, jawabanana pasti ku kecap siap. Sanajan tacan apan naon anu kudu dipigawéna, jawabanana sarua waé ku kecap siap. Sagala siap ari tangtara mah.

Tangtara mah sagala siap, sagala daek

Ari kuring…? Ké heulaanan. Saméméh apal kana nanaona mah, teu bisa waka ngajawab siap sayaga. Kudu apal heula kana naon anu keur diomongkeunana atawa naon anu kudu dipigawéna. Da henteu sakabéhna pagawéan bisa dipigawé. Aya pagawéan anu teu bisa dipigawé. Malahan bisa disebutkeun loba kénéh pagawéan anu teu bisa dipigawé. Najan ceuk batur mah gampang, tacan tangtu ceuk kuring mah sarua gampangna. Lamun sakira-kirana pagawéanana pisusaheun mah, moal ditarima. Najan dipaksa-paksa ogé mendingan kénéh mundur. Kajaba pagawéan anu gampang. Kakara daék narima pagawéanana.

Najan pagawéan anu ceuk batur mah gampang, tapi tacan tangtu ceuk kuring mah gampang. Anu kasawang ti anggalna bakal susah mah dina magawéna, mendingan kénéh ditolak, henteu ditarima. Keun baé omongan batur cenah héngkéran pisan. Da naon anu dipigawé ku kuring mah pikeun kuring. Lain pikeun batur. Masing-masing pagawéan jeung anggapan.

Ngan rada éra téh ku kolot. Naha cenak éléhan teuing. Najan tacan apal kana susahna hiji pagawéan, bet ditolak sagala. Kitu cenah. Leuwih alus cobaan heula dilakonan saméméh nolak pagawéanana. Da lamun tacan apal kumaha susahna, kumaha gampangna, moal apal kumaha susah jeung gampangna.

Bener ogé….

(Gambar meunang nginjeum ti http://inisajamostory.blogspot.com/)

Kamonésan Tangtara Indonesia


Ceuk béja mah cenah, tangtara Indonésia mah miboga kamonésan sorangan anu bisa jadi pangbébéda reujeung tangtara-tangtara ti nagara séjén. Lamun di nagara séjén mah, anu ngaranna tangtara téh ngan ukur ngurus jeung miboga pangabisa keur perang wungkul, tangtara Indonésia mah henteu kitu. Tangtara Indonésia mah salian ti nguruskeun ngeunaan perang téh ogé osok nguruskeun hal séjénna. Jadi lain ngan ukur nguruskeun jeung ngeukeuweuk sanjata atawa bedil wungkul anu dipigawéna téh. Tangtara Indonésia mah bisa macul, ngawangun imah atawa sasak pikeun masarakat jeung mantuan gawé babarengan di masarakat.

Tangtara keur gawe babarengan reujeung masarakat

Teu anéh lamun sababaraha waktu katukang mah aya program anu ngaranna AMD (ABRI Masuk Désa). Tangtara anu ngiluan éta program ngilu anclub kana kahirupan masarakat utamana dina masalah gawé babarengan (gotong royong). Lamun aya masarakat anu keur gawé babarengan memener jalan atawa sasak, tangtara ogé miluan gawé babarengan.

Ngan hanjakal éta program téh ayeuna mah geus henteu dipigawé deui. Program AMD (ABRI Masuk Désa) geus henteu dilumangsungkeun deui. Da cenah éta mah program anu dijieun ku pamaréntah Orde Baru anu dipingpin ku Pa Suharto. Sanggeus jaman orde réformasi mah tangtara téh dititah balik deui ka barakna séwang-séwangan pikeun nguruskeun urusan pokona salaku tangtara tukang ngajaga nagara.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.blogspot.com/)