Budak Lalaki mah Kudu Bisa Naék


Salian ti kudu bisa nyieun tali tina awi tali, budak lalaki mah biasana kudu bisa naék kana tangkal kai. Dina nalika ngala suluh jeung ngala bungbuahan, ieu pangabisa téh kacida mangpaatna. Najan leutik kénéh, taya halangan pikeun diajar jeung bisa naék kana tatangkalan. Ngala pangpung di luhur tangkal pikeun dijadikeun suluh, kudu bisa naék. Ngala bungbuahan kayaning rambutan, limus jeung buah, kudu naék kana tangkalna.

Dalah dina nalika arulin ogé apanan barudak hususna barudak lalaki mah osok nalaktak, naraék kana tangkal kopi atawa tangkal jéngkol. Arulin ucing tangkal, perlu pisan bisa naék kana tangkal. Tatalépa ti tangkal kana tangkal anu séjén ogé osok dipigawé, teu sieun-sieun ragrag.

Barudak sakola naek kana tangkal
Barudak sakola naek kana tangkal

Bisa naék kana tatangkalan, alus pikeun modal ka hareupna. Lamun geus tapis mah kana naék téh apanan bisa ngala bungbuahan kayaning kalapa anu susah ngalana, henteu sakabéhna bisaeun. Atuh lamun hayang nutuh dahan tatangkalan supaya henteu hieum kana pepelakan ogé teu sieun deui. Geus biasa ti leuleutik tétérékélan kana tangkal, geus gedé atawa kolotna geus biasa.

Salian ti kusabab perlu pikeun nyumponan pangabutuh, bisa naék kana tangkal téh itung-itung latihan nguatan leungeun jeung suku pikeun nahan awak dina luhur tangkal supaya henteu ragrag. Ditambah ogé supaya henteu sieunan lamun aya di tempat anu jangkung. Moal gampang lewangan jeung sieunan lamun aya di tempat anu jauh tina taneuh. Sahanteuna lamun dititah memener kenténg téh moal sieun ragrag kusabab aya di luhur.

Atuh, tina pangabisa tétérékélan kana tangkal, sanajan siga anu nalaktak, kusabab butuh pikeun arulin reujeung babaturanana, jadi bekel pikeun ka hareupna nalika geus gedé atawa geus kolot.

(Gambar meunang nginjeum ti pesbuk)

Haphap, Cakcak Gedé Anu Bisa Hiber


Haphap anu dipimaksud di dieu mah lain ngaran atawa kecap anu aya pakaitna reujeung iklan sawatara waktu katukang dina tipi. Haphap anu dipimaksud dina ieu tulisan mah mangrupakeun ngaran pikeun hiji jinis sasatoan. Di pilemburan mah aya ngaran sato anu disebut haphap. Sato ieu osok kapanggih di pakebonan anu loba tangkal kaina. Sato ieu hirupna dina tatangkalan. Sedengkeun rupana mah ampir sarua reujeung kadal atawa cakcak. Lamun dibandingkeun reujeung kadal mah, hap-hap leuwih leutik. Sedengkeun lamun dibandingkeun reujeung cakcak, haphap mah leuwih gedé. Najan rupana ampri sarua reujeung kadal atawa cakcak, haphap miboga kamonésan anu teu dipiboga ku kadal jeung cakcak. Kamonésan anu dipibogana nyaéta haphap mah bisa hiber. Ngan hibena henteu bisa jauh-jauh, kusabab haphap hiberna lain ku jangjang sakumaha hiberna manuk. Haphap biasana mah hiber tina tangkal anu hiji kana tangkal anu séjénna.

Haphap

Jangjang haphap anu dipaké pikeun hiber ampri sarua reujeung jangjang kalong atawa lalay. Jangjangna mangrupakeun kulit ipis anu bisa dibébérkeun anu perenahna diantara suku hareup jeung suku tukang. Nalika haphap ngajleng tina luhur tangkal, jangjang ieu mébér anu nahan haphap tina langsung murag kana taneuh. Kuayana jangjang ieu, haphap jadi bisa ngalayang pikeun pindah tina hiji tangkal kana tangkal séjénna anu dideukeuteunana.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.wikimedia.org/)

Calingcing


Buahna warna héjo wangunana lonyod sarta miboga panjangna kira-kira dua buku curuk nepikeun ka saramo. Di jero buahna loba caian. Sedengkeun rasa ieu buah téh lumayan haseum. Buahna ngagarantung dina tangkal reujeung dahan tangkalna. Buahna osok didalaharan ku barudak, sanajan sakadar ngan ukur ngasaan haseumna wungkul.

Buah calingcing dina tangkalna

Cenah, buah calingcing miboga hasiat pikeun obat batuk. Salian ti éta, calingcing ogé ngandung Vitamin C.

Tangkal calingcing mangrupakeun tatangkalan anu masih kénéh saturunan reujeung balingbing. Tangkalna leutik. Jangkungna kira-kira 5 méter nepikeun ka 15 méter. Daunna dina sagagang téh lumayan loba reujeung papasangan, kénca katuhu. Ari kembangna laleutik kaluar tina tangkal atawa dahan tangkal calingcing.

Jati Kasilih Ku Junti


Junti téh mangrupakeun ngaran hiji tangkal anu aya di leuweung. Rupana ampir sarua reujeung tangkal jati. Anu ngabédakeunana mah tangkal junti leuwih leutik, reujeung tangkal junti mah henteu teuas kawas tangkal jati. Salian ti éta tangkal junti mah teu pati kaarah atau tara dimangpaatkeun sakumaha tangkal jati.

Sakumaha anu dipikanyaho ku sakabéhna, anu ngaranna tangkal jati mah kacida mangpaatna pikeun pangwangunan dina kahirupan jalma. Tangkal jati dimangpaatkeun kaina pikeun dijadikeun bahan wangunan saperti tihang, atawa nyieun parabot di imah anu dijieunna tina kai kayaning lomari, korsi, méja. Kai jati mah geus kawentar ku kuat reujeung teuasna. Jadi bisa miboga umur anu lila dipakéna.

Kebon jati

Kusabab kitu, lamun miboga tangkal jati kacida alusna pikeun ka hareupna. Tangkal jati kudu dipiara supaya dimangpaatkeun pikeun kahirupan.

Ari tangkal junti mah, bisa disebutkeun kurang mangpaatna. Teu bisa dijadikeun bahan ngawangun imah-imah acan.
Lamun manggihan kaayaan dimana tangkal jati geus kaéléhkeun ku tangkal junti, bisa jadi kudu ati-ati. Anu gedé mangpaatna bakal kaéléhkeun ku anu saeutik mangpaatna.

Kaayaan ieu biasana mah dilarapkeun kana kaayaan ayeuna hususna di Tatar Sunda. Kaayaan di Tatar Sunda anu pakaitna reujeung budaya Sunda. Budaya Sunda anu diibaratkeun ku tangkal jati, mimiti kaéléhkeun ku budaya deungeun. Loba urang Sunda anu geus mopohokeun atawa ninggalkeun budaya Sunda ku jalan milih atawa maké budaya deungeun. Salaku urang Sunda, tangtuna ogé bakal leuwih alus reujeung payus lamun maké budaya Sunda. Katempo leuwih mangpaatna maké budaya Sunda tibatan make budaya deungeun.

Tapi lain hartina budaya deungeun henteu cocog reujeung urang Sunda. Ieu mah lamun nilik kana kaayaan piraku ngaku urang Sunda anu cicing di Tatar Sunda tapi teu make budaya Sunda….

(Gambar meunang nginjeum ti http://dishut.jatimprov.go.id/)

Ucing Tangkal


Ucing tangkal mah bisa disebutkeun ucing-ucingan anu merlukeun wawanén jeung katapisan leungeun katut suku. Salian ti éta barudak anu maénna kudu geus biasa naék kana tangkal.

Sakumaha ngaranna, ucing tangkal mah ucing-ucingan anu dipaénkeunana dina tangkal. Barudak anu diudag ku budak anu ucing téh kudu naék kanu tangkal. Tangkal anu osok dipaké téh nyaéta tangkal kopi di kebon kopi. Tangkal kopi di kebon kopi mah rata-rata dareukeut, dahan hiji tangkal kopi osok deukeut kana dahan tangkal kopi anu séjénna. Jadi lamun diudag ngaliwatan hiji tangkal kopi, budak anu diudagna bisa tatalépa (pindah) kana tangkal kopi séjénna anu dahanna deukeut. Jadi bisa ngaleupaskeun diri tina udagan atawa inceran budak anu ucing. Salian ti tangkal kopi, bisa ogé maké tangkal séjénna saperti tangkal jéngkol, tangkal jambu jeung tangkal limus. Ngan anu remen dipaké mah tangkal kopi, kusabab alesan tadi téa, ditambah ku tangkal kopi mah biasana teu pati jarangkung teuing kawas tangkal jéngkol. Lamun naék kana tangkal kopi mah sanajan henteu karawél ku budak ti handap anu nangtung dina taneuh, tapi dina naékna teu pati jangkung teuing. Salian ti éta, tangkal kopi mah dahanna lumayan loba jeung lumayan kuat pikeun nahan beurat awak budak anu naék. Dina teu kuatna ogé dahan atawa tangkal kopi mah tara langsung peunggas tapi melendoy (melengkung).
Dina maénna, ucing tangkal mah moal capé teuing kawas ucing lumpat. Da maénna tara lulumpatan. Budak anu ucing, kudu bisa naék kana tangkal supaya bisa néwak budak anu teu ucing. Dina turunna ka handap ogé tara lila, da kudu naék deui kana tangkal supaya henteu langsung diudag.

Budak keur naek kana tangkal

Ku hal ieu, dina maén ucing tangkal barudak anu maénkeunana kudu miboga pangabisa dina naék kana tangkal jeung katapisan dina naékna. Cekelan leungeun kana tangkal kudu kuat, pon kitu deui titincakan suku kudu kuat ogé. Hal anu pokona mah kudu wanian atawa mibiga wawanén atawa luasan. Da lamun sieunan mah bisa-bisa keur naék kana tangkalna téh ragrag ka handap.

Goréngna ucing tangkal mah nyaéta dina ragragna mata cilaka ka budakna. Bisa urat misalah, raheut jeung tatu séjénna gara-gara ragrag tina tangkal. Ngan kusabab makéna tangkal kopi anu teu jangkung teuing, dina ragragna téh teu pati hariwang teuing.

(Gambar meunang nginjeum ti http://sbelen.files.wordpress.com/2009/12/learning-by-doing-on-a-tree.jpg)

Mangpaat Tangkal Kawung


Ngeunaan tangkal kawung, teu leupas tina mangpaat éta tangkal dina kahirupan. Mangpaat anu gedé pikeun kahirupan téh nyaéta mangpaat dina hal dijadikeun pangupa jiwa: bisa dijadikeun sumber napakah. Ieu téh hartina tangkal kawung bisa dimangpaatkeun pikeun ngahasilkeun duit jeungeun bekel kahirupan. Sakumaha anu disebutkeun dina tulisan saméméhna, (ampir) sakabéhna tangkal kawung téh bisa dimangpaatkeun, ti mimiti puhu tangkal nepikeun ka tungtung daun. Jadi tangkal kawung téh loba pisan mangpaatna.

Tangkal kawung

Salian ti mangpaat pikeun sumber napakah, tangkal kawung ogé bisa nyuburkeun taneuh di sakurilingeunana. Taneuh di handapeun tangkal kawung mah biasana osok tiis baseuh. Teu anéh lamun aya kebon anu dipinuhan ku tangkal kawung, karasana téh osok tiis.
Mangpaat tangkal kawung lamun ditilik tina widang ékonomi jeung widang séjénna, nyaéta:

  1. Tangkal kawung bisa dijadikeun sumber gula beureum. Gula beureum tina tangkal kawung mah kacida kareueutna dibandingkeun reujeung gula tina tangkal kalapa.
  2. Tangkalna bisa dijual pikeun dijieun aci.
  3. Injukna bisa dijual ka tukang nyieunan sapu injuk.
  4. Carulukna bisa dijieun cangkaléng.
  5. Langarina bisa dijieun parab domba.
  6. Nyerena bisa dijieun sapu nyéré.
  7. Sarérang kawungna bisa dijieun obat éwateun.
  8. Daun kawung anu ngora bisa dijieun ududeun nyaéta udud daun kawung.
  9. Daunna bisa dijieun hateup saung.
  10. Tangkal anu ngorana bisa dijieun humut.
  11. Ruyungna (tangkal kawung anu teuas) bisa dipaké pikeun pérah pakarang.

Sedengkeun mangpaat pikeun barudak mah nyaéta:

  1. Dahanna bisa dijieun momobilan.
  2. Popotongan tangkal kawung anu dituar tapi teu dimangpaatkeun osok jadi tempat jaradina tunggeu. Tunggeu ook dipaké hareureuy ku barudak.
  3. Langarina osok dipaké babalédogan maké nyéré. Babalédogan pajauh-jauh atawa pakeuna-keuna kana hiji hal.

Baca oge:

  1. Tangkal Kawung
  2. Nyadap Kawung (Bagean Kahiji)

Eundeuk-eundeukan


Eundeuk eundeukan lagoni
Meunang peucang sahiji
Leupas deui ku nini
Beunang deui ku aki

Eundeuk-eundeukan cangkuang
Bale bandung paseban
Meunang peucang pa ujang
Leupas deui ku akang

Eundeuk-eundeukan téh kecap asalna mah eundeuk. Eundeuk téh kecap kaayaan anu hartina henteu cicing atawa bulak-balik ka ditu kadieu. Ngeundeuk-ngeundeuk mah hartina keur migawé pagawéan supaya eundeuk. Sedengkeun ari eundeuk-eundeukan mah mangrupakeun kaulinan barudak anu maénna téh ngeundeuk-ngeundeuk. Anu dieundeuk-eundeuk téh biasana mah dahan tatangkalan anu ngalumbuk ka handap atawa dahan anu pendék (teu jangkung). Bisa ogé anu dieundeuk-eundeukna téh tangkal anu dituar terus éta tangkal téh ngangkang (tungtung atawa congo tangkalna henteu adek kana taneuh). Éta anu dieundeuk-eundeuk téh (dahan atawa tangkal) didiukan atawa dicicingan ku barudak, saterusna mah dieundeuk-eundeuk.

Dina prak-prakanana eundeuk-eundeukan, anu penting mah barudak téh gumbira, bisa hareureuy. Ieu kaulinan téh lir ibarat ayun-ayunan. Anu sieunan mah osok diheureuyan ka barudak séjénna supaya sieuneun atawa reuwaseun, anu wanian mah osok ngahajakeun ngeundeuk-ngeundeukna téh sing tarik pisan.

Tangkal anu rungkad bisa dipaké pikeun eundeuk-eundeukan

Ari dahan anu dieundeuk-eundeukna, biasana mah anu kuat henteu gampang potong. Salian ti éta ogé anu rada leuleus, lain dahan anu heuras. Da anu heuras mah susah dieundeuk-eundeukna. Anu kuat tur rada leuleus mah gampang pisan pikeun dieundeuk-eundeukna.

Dina kaulinan eundeuk-eundeukan, barudak henteu dikudukeun nyieun bahan. Da bahan anu diperlukeun mah ngan ukur dahan atawa tangkal rungkad (tangkal meunang nuar). Ngan barudak kudu bisa neangan dahan atawa tangkal anu alus pikeun eundeuk-eundeukan. Dahan anu kuat pikeun nahan beurat kabéh budak anu ngiluan eundeuk-eundeukan.

Sedengkeun mangpaat ieu kaulinan mah leuwih condong kana supaya gumbira wungkul. Kumaha supaya barudak téh bisa galumbira.