Tangkal Kawung


Tangkal kawung mangrupakeun salasahiji tatangkalan anu loba mangpaatna. Ampir kabéh bagéan tangkal kawung bisa dimangpaatkeun pikeun kahirupan jalma. Ti mimiti tangkal nepikeun ka buah jeung kembangna bisa dimangpaatkeun. Ngan akarna anu arang langka dimangpaatkeun mah. Paling mangpaat akar mah pikeun nyuburkeun taneuh kusabab loba neundeun cai hujan saméméh ngocor ka jero taneuh.

Tangkal kawung biasana mah jaradina di kebon atawa di sisi leuweung. Tangkal jarangkung ngelekeceng, bisa nepikeun ka 25 méter jangkungna. Sedengkeun gedéna bisa leuwih ti satangkeupan jalma. Tangkal kawung biasana mah osok dibungku ku injuk. Tangkal kawung euweuh dahanan, paling aya ogé dahan anu nyambung langsung kana daun anu panjangna bisa nepikeun ka lima méter. Dahan ieu lamun geus nepi kana waktuna osok murag da geus kolot. Daunna saperti sirip lauk kénca-katuhu. Panjang daunna kira-kira saméter satengah.

Daun tatangkalan kawung di kebon
Ari kembangna anu disebut langari osok kaluar tina deukeuteun urut dahan kawung. Kembangna anu ligar mah osok jadi caruluk. Langari anu henteu bisa jadi caruluk osok disadap pikeun diarah cai gulana. Sedengkeun ari caruluk mah osok diarah cangkaléngna. Caruluk ieu miboga getah anu matak ateul. Lamun tépa kana kulit matak garo ganyang. Ku barudak anu lengger mah osok dipaké balur papanahan lamun peperangan.

 

Mangpaat séjénna: tangkalna bisa dipaké watang parabot saperti patik, da kacida teuasna, jero tangkalna bisa dijadikeun aci. Injukna bisa dijadikeun panutup imah atawa hateup jeung panutup wuwung; bisa ogé dijadikeun sapu. Daunna bisa dijadikeun sapu nyéré. Sedengkeun daun anu ngorana bisa dijadikeun roko daun kawung. Bagéan tangkal anu ngorana bisa diarah diajdikeun pasakan anu ngaranna humut.

Baca oge:

  1. Nyadak Kawung (Bagean Kahiji)