Cikondang, Tampian Baheula Kari Waasna


Keur acan loba sumur di lembur mah, lamun mandi atawa ngala cai téh osok ka tampian. Kabeneran tampian di lembur mah lumayan loba jugjugeun, ti mimiti anu deukeut nepikeun ka anu jauh. Ampir kabéh urang lembur harita mah marandina téh di tampian. Atuh tampian téh jadi salasahiji tempat pangjugjugan urang lembur. Ti pasusubuh kénéh tampian téh geus rame ku mandi jeung ngala cai kusabab embung kabeurangan. Pabeubeurangna waktu Lohor nepikeun ka burit (Maghrib), tampian mimiti ramé deui kunu ngadon mandi satutasna digarawé di kebon. Pikeun barudak mah, tampian téh jadi salasahiji tempat pangulinan jeung hareureuy. Bari nungguan giliran mandi, hareureuy heula di sisi balong.

Ayeuna, kaayaanana geus robah. Sanggeus urang lembur loba anu nyarieun sumur di deukeuteun imah-imahna, tampian téh jadi tiiseun. Henteu ramé kawas baheula. Anu ngadon mandi atawa ngala cai téh bisa diitung kénéh maké ramo. Ngan ukur sababaraha urang anu masih kénéh osok ka tampian téh. Teu anéh atuh lamun aya tampian anu salin jinis lain tampian deui. Tampian anu cur-cor caina dina pancuran katut balongna jeung saung atawa tajug deukeuteun tampian téh geus taya deui. Kitu anu kajadian reujeung tampian anu aya di Cikondang.

Tampian Cikondang anu salin jinis jadi tegalan
Tampian Cikondang anu salin jinis jadi tegalan

Cikondang baheula mah mangrupakeun tampian anu jadi pangjugjugan lamun tampian di Cilembur pinuh kunu ngadon mandi. Sababaraha siki pancuran di sisi balong téh ngocor cai lumayan gedé. Matak tiis kana awak katut pipikiran. Dikurilingan ku pakebonan di pasir (gunung leutik) matak waas nempona. Dangdaunan héjo ngémplo mapaésan tatangkalan anu ngajarega. Ayeuna kari waasna. Tampian katut balong jeung sawah di hilirna, geus salin jinis jadi tempat anu hara-haraeun teu kaurus.

Mandi dina Wanci Subuh


Réngsé saur saacanna waktu solat subuh, biasana mah ribut indit ka cai pikeun mandi. Maksudna mah supaya ulah tinggaleun Solat Subuh. Salian ti éta supaya Solat Subuhna henteu nundutan atawa lulungu. Jeung deui matak berséka lamun mindeng mandi mah. Ngan aya hiji anu matak hanjakalna téh.

Naon atuh anu matak hanjakalna?

Pancuran di tampian

Hanjakalna mah, anu ngaranna waktu Subuh mah di mamana ogé pasti tiris. Komo deui ieu mah di pasisian pilemburan. Jabaning tampian téh apanan di sisi kebon jeung caina ngocor langsung tina sirah cai. Hawa subuh anu matak tiris katutuh ku cai anu tiris ogé. Bati ngahodhod waé. Acan ogé mandi geus ngadégdég tiris. Karék ogé nyabak cai, karasa mani nyecep kana kulit. Matak embung mandina. Tiris pisan.

Tapi najan diembung-embung ogé da dipaksa waé kudu mandi. Piraku indit ka cai henteu mandi. Arék nanaonan ngilu ka cai lamun henteu mandi mah. Kitu saurna téh. Lamun murengked kénéh, aya hiji anu jadi pangolo panungtungan. Saurna téh, tiris soténan keur mandina, da enggeus mandi mah bakal haneut. Nya, najan tiris ogé kapaksa waé mandi. Bener ogé karasa, sanggeus mandi mah karasa haneutna. Da basa mandina mah karasa tiris matak ngahodhoda téh. Tapi sanggeus mandi mah jadi haneut disimbut maké anduk téh. Teuing bakating ku tiisna cai meureunan, jadi hawa biasa ogé jadi rada haneut.

Éta mah kabiasaan baheula mangsa mandi osok ka tampian. Da ayeuna mah mandi téh teu kudu ka tampian deui. Di imah geus aya sumur, teu pati tiis teuing di imah mah.

Babalédogan ku Batu kana Cai Balong


Babalédogan ieu mah biasana dipigawéna di tampian anu aya balongan. Balong anu dipakéna téh kudu anu lega atawa panjang. Tujuanana supaya ngabogaan ambahan pikeun malédogkeun batu atawa kenténg atawa taneuh anu dibalédogkeunana. Kaulinan ieu mah biasana ngan ukur dipigawé waktu nungguan cai suwung atawa bagéan mandi di tampian. Lamun tampianana pinuh, nya bisa maén babalédogan heula. Maén babalédogan kana cai ieu mah tujuanana nyaéta supaya batu atawa kenténg atawa naon waé anu dibalédogkeunana téh bisa anjleng-ajlengan dina cai nepikeun ka sababaraha ajlengan. Anu alus mah nyaéta anu batu dibalédogkeunana téh bisa nepikeun ka sababaraha kali ajlengan.

Dina prak-prakanana, bisa jadi lomba atawa paalus-alus diantara barudak anu maénna. Anu panglobana ajlengan, éta anu onjoy atawa anu meunang. Ngan meunangna ieu sawates agul wungkul, teu nepikeun ka meunang hadiah nanaon. Anu jadi catetan, teu kabéh batu atawa kenténg anu dibalédogkeun bisa ajleng-ajlengan di luhureun cai balong. Da lolobanana lain ngajleng tapi kalahka tilelep ka jero balong.

Babalédogan kana cai balong

Lamun hayang bisa ajleng-ajlengan téh, kudu bisa milih bahan anu bakal dibalédogkeunana reujeung cara malédogkeunana. Bahan anu bisa dipaké biasana mah batu anu rada lémpar atawa ipis atawa milih kenténg anu dibaledogkeunana. Dina cara malédogkeunana ogé kudu luyu jeung cara malédogkeun anu alus. Cara malédogkeunana lain dipelentungkeun, tapi dibalédogkeunana kudu datar jeung kudu tarik malédogkeunana.

Lamun bener carana, éta batu anu dibalédogkeun téh henteu langsung tilelep waktu keuna kaca cai, tapi ngajleng. Lamun geus ngajleng kitu, bakal keuna deui kana cai. waktu keuna deui kana cai, anu alus pisan mah henteu tilelep, tapi ngajleng deui. Kitu saterusna nepikeun ka tilelepna. Ajlengan anu biasana mah paling tilu atawa opat kali ajlengan.

Dikuramas


Waktu geus nyérélék waé. Panon poé geus ngiser lingsir ngulon, sakeudeung deui ogé bakal datang cicirén ti masigit. Sakeudeung deui bakal aya anu nakol dulag, méré tanda pikeun urang lembur anu arék dikuramas. Geus jadi kabiasaan, unggal arék ngalaksanakeun puasa téh urang lembur osok dikaruramas heula. Urang lembur téh marandi bari dianggir. Anggirna mah aya anu maké sampo aya ogé anu maké daun sampeu anu daunna téh paranjang leutik (sampeu naon nya…? Poho deui lah ngaranna mah). Tapi anu teu resep dianggir mah, tara dianggir, ngan ukur mandi biasa waé.

Atuh di tampian téh osok pinuh ku urang lembur anu ngadon dikuramas. Ngan kaayeunakeun mah, sanggeus nyarieun sumur, anu ngadon dikuramas di tampian téh ngan ukur anu teu bogaeun sumur.

Waktu beuki nyérélék….

Tampian

Teu lila, ti masigit geus aya anu nakol bedug, ngadulag méré tanda geus waktuna dikuramas. Atuh si Acim gura-giru indit ti imahna bari mamawa anduk. Manéhna muru ka imahna si Omon. Sanggeus nepi ka deukeuteun imahna si Omon, manéhna terus ngageroan si Omon ti buruan imah, ngajak buru-buru indit ka tampian. Sanajan manéhna jeung si Omon geus ngabogaan sumur, maranéhna ngahajakeun waé dikuramasna téh di tampian.

“Supaya ramé waé di tampian mah. Soalna lamun di imah mah moal ramé.” Kitu alesanana si Acim ka si Omon téh. Itung-itung ngolo supaya si Omon daékeun dikuramas di tampian.

“Saha waé kitu?” Si Omon masih kénéh acan satujueun.

“Nya jeung babaturan ulin urang, si Duyéh, si Uju jeung nu séjénna.” Ceuk si Acim nataan babaturan anu séjénna anu bakal bareng dikuramas di tampian.

“Nya lamun kitu mah.” Ahirna mah si Omon éléh déét. Nyatujuan kana kahayang si Acim.

“Tapi engké sampeur ka imah nya?” Pokna si Omon méré sarat.

“Nya heug lah.” Témbal si Acim sanggeus meunang kapastian kitu mah.

Kasambang


Wanci pecat sawed, urang lembur mani gujrud, untungna téh ngan ukur ibur salembur henteu nepikeun ka éar sajagat. Cenah Bi Ocoh kakeunaan ku panyakit anéh, siga anu muriang. Awakna ngagibrig. Tapi, lain anéh-anéh teuing ieu mah, gujrud téh pédah waé panyakitna lain panyakit biasa. Ceuk Mang Lili, tatangga sabeulahna Bi Ocoh anu nganteurkeun Bi Ocoh ti deukeuteun tampian, cenah panyakit nu nerap ka Bi Ocoh téh kusabab katoél ku mangkeluk séjén, diganggu mangkeluk anu teu katempo. Nya istilahna mah katépaan ku jurig.

Tatangga anu dareukeut mah atuh pahibut ngahajakeun ngalongok ka imahna Bi Ocoh. Anu jauh ogé aya anu maksakeun. Anak-anakna Bi Ocoh pahibut néang Bah Minta pikeun mangjampekeun indungna. Atuh, Bah Minta anu eukeur magawé di kebon ogé disusulan heula. Kudu balik heula.

Nya Bah Minta kapaksa balik heula. Jeung da geus kawajiban manéhna pikeun tutulung ka batur, komo da éta mah sasat tatangga salembur. Nepi ka imahna Bi Ocok, Bah Minta ménta supaya Bi Ocoh digolérkeun di tengah imah. Ditambah ogé kudu meuli menyan jeung disadiakeun parupuyan. Budakna Bi Ocok teu talangké deui, da hayangeun indungna gancang cageur. Nu saurang nyadiakeun parupuyan, anu saurang deui mah meuli menyan ka warung, anu duaan deui dibantuan ku tatanggana mindahkeun indungna ti kamar ka tengah imah.

Sanggeus dipariksa ku Bah Minta, nya kapanggih waé sabab musabab Bi Ocoh katarajang panyakit anéh téh. Ceuk Bah Minta éta mah lain panyakit biasa. Jadi moal bisa diubaran ku ubar ti warung atawa dokter. Da panyakit ieu mah kusabab aya mangkeluk anu teu katempo anu ngarasa kanganggu ku kalakuan Bi Ocoh.

Tampian

Ahirna mah Bi Ocoh téh ku Bah Minta dijampé. Disieuhkeun mangkeluk anu teu katempona. Ngajampéna ogé lumayan lila, sigana mah Bah Minta jeung éta mangkeluk anu ngaganggu atawa ngarasa kanggu ku Bi Ocoh téh keur silih tawar. Haseup mani ngebul tina parupuyan anu aya di hareupeun Bah Minta anu keur nyanghareupan Bi Ocoh anu ngedeng dina samak bari diharudung ku samping. Ku Bah Minta, éta haseup téh sakali-kali mah ditiup supaya keuna kana awakna Bi Ocoh. Ari Bi Ocoh mah cicing waé, ngan ukur panonna anu gular-giler. Teuing sadar teuing henteu. Da cicing waé teu nyarita.

Ari anak-anakna Bi Ocoh mah ngariung waé di deukeuteun Bi Ocoh. Anu saurang mah, anu awéwé, mani carinandak. Jigana mah sieun indungna kukumaha. Anu tiluan deui mah, da lalaki, caricing waé bari melong ka Bah Minta. Sedengkeun tatangga séjénna aya anu dariuk di tengah imah, ngariung. Aya ogé anu ngadon nangtung di lawang panto nyérangkeun anu keur dirariung. Nu teu kakabagéan tempat, ngariung di buruan bari ngalobrol pating kecewis.

Anu didago-dago téh ahirna mah datang ogé. Bah Minta terus eureun ngajampéna. Terus Bah Minta ménta supaya Bi Ocoh ulah ngalakukeun deui pagawaéan anu geus dipigawéna tadi isuk-isuk. Bi Ocoh ngan ukur unggeuk.
Bah Minta ménta cai hérang kanu gelas. Sanggeus disadiakeun ku anakna Bi Ocoh, Bah Minta ngajampé éta cai. Sanggeus réngsé Bah Minta nitah supaya éta cai dina gelas téh diinumkeun ka Bi Ocoh. Budak Bi Ocoh anu panggedéna teu talangké deui.

“Tungguan waé nepi ka beurang. Sugan bisa gancang cageur.” Ceuk Bah Minta bari nangtung terus pamitan kanu boga imah. Nu séjénna, tatanggana Bi Ocoh balubar baralik ka imahna séwang-séwangan. Aya ogé anu neruskeun pagawéanana di kebon.

Ciri Sabumi Cara Sadésa


“Mon, cenah lanceukna si Duyéh téh geus balik deui ti dayeuhna?” Si Acim nanya ka si Omon, “bener éta téh?”

“Heu-euh cenah mah.” si Omon ngaheueuhkeun.

“Kunaon nya? Apanan kakara dua minggu kamari lain indit ka dayeuhna téh?” Si Acim héraneun, sigan nanya ka dirina sorangan. “Teu betah kitu di dayeuhna.”

“Lain cenah mah lain teu betah.” Témbal si Omon.

Pancuran

“Kunaon atuh nya…?”

“Aya anu ngabéjaan mah cenah gara-gara cai.” Ceuk si Omon bari ngahuleng.

“Gara-gara cai…?” Si Acim melong.

“Heueuh, teu pira sababna mah. Ngan ukur ngeunaan cai wungkul.” si Omon ngajéntrékeun.

“Maksudna teh kumaha? Bet gara-gara cai bet bisa balik deui ka lembur?” Si Acim héran jeung panasaran, “naha di dayeuh mah euweuh cai kitu? Béda jeung di urang sanajan rada jauh ogé, apanan cai mah moal kakurangan.”

“Lain euweuh cai cenah mah.”

“Terus…?”

“Ceuk tatangga kuring mah…, naon nya kamari téh…,” si Omon ngahuleng. Nginget-nginget obrolan tatanggana waktu kamari.

Si Acim milu cicing. Ngadagoan si Omon neruskeun omonganana.

“Eh, heueuh. Gara-gara cai…,” si Omon deui.

“Ah, manéh mah. Apanan éta mah enggeus tadi ogé.” Si Acim megat omongan si Omon.

Si Omon teu maliré kana ucapan si Acim. “Ieu cenah, sababna mah. Apanan lamun di urang mah cai anu di tampian téh tara dicocokan, nya? Bener lin?”

Si Acim unggeuk, nyatujuan omongan si Omon.

“Tah di dayeuh mah apanan anu ngaranna cai téh kudu meuli. Jadi cai téh ulah diawur-awur, ulah dipiceunan.” Si Omon neruskeun ucapanana.

“Pakaitna jeung lanceukna si Duyéh?” Si Acim tacan ngarti kana maksud si Omon.

“Enya, sababna mah éta, cai tina kokocoranana téh tara dicocokan.” Ceuk si Omon.

Si Acim ngahuleng kénéh. Bingung.

“Kieu atuh. Di dayeuh mah cai tina kokocoran téh kudu ditutupan supaya ulah kapiceun da kudu dibayar. Sedengkeun di urang mah pancuran téh ulah dipendet, ulah dicocokan da bisi bedah tempat caina.” Si Omon ngajéntrékeun. “Tah, meureunan lanceukna si Duyéh téh geus biasa tara nyocokan cai pancuran, jadi waé cai anu di imah dununganana téh tara dicocokan. Jadi waé caina téh kapiceunan. Mangkaning cenah ti isuk nepikeun ka beurang.”

“Oh…, kitu. Kakara ngarti atuh lamun kitu mah.” Si Acim nepak tarang manéhna. “Gara-gara éta nya….”

“Heu-euh. Eta téh cenah lain sakali dua kali, ampir unggal poé. Da poho meureunan najan geus dipapatahan ogé.”

“Jadi, lamun kitu mah balikna téh lain teu betah nya, tapi kusabab dititah balik ku dununganana jigana mah.”

“Bener…! Sarantuy pikeun Acim.” Ceuk si Omon ngaheureuyan si Acim bari ngacungkeun jempolna.

Si Acim nyenghél.