Budak Lalaki mah Kudu Bisa Nyieun Tali tina Awi Tali


Tali anu dijieun téh biasana mah dipaké pikeun nalian suluh atawa parab (parab domba/sapi). Tali anu dijieunna tina tangkal awi tali. Nyieun tali tina leunjeuran awi teu bisa kitu waé. Budak anu nyieun tali kudu miboga wawanén pikeun ngahua atawa meulahan leunjeuran awi jadi tali anu aripis. Henteu pauran dina kuduna maut huaan awi tali anu aya hinisan. Teu sieuneun raheut kabesét ku hinis.

Rungkun awi tali

Barudak anu osok ngala suluh mah geus biasa lamun kudu nyieun tali pikeun meungkeut suluh tina tangkal awi tali téh. Salian ti gampang manggihanana (manggihan rungkun awi tali), ogé tali anu tina tangkal awi tali mah lumayan kuat pikeun nalian suluh téh. Moal matak pegat. Ngan teu sakabéhna budak anu osok ngala suluh bisaeun nyieun tali tina awi tali. Aya ogé anu henteu bisaeun.

Pikeun anu henteu bisaeun mah biasana osok ménta pangnyieunkeun atawa néangan areuy atawa aakaran pikeun nalian suluhna. Aareuyan kayaning areuy geureung osok dipaké pikeun nalian beungkeutan suluh. Bisa ogé maké kulit tangkal tisuk pikeun talina. Ngan nya kitu téa, anu teu bisaeun nyieun tali tina tangkal awi tali mah osok dipoyokan ku babaturan séjénna. Pajarkeun téh piraku lalaki teu bisa nyieun tali….

Kelom Batok


Kélom batok

Di lembur mah ngaranna téh lain kélom batok, tapi sesendalan tina batok kalapa. Milih ngaran ieu pédah waé aya anu ngabéjaan cenah anu kitu téh biasa dingaranan ku kélom batok. Nilik kana ngaranna mah sarua baé, nuduhkeun hal anu sarua. Kélom téh ngaran pikeun sendal anu dijieunna tina kai, ampir sarua reujeung sendal capit. Jadi antara kélom reujeung sesendalan mah nya éta-éta kénéh. Sedengkeun ari batok, nyaéta cangkang kalapa anu teuasna. Jadi kélom batok téh mangrupakeun kaulinan barudak anu wujudna sesendalan anu dijieunna tina batok kalapa. Sanajan wujudna sarua reujeung sendal, tapi henteu sarua reujeung sendal capit. Pon kitu deui reujeung cara makéna.

Batok kalapa (asal poto: http://www.antarasumut.com/wp-content/uploads/2010/02/batok3.jpg)

Bahan jeung Alat anu digunakeun

Pikeun nyieun kélom batok, teu merlukeun bahan anu loba reujeung matak nyusahkeun. Anu rada susah téh paling ogé kalapana. Bahan anu diperlukeun nyaéta tali (bisa tali rapia atawa tali tina tangkal awi atawa tali tina areuy), batok kalapa (kalapana anu geus kolot) reujeung péso atawa bedog.

Cara nyieun Kélom Batok

Cara nyieun sesendalan tina batok mah rada gampang. Batok kalapa anu diarah téh kudu anu alus kénéh, dina harti henteu beulah reujeung kudu kuat. Kusabab kitu, dina nyieunna kudu milih batok kalapa anu kolot. Batok kalapa anu alus kénéh téh dibagi dua, luhur reujeung handap. Ngabagina kudu sarua ulah gedé sabeulah atawa jangkung sabeulah. Tina sahulu kalapa téh bisa dijieun dua sesendalan. Sanggeus dibeulah, bujurna atawa tungtungna éta batok kalapa dibolongan lamun acan bolong. Bolongna ulah gedé teuing, sacukupna waé, sagedé tali anu digunakeun. Terus nyieun atawa motong tali dua siki, panjangna kira-kira sadeupa. Dina tungtung éta tali téh dijieun bebendul atawa ditalian maké rokrak supaya ngabendul. Bebendul éta téh dijadikeun anu nahan supaya tali ulah leupas tina batok kalapa. Éta tali téh diasupkeun kana liang dina batok kalapa, bebendulna diteundeun di jero batok.

Cara Maénkeun Kelom Batok

Dina maénkeunana, éta sesendalan téh dipaké sendal ku budak. Dampal suku ditapakeun kana tonggong batok kalapa, sedengkeun talina dicekelan ku dua leungeun supaya batok kalapana henteu leupas tina dampal suku. Éta sesendalan téh bisa dipaké balap atawa ngan ukur leuleumpangan wungkul.

Maen kelom batok (asal poto: internet)

Mangpaat Kélom Batok

  1. Mangpaat tina ieu kaulinan, bisa ngajarkeun ka barudak kumaha cara ngamangpaatkeun bahan anu aya di sakurilingeun.
  2. Dina maénkeunana, bisa jadi hiji lomba balap lumpat atawa paheula-heula.
  3. Disagédéngeun éta, barudak ogé diajar kumaha cara supaya henteu labuh tina éta sesendalan. Diajar ngajaga kaparigelan awak.

Diajar tina Ayun-ayunan (Bagean Katilu)


Dina maén ayun-ayunan, aya hal anu bisa dijadikeun tengetaneun. Nyaéta ngeunaan ayunan. Da anu ngaranna yaun-ayunan mah cara maénna teh diayun-ayun. Ayun-ayunan aya pakaitna reujeung pangajaran Fisika di sakola ngeunaan ayunan (Getaran).

Dina maénna, aya dua rupa. Aya anu ayun-ayunanana téh kusabab diayun-ayun. Aya ogé anu diayunkeun ku sorangan. Anu diayunkeun ku sorangan mah, ayun-ayunanana téh henteu diayunkeun ku batur, tapi maké bantuan suku ku jalan diulang-ulang ka hareup ka tukang di handapeun pangdiukan ayunan.

Ari ayunan anu diayun-ayun mah kudu aya budak anu daékeun ngayun-ngayun. Biasana anu ngayun-ngayunna téh cicingna di tukangeun anu diayunkeunana.

Gambar ayunan

Dina maenkeunana ogé, lamun barudakna piligenti, biasana mah osok lomba pajangkung-jangkung atawa pajauh-jauh ngayunkeunana. Sanajan henteu langsung katempo anu meunangna, tapi osok ngabogaan rasa resep atawa agul lamun bisa ngayunkeun ayunanan téh pangjauhna atawa pangjangkungna.

Dina hal séjén, bisa ogé pikeun ngareureuwas budak séjén, utamana lamun ngayunkeun éta ayunan téh kujalan diayunkeun ku hudak séjén. Budak anu ngayunkeun ayunan, osok ngahajakeun ngayunkeun ayunanana téh sing jauh atawa jangkung. Supaya budak anu diayunkeunana téh reuwas atawa jadi paureun.

Jadi lamun dikaitkeun reujeung pangajaran Fisika mah, maén ayun-ayunan téh mangrupakeun hiji prak-prakan tina téori Fisika ngeunaan Getaran atawa Ayunan.

Dina pangajaran Getaran/Ayunan aya anu disebut: Gaya (F), massa benda (m), Percepatan gravitasi (g), Sudut simpangan, panjang tali (l), jeung simpangan getaran (x). Lamun diterapkeun kana ayun-ayunan mah, gaya téh mangrupakeun gedéna tanaga anu kudu dikaluarkeun ku budak waktu ngayunkeun éta ayunan. Massa benda bisa disebut ogé ku massa (beurat budak) anu diuk dina ayunan, percepatan gravitasi mah gancangna gravitasi, sudut simpangan mah aya hubunganana reujeung gedéna sudut atawa méngkolna tali ayunan tina tali lamun ngagantung. Sedengkeun panjang tali sarua eujeung panjang tali ayunan, terus simpangan getaran aya hubungana reujeung jauhna ayunan tina ayunan lamun cicing.

Ngeunaan itung-itungan Fisika anu leuwih jéntré bakal dituliskeun dina tulisan séjén.

Baca oge:

  1. Diajar tina Ayun-ayunan (Bagean Kahiji)
  2. Diajar tina Ayun-ayunan (Bagean Kadua)

Diajar tina Ayun-ayunan (Bagean Kadua)


Dina nyieun ayun-ayunan, hususna anu maké tali, barudak ogé diajar pikeun ngukur kumaha supaya éta tali téh sarua panjangna, ulah nepikeun ka panjang sabeulah. Soalna lamun panjang sabeulah bisa-bisa pangdiukan éta ayun-ayunan téh jangkung sabeulah atawa déngdék.

Kadang lamun nyieunna lain ku saurang bisa waé panjang sabeulah. Nya ngakalana, dina ngagantungkeunana kudu dikira-kira jeung kudu diukur sarua henteu jangkung sisi pangdiukanana.

Sanajan dina ngukur talina sarua, kadang tempat ngagantungkeun éta ayun-ayunan téh henteu satua. Osok aya tempat ngagantungkeun ayun-ayunan téh jangkungna henteu sarua, jangkung sabeulah. Ieu hususna lamun ngagantungkeun ayun-ayunanana dina dahan tatangkalan.

Ayun-ayunan (asal poto: facebook.com)

Kuhenteu saruana tempat ngagantungkeun ayun-ayunan ieu, barudak dikudukeun néangan cara (kudu bisa ngukur atawa ngira-ngira) kumaha supaya tempat pangdiukan ayun-ayunana tetep henteu jangkung sabeulah.

Ngeunaan jangkungna pangdiukan ayun-ayunan tina taneuh ogé, kudu jadi pikiraneun barudak. Ulah nepikeun ka pangdiukanana téh jangkung teuing atawa pendék teuing. Lamun pendék teuing atawa komo nepikeun ka ngagangsarna, moal ngeunaheun dina maénkeun ayun-ayunanana ogé. Sedengkeun lamun jangkung teuing, bakal nyusahkeun barudak dina diukna. Nyieun ayun-ayunan téh kudu pas atawa ngeunaheun dina ngayunkeunana.

Baca oge:

  1. Diajar Tina Ayun-ayunan (Bagean Kahiji)
  2. Diajar tina Ayun-ayunan (Bagean Katilu)

Diajar tina Ayun-ayunan (Bagean Kahiji)


Dina nyieun ayun-ayunan aya sababaraha hal anu bisa dijadikeun bahan diajar pikeun barudak. Boh dina mangsa nyieunna, boh dina maénna. Dina nyieun ayun-ayunan, barudak kudu apal kana bahan jeung kumaha cara nyieunna. Bahan anu alus jeung kuat kudu bisa ngimbangan kana beurat awak budak anu bakal ngadiukan atawa tumpak kana éta ayun-ayunan. Pon kitu deui kana kakuatan dahan anu bakal dipaké ngagantungkeun éta ayun-ayunan. Saméméh nyieun ayun-ayunan, biasana barudak anu arék nyieun ayun-ayunan téh osok nyoba heula kakuatan tali anu bakal dijieun tali ayun-ayunan. Nyobana ku jalan ditarik tungtung pada tungtung. Di dinya bisa kabaca kakuatan éta tali. Lamun kakara ogé ditarik geus pegat, hartina éta tali teu bisa dipaké pikeun tali ayun-ayunan.

Jadi pangajaran anu kahijina nyaéta kumaha carana supaya meunang tali anu kuat, bisa naha beuratna anu bakal dijieun ayun-ayunan. Lamun dikaitkeun reujeung pangajaran di sakola mah aya anu ngaranna pangajaran Fisika ngeunaan besot (pegas). Dina hal ieu pangajaran aya itung-itungan kumaha kakuatan besot lamun ditarik make beungbeurat. Da tali teh lamun dina pangajaran ieu mah bisa diibaratkeun besot anu élastis (Modulus Elastis). Ngeunaan hal ieu anu leuwih panjangna bakal dibéjérbéaskeun dina tulisan anu husus.

 

Ayun-ayunan (asal gambar: facebook.com)

Anu penting mah, dina maén ayun-ayunan téh aya hal anu bisa dikoréhan, utamana kucaha cara nerapkeun pangajaran di sakola anu lobana mah ngan ukur téori wungkul. Susuganan sanajan ngaranna mah kaulinan barudak, tapi di jerona mah aya eusi anu mundel pikeun bekel diajar.

Baca oge:

  1. Diajar tina Ayun-ayunan (Bagean Kadua)
  2. Diajar tina Ayun-ayunan (Bagean Katilu)

Ayun-ayunan


Ari ayun-ayunan mah mangrupakeun hiji ngaran pikeun kaulinan barudak anu nyarupaan kana ayunan pikeun kolot anu ngayunkeun budakna anu masih kénéh orok supaya gancang saré jeung tibra saréna. Lamun kolot mah nyieun ayunan pikeun orok téh osok maké samping kebat anu digantungkeun kana palang di imah, ari barudak mah biasana nyieun ayun-ayunana téh osok dina dahan tatangkalan. Naha tatangkalan anu aya di buruan imah atawa di tempat arulin barudak. Tatangkalan anu osok dipaké pikeun nyieun ayun-ayunan téh nyaéta tangkal kopi, tangkal jéngkol, rambutan atawa tatangkalan séjénna. Pokona mah tatangkalan anu gampang kahontal pikeun barudak, pangpangna dahan éta tangkal téh gampang pikeun nalikeun atawa ngagangtungkeun ayun-ayunan anu dijieun. Salian ti éta ogé, dahan anu dipaké pikeun ngagantungktun ayun-ayunan téh kuat lamun ayun-ayunana dipaké ku barudak.

Ayunan pikeun orok (foto meunang ngundeur ti: http://bp3.blogger.com/_x9bDHzhLbY4/R_G7kHPMjXI/AAAAAAAAAZo/gYB3SoUZpWU/s1600-h/Baayun+Maulid+1.jpg)

Ayun-ayunan ieu sahenteuna aya dua jinis, lamun ditempo tina wangunana atawa rupana: aya ayun-ayunan tina tali, bisa tali tina awi tali atawa tali rapia atawa tina areuy anu kuat. Aya ogé ayun-ayunan anu dijieunna tina leunjeuran awi (hususna awi tali). Jadi anu ngabédakeunana téh bahan atawa rupa bahan anu dipakéna.