Sakadang Monyét Maling Suling Sakadang Kuya


Sora suling téh kadéngéeun ku Sakadang Monyét.

“Alah, aya ku ngeunah éta sora suling. Saha anu niupna nya?” gerentes Sakadang Monyét.

Sakadang Monyét gagancangan néangan lebah datangna sora. Ari bréh, gebeg, sihoréng Sakadang Kuya anu niup suling téh. Jorojoy aya niat hayang ngarebut éta suling.

Sanggeus ngahuleng sakedapan, tuluy nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.

“Sakadang Kuya! Sakadang Kuya!”

Sakadang Kuya teu eureun niup sulingna. Lain teu nyahoeun aya Sakadang Monyét, ngan api-api teu nyaho wé.

“Sakadang Kuya, meni alus suling téh. Sorana gé meni genah kadéngéna,” ceuk Sakadang Monyét.
Sakadang Kuya teu ngawaro.

“Cik ah, nginjeum sakeudeung wé.”

Sakadang Kuya eureun niup sulingna. Pok ngomong, “Nginjeum? Ih, ulah. Ieu mah lain suling samanéa, dijieunna ogé tina tulang maung.”

“Sakeudeung wé atuh.”

“Ulah, ah, bisi dibawa kabur!”

“Maenya teu percaya ka uing, apan urang téh lain wawuh anyar-anyar.”

“Anu matak teu dibikeun ogé kitu, sabab uing apal ka Sakadang Monyét téh. Apal luar-jerona, lah.”

Sakadang Monyét ngahuleng sakedapan.

“Kieu wé atuh, salila uing niup suling, pék tah gégél buntut uing,” ceuk Sakadang Monyét bari ngasongkeun buntutna.

“Heug atuh ari kitu mah,” ceuk Sakadang Kuya bari mikeun suling ka Sakadang Monyét.

Sakadang Monyét diuk dina dahan anu handap, ari Sakadang Kuya ngégél buntut Sakadang Monyét.

Sakadang Monyét niup suling.

Trét-trot trét trot,
Suling aing tulang maung,
Ditoktrokan ku caladi,
Diliangan ku bangbara,
Dipasieup ku sireupeun,
Torotot héong, torotot héong.

“Sakadang Kuya, ulah lebah dinya ngégélna, di dinya mah urut borok. Cik handapan saeutik!” ceuk Sakadang Monyét.

Sakadang Kuya ngégélna pindah ka béh handap.

“Ih, di dinya mah nyeri, apan urut raheut téa.” Sakadang Kuya pindah deui ngégélna rada ka handap.

“Éta-éta, di dinya gé ulah, bisi teu nyaho mah lebah dinya téh bagéan permatina!”

Kitu jeung kitu baé. Antukna Sakadang Kuya ngégél buntut Sakadang Monyét téh ditungtungna pisan.

“Tah, di dinya wé!” ceuk Sakadang Monyét bari ngajleng. Atuh puguh wé, Sakadang Kuya téh lésot ngégélna. Sakadang Monyét tuluy nérékél kana dahan anu pangluhurna. Gék diuk di dinya. Tuluy niup sulingna.

Trét-trot trét trot,
Suling aing tulang maung,
Ditoktrokan ku caladi,
Diliangan ku bangbara,
Dipasieup ku sireupeun,
Torotot héong, torotot héong.

“Sakadang Monyét, ka dieukeun suling uing!” ceuk Sakadang Kuya.

“Cokot ka dieu ari hayang mah!” témbal Sakadang Monyét, terus niup suling.

Sakadang Kuya ukur bisa olohok. Rék naék, teu bisa.

Sakadang Kuya Nyieun Suling tina Tulang Maung


Sanggeus durukan téh pareum, Sakadang Kuya kurah-koréh. Manggih tulang anu panjang, jigana mah tulang pingping tukang Sakadang Maung. Tulang téh dicokot, tuluy diberesihan.

“Alus yeuh lamun dijieun suling. Ngan kumaha molongoanana?” ceuk Sakadang Kuya. Ras inget ka Sakadang Caladi. “Aéh, enya, sina ditroktrokan baé ku Sakadang Caladi.”

Sakadang Kuya ngadatangan Sakadang Caladi anu keur noktrokan tangkal kalapa.

“Sakadang Caladi, turun heula sakeudeung, Emang tulungan!” ceuk Sakadang Kuya.

“Aya naon, Mang?” ceuk Sakadang Caladi bari nyampeurkeun.

“Cing, pangnoktrokkeun tulang, keur suling!”

Tulang téh ditroktorak ku caladi.

“Nuhun Lo!” ceuk Sakadang Kuya.

Tuluy suling téh ditiup ku Sakadang Kuya.

Trét-trot trét trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi.

“Alah, teu ngeunaheun. Jigana mah kudu diliangan heula,” ceuk Sakadang Kuya. Ras manéhna inget ka Sakadang Bangbara.

Sakadang Kuya néangan Sakadang Bangbara. Kapanggih keur ngalian dina tangkal anu keur ngarangrangan.

“Sakadang Bangbara, ka dieu Jang, tulungan Ua sakeudeung!” ceuk Sakadang Kuya.

“Tulungan naon, Wa?” ceuk Sakadang Bangbara.

“Cing, pangaliangankeun suling Ua, ieu teu ngeunaheun ditiupna.”

Tuluy atuh suling téh diliangan ku Sakadang Bangbara. Sanggeus nganuhunkeun ka Sakadang Bangbara, suling téh ditiup deui ku Sakadang Kuya.

Trét-trot trét trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi,
diliangan ku bangbara.

“Ah, can ngeunaheun kénéh baé. Jigana mah kudu dipasieup heula,” ceuk Sakadang Kuya.

Keur kitu, geleber aya Sakadang Sireupeun ngaliwat.

“Tah, kabeneran aya Sakadang Sireupeun. Ka dieu heula, Jang, tulungan Aki,” ceuk Sakadang Kuya.

“Aya naon, Ki? Meni rareuwas,” ceuk Sakadang Sireupeun.

“Ieu Aki téh boga suling, tapi masih kénéh silung. Cing, pangmasieupkeun sakeudeung mah.”

Tuluy atuh suling téh dipasieup ku Sakadang Sireupeun. Rada lila, da cenah masieup suling téh henteu gampang. Tapi teu burung anggeus ogé.

“Nuhun Jang.”

“Sami-sami, Ki.”

Tuluy atuh suling téh ditiup deui ku Sakadang Kuya.

Trét-trot trét trot,
suling aing tulang maung,
ditoktrokan ku caladi,
diliangan ku bangbara,
dipasieup ku sireupeun,
torotot héong, torotot héong.

“Tah, ngeunah ayeuna mah sora suling téh. Nuhun ah, Jang,” ceuk Sakadang Kuya bari indit.

Sajajalan Sakadang Kuya nyuling teu eureun-eureun. Sorana matak kelar. Sato-sato ogé anu biasana garandéng, jep baé jarempé, ngadédéngékeun sora suling Sakadang Kuya. Atuda lain suling samanéa.