Élmu Ngaragap Diri Sorangan


Nu matak teu ngeunah ka sorangan, matak teu ngeunah ogé ka batur

Dina hirup kumbur reureujeung reujeung batur atawa tatangga, kudu bisa ngaragap diri sorangan. Élmu ngaragap diri sorangan kacida pentingna dina ngajaga sikep reujeung kabiasaan dina kahirupan, utamana sikep ka diri batur. Sikep anu dipibanda ku unggal jalma, anu aya pakaitna reujeung batur bakal diwawatesan ku élmu ngaragap diri sorangan.

Anu kumaha atuh anu disebut ngaragap diri sorangan téh?

Hirup reureujeungan reujeung batur
Ngaragap diri sorangan téh bisa disebutkeun ngarasakeun heula ku diri sorangan. Sagala hal utamana ngeunaan sikep, dirarasakeun heula ku diri sorangan. Sagala sikep atawa pagawéan anu bakal diterapkeun ka batur, dirarasakeun heula ku diri sorangan. Sikep anu kitu téh kumaha karasana ku diri sorangan. Lamun sikep anu bakal ditibankeun ka batur téh karasana ngeunah dina waktu ditibankeun ka diri sorangan, ku batur ogé bakal karasa ngeunah. Sabalikna lamun éta pagawéan atawa sikep téh matak teu ngeunah kana diri, ku batur ogé sarua waé bakal karasa teu ngeunahna.

Kusabab kitu, dina ngalakukeun pagawéan dina kahirupan di masarakat, moal leupas tina sikep ngaragap diri sorangan. Da salaku papada jalma mah, miboga rarasaan anu ampir sarua. Anu teu ngeunah pikeun hiji jalma, umumna kitu ogé pikeun jalma séjén.

Hade Ku Omong Goreng Ku Omong


Anu ngaranna hadé jeung goréng mah biasa. Dina kahirupan, duanana gé pasti aya. Hirup jalma moal leupas tina dua hal éta: aya hadé aya goréng. Hal-hal anu kasorang dina kahirupan ogé sarua, anu disinghareupan ogé kabagi dua nyaéta aya hadé aya goréng.
Kusabab kitu, naon anu dipilampah, naon anu dijalankeun dina kahirupan téh kudu jelas, naha éta téh hadé atawa goréng. Dina milampah pagawéan dina kahirupan, teu salawasna naon anu dipigawé ku diri pribadi téh ngan ukur keur diri pribadi wungkul atawa ngan ukur mamawa pribadi wungkul. Aya kalana naon anu dipilampah ku sorangan atawa diri pribadi téh osok aya pakaitna atawa sangkut pautna reujeung batur.

Dina perkara anu ngan ukur diri pribadi mah, anu tanggung jawab reujeung anu milampahna téh tangtuna ogé ngan ukur pribadi wungkul. Batur mah moal apal reujeung moal miroséa atawa ngageureuh-geureuh. Da batur mah batinganan teu apal, atawa dina apalna ogé ngahajakeun atawa api-api teu apal.

Hade oge oge kudu ku omong

Ngan dina perkara anu aya pakaitna reujeung batur, tangtuna ogé batur bakal ngilu ngalaman atawa kababawa kusabab naon anu dipilampah ku diri pribadi. Batur ngabogaan pangajén sorangan kana naon anu dipilampah ku siri pribadi. Dina pangajénna ieu, gumantung kana ti mana manéhna nempo atawa melong kana naon anu dipigawé téa. Kusabab kitu, aya kalana naon anu dipigawé ku sorangan téh, sanajan keur anggapan sorangan mah hadé, tacan tangtu ceuk anggapan batur mah hadé. Ieu téh kusabab tadi téa, béda cara nempona. Kitu deui anu goréng ku sorangan tacan tangtu disebut goréng ku batur. Aya kalana papalingpang.

Lamun batur tacan meunang katerangan anu jéntré mah tangtuna anggapannana téh kumaha pamanggihna. Anu tangtuna ogé tacan tangtu sarua reujeung naon anu sebenerna. Kusabab kitu, diperlukeun katerangan anu jelas ngeunaan naon anu dijalankeun atawa dipilampah téa. Ulah nepikeun naon anu dipigawé téh meunang pangajén anu papalingpang. Arék hadé atawa arék goréng ogé, aya alusna lamun dijelaskeun atawa dijéntrékeun.

(Gambar meunang nginjeum ti http://static-p3.fotolia.com/jpg/00/09/59/48/400_F_9594855_g6ozWznrovHmnMMUrn9Y2Gpanu8oBRFh.jpg)