Parako, Wadah Hawu


Parako mah henteu aya pakaitna reujeung para sakumaha paraseuneu. Parako mah ayana lain di luhur tapi di handap. Parako bisa disebut ogé wadah hawu. Parako téh tempat di dapur paranti neundeun hawu.

Parako
Parako

Parako téh wangunanana mah biasana kotak atawa pasagi. Baheula mah dijieunna tina papan kai. Di lolongkrang tengah kotak dieusi ku lebu atawa keusik. Jangkungna biasana mah sina lébér reujeung tungtung luhur papan kai (sina rata reujeung papan kai anu ngawengkuna). Di luhureun lebu di tengah-tengah kotak parako kakara diteundeunan hawu. Anggangna sisi hawu reujeung parako mah bébas, ngan ulah deukeut teuing bisi parakona kaduruk nalika seuneuna ngadahdaran (seuneu di hawu ngabebela). Bisa waé anggangna sajeungkal ramo leungeun.

Sababaraha mangpaat parako nyaéta kahijina mah ngajaga seuneu supaya henteu ngarambat atawa nyebar kana papan/palupuh imah panggung anu bisa nyababkeun imah kahuruan. Ku jalan aya parako, seuneu téh ngan ukur aya di jero jeung deukeuteun hawu wungkul. Kaduana supaya lebu beunang ngadurukan suluhna henteu ayang-anyangan. Lebuna bakal ngumpul di deukeuteun hawu da kahalangan ku parako anu ngawengku hawu.

Budak Awéwé mah Kudu Bisa Nyangu jeung Masak


Salaku budak awéwé, kudu bisa babantu ka kolot utamana babantu ka anu jadi indung. Tugas indung mah kalolobanana di dapur: nyangu, masak, mirun seuneu, jeung pagawéan di dapur anu séjénna. Kusabab kitu, budak awéwé mah biasana dikudukeun bisa nyangu reujeung masak. Najan leutik kénéh geus diajarkeun ku indungna cara-cara nyangu reujeung masak. Najan diajarkeunana henteu sacara langsung, tapi ku jalan nempokeun carana masak reujeung mantuan indung ogé geus jadi hiji cara anu alus pikeun mamatahan ka budak.

Ku jalan dipapatahan atawa diajarkeun ti leuleutik, matak mawa alus lamun geus gedéna. Geus gedé bakal biasa lamun kudu atawa dititah masak reujeung nyangu téh. Moal ngarasa sieun teu bisa kusabab geus biasa.

Hawu paranti nyangu jeung masak

Tapi hal ieu gumantung reujeung balik deui ka unggal jinisna. Da teu salawasna budak awéwé anu daékeun diajar digawé di dapur. Komo lamun masakna maké hawu mah. Aya kalana lamun kurangna sabar reujeung leukeun mah da susah atuh masak di dapur maké hawu téh. Ngahurungkeun seuneuna lumayan hésé, ditambah kudu ngasur-ngasur suluh supaya seuneuna henteu pareum, kudu niupan seuneun lamun seuneuna pareum atawa leutik.

Parobahan jaman mawa parobahan ogé kana cara masak atawa nyangu. Ayeuna mah cara masak téh teu susah teuing kawas baheula. Ayeuna mah teu kudu maké hawu reujeung suluh deui. Kari maké listrik atawa gas elpiji, geus bisa masak reujeung nyangu. Masak reujeung nyangu téh jadi gampang. Najan gampang, tetep waé diperlukeun kadaék pikeun milampahna (nyangu reujeung masakna).

Ngala Pancar Pikeun Gaganti Suluh


Sakumaha suluh pikeun parab seuneu di hawu, pancar ogé bisa dipaké beuleumeun seuneu pikeun nyuluhan seuneu. Dina sakalina susah ngala suluh kusabab jauh atawa tangkal kaina baraseuh kénéh, pancar bisa dijadikeun gaganti suluh. Ngan anu ngaranna pancar mah teu sarua reujeung suluh tina tatangkalan. Pancar mah leuwih hampos tibatan suluh. Pancar mah gampang béakna lamun dibeuleum ku seuneu téh. Pancar mah gampang dibeuleumna, gampang béakna.

Ibu-ibu keur marawa pancar

Pancar téh suluh tina leunjeuran tangkal awi. Arék awi naon ogé sarua waé, asal awina anu geus garing, lain anu baseuh kénéh. Kabéh tatangkalan sabangsaning awi bisa dipaké pikeun pancar, lain ngan ukur awi tali atawa awi gombong wungkul. Nu penting mah awina gampang ngalana reujeung geus garing, jadi gampang pikeun dibeuleumna.

Najan gampang ngalana awi mah sakumaha anu geus disebutkeun di luhur, leuwih hampos tibatan suluh tina tangkal kai. Jadi dipakéna moal lila sakumaha suluh tina tangkal kai anu leuwih teuas tibatan tangkal awi.

(Gambar meunang nginjeum ti http://v-images2.antarafoto.com/gps/1290161117/kayu-bakar-17.jpg)

Sawarga Leuwih Panas Tibatan Naraka


Saur pun guru mah cenah, anu ngaranna Naraka téh kacida panasna. Darajat panasna téh cenah tujuh puluh kalieun panas seuneu anu aya di dunya. Teu kabayang sakumaha panasna. Ayeuna waé, lamun kabeuleum ku seuneu anu aya di dunya, jalma téh apanan mani gehengna. Tong boro jalma, dalah beusi ogé ku seuneu mah bisa jadi kawas cai. Jeung kakara ogé nyampa areng atawa puntung roko anu aya seuneuan kénéh, apanan langsung ngagurubug ku bakating panasna.

Surga jeung Naraka

Kumaha atuh ngarasaan panasna seuneu naraka…? Teu kabayang kumaha rasana.

Ngan dina hiji warta dina koran, kabéjakeun di luar nagri pernah aya gempungan ahli Fisika. Anu salasahiji obrolanana téh ngeunaan panasna naraka jeung sawarga. Teuing euweuh deui obrolan atawa perkara anu kudu digembungkeun, nurutkeun hasil ngukur maké rumus cenah anu ngaranna naraka téh henteu leuwih panas tibatan sawarga. Anu hartina, sawarga téh leuwih panas tibatan naraka. Bet kitu nya…?

Ngan dina tungtuna éta warta disebutkeun cenah, buktina saperti kitu. Bukti dina kahirupan ngadukung kana hal ieu. Loba kénéh jalma anu milih jalan ka naraka tibatan milih jalan ka sawarga. Sanajan kalolobaan jalma téh hayangeun asup sawarga, tapi jalan anu dipilampahna nuju ka naraka. Leuwih loba jalma anu milih jalan ka naraka. Lamun apal yén naraka téh panas, tangtuna ogé jalma téh moal milih jalan pinarakaeun.

(Gambar meunang nginjeum ti http://wargaldii.com/wp-content/uploads/2010/12/surga-neraka.jpg)