Budaya Soméah Hadé Ka Sémah Perelu Dilarapkeun Kana Gawé Pamaréntah


Salasahiji budaya urang Sunda anu alus téh nyaéta soméah hadé ka sémah. Geus kawentar ka mamana urang Indonésia umumna, atuh hususna urang Sunda mah soméah hadé ka sémah.

Dina prak-pakanana, geus galibna lamun aya sémah atawa anu natamu téh osok langsung dihiap-hiap, disina asup ka jero imah. Nya sahanteuna lamun aya jalma anu lunga-longo ka buruan imah téh osok ditanya, “badé ka saha nya…?” Lamun jelas arék natamu téh apanan langsung waé sina asup ka jero imah. Teu kudu apal heula saha sémah téh reujeung naon pamaksudanana, asal arék natamu dihiap sina asup.

Kakara lamun geus dijero imah katut disadiakeun susuguh saayana, ditalék ngeunaan pamaksudanana. Lamun sémahna anyar pinanggih, kakara ditalék ngeunaan dirina. Sémah anu ditarima téh henteu nempo sasahana, asal kacirina miboga maksud anu bener moal ditolak. Saha anu apal anu natamu téh mawa béja anu alus atawa barangkirim sagala.

 
 

Ieu budaya téh ceuk implengan mah aya alusna lamun diprakeun pikeun memener gawé pagawé pamaréntahan (pajabat) dina ngajalankeun pancénna ngawulaan rahayat. Arék saha waé pagawéna reujeung nu kumaha waé kalungguhanana. Budaya soméah hadé ka sémah, aya alusna pikeun ngaronjatkeun gawé pagawé pamaréntahan dina ngawulaan kaperluan rahayatna, ti mimiti undakan handap nepikeun ka undakan anu luhur. Sahanteuna lamun disebut anu boga imah anu kasémahan ku rahayat mah, darajat pagawé pamaréntahan téh henteu nyirorot teuing tibatan jadi pakacar atawa babu pikeun rahayatna.

Dina ngajalankeun tugasna ngurus jeung ngawulaan kaperluan rahayat, pagawé pamaréntahan kudu miboga pasipatan sakumaha nu boga imah anu kadatangan sémah. Lamun aya sémah (rahayat) anu datang téh henteu nepikeun ka diantepkeun, tapi kudu ditarima sakumaha narimana nu boga imah ka sémah. Sémah (rahayat) anu datang téh gancang diangkir sina ka jero imah (gedong atawa kantor tempat tugas pagawé pamaréntahan) terus ditalék naon pamaksudanana. Henteu nepikeun ka diantepkeun. Komo diapilainkeun mah. Sanajan henteu apal atawa lain dulur atawa tatangga di imah, asal éta téh rahayat (komo rahayat anu aya di wewengkon pagawéanana), ulah diapilainkeun. Tong bongkéna anu datang téh éta mah rahayat leutik atawa teu wawuh, nepikeun ka diculkeun. Saha waé jeung kumaha waé rahayatna, kudu ditarimakeun natamuna.

Anu kaduana, nu boga imah lamun bakal kadatangan sémah biasana mah osok sayaga di imahna (di tempatna). Atuh dina waktuna kadatangan sémah téh, sémah moal nepikeun ka hamos, nu boga imah euweuh di tempat. Kajaba aya hal-hal anu kacida pentingna anu teu bisa ditinggalkeun. Naha kusabab aya pagawéan atawa kaperluan kulawarga atawa kaperluan anu penting séjénna. Lamun taya kaperluan anu penting mah biasana osok sayaga di tempat. Pikeun pagawé pamaréntahan ogé kudu sayaga di tempat (kantor tempat gawé). Salila tugasna kudu tetep sayaga di tempatna. Kajaba aya halangan anu kacida pentingna. Da geus jelas dina waktuna tugas mah osok aya rahayat anu natamu. Salaku pagawé pamaréntahan mah teu bisa boga alesan ninggalkeun tugas kusabab aya pagawéan séjén salian ti tugasna jadi pagawé pamaréntah. Lamun aya alesan henteu sayaga kusabab aya pagawéan séjén di luar tugas salaku pagawé pamaréntahan, hartina geus nganomerhijikeun pagawéan di luar pagawéan di pamaréntahan (nuduhkeun geus embungeun jadi pagawé pamaréntah). Komo deui lamun euweuh di tempatna téh bari jeung taya alesan nanaon. Kacida teuing.

(Dicutat ti SundaNews, gambar nginjeum ti Wikipedia)

Tepas, Rohangan Imah Panghareupna


Ngalongok ka lembur, ayeuna mah geus jarang wangunan imah panggung téh. Kalolobaan imah geus ganti jadi imah gedong. Kari sababaraha urang anu masih kénéh maké imah panggung téh. Béda jeung baheula. Baheula mah rata-rata imah téh imah panggung. Waas lamun inget ka imah panggung téh. Resep pisan lamun arulin reujeung babaturan di imah babaturan. Ngadon hareureuy arulin di tepas imah. Arék maén congkak atawa éncrak atawa ngadon gagambaran dina buku gambar, bisa dipigawé di tepas imah. Ulin/heureuy anu embung kokotoran ku taneuh, biasana mah dipigawé di tepas imah. Kitu ogé lamun tepas imahna keur kosong henteu dipaké riungan atawa narima sémah ku anu boga imah.

Tepas imah panggung
Tepas imah panggung

Tepas imah bisa disebutkeun ngaran salasahiji rohangan anu aya di imah panggung. Ieu rohangan ditempatkeunana di panghareupna hiji imah. Anu arék asup ka imah, lamun ngaliwatan jalan hareup pasti bakal ngaliwatan tepas imah ieu. Tepas imah biasana mah mangrupa hiji rohangan anu taya kikidingan atawa henteu maké bilik. Sisi-sisi luarna diantepkeun sina ngagebla. Atuh anu ngadon diuk dina tepas teh bakal bisa nempoan ka luareun imah, pon kitu deui anu ti luar bisa nempo anu keur dariuk di tepas imah. Hal ieu téh aya alusna, anu tatamu atawa ngadon diuk teu kudu asup ka imah. Anu ngadon diuk bisa bari ngadaweung di sisi tepas.

Ngan teu salawasna tepas imah téh tampa kikiding. Aya kalana tepas imah téh dibunian ku bilik. Bilik anu dipakéna biasana mah henteu sakabéhna nepikeun ka luhur. Kikidingna kira-kira sacangkéng budak leutik. Tepas ieu mah teu bisa dipaké ngadaweung kajaba di lawang tepasna. Da teu kahontal ti buruan mah, jangkung teuing. Tapi kétang, barudak anu resep tuak-taék jeung henteu sieunan ragrag mah, tepas samodél kieu téh osok dipaké ngadon ngadaweung atawa diuk dina luhureun kikidingna.

Cenah mah, mangpaat utama tepas ieu téh pikeun narima sémah. Sémah anu ngadon nganjang, osok ditarima di tepas imah.

Mangga Ka Lebet


Geus jadi kabudayan, anu ngaranna sémah mah osok diangkir ka jero imah. Piraku waé aya sémah diantepkeun di buruan atawa di golodog mah. Pikeun ngaragangan jeung ngajénan sémah, anu mimiti diucapkeun téh apanan kekecapan “Mangga ka lebet.”

Sanajan teu kabéh sémah osok daékeun ka jero imah, tetep waé da ka sémah mah kudu soméah atawa daréhréh. Naha arék daékeun diangkir ka jero imah atawa henteu (nungguan di buruan ku sabab perluna ngan ukur sakeudeung).

Dina hal nganggir sémah ku kecap Mangga ka lebet, pikeun anu resep heureuy mah embungeun di titah ka lebet téh. Babasaanana téh cenah, embung ah loba reungit di Lebet mah.

Aya benerna ogé, di Lebet mah loba reungit.

Rungkun awi di Lebet

Lebet téh lain ngan ukur miboga harti jero imah. Di lembur mah anu ngaranna lebet téh salian ti ngaran jero imah, ogé mangrupakeun ngaran tempat anu perenahna di sisi leuweung. Éta patempatan téh dipinuhan ku tutuwuhan kayaning rungkun awi jeung tatangkalan séjénna. Ngan lolobana mah rungkun awi, hususna awi tali.

Jadi lamun dititah ka lebet téh kudu jelas heula, lebet anu mana. Lamun lebetna téh jero imah mah, nya tangtuna ogé daékeun. Tapi lamun dititah ka lebetna téh ka leuweung awi, kudu mikir heula. Sanajan euweuh sato ganggas, tapi da anu ngaranna reungit leuweung mah tangtuna ogé bakal napuk kana awak.

Natamu


Mun rumasa natamu,
Ulah jadi tambuh laku,
Sagala hayang diburu,
Teu inget kana waktu,

Mun rumasa jadi semah,
Laku ulah euwah-euwah,
Leuheung mun aya nu nyegah,
Tong teuing matak gareuwah,

Semah teu boga kawasa,
Ulah teu asa teu jiga,
Sagala bisa laksana,
Kabendung kunu bogana,

Tamu lin nu boga imah,
Nganjang ngan sapanyepah,
Cicing kumaha wayah,
Na waktuna kudu ingkah,

(Dicutat tina: http://www.facebook.com/note.php?note_id=436334306893)