Silih Anteuran Dahareun dina Saur Munggaran


Manjing wanci janari leutik poé munggaran bulan puasa, pikeun ibu rumah tangga mah waktuna pak pik pek di dapur. Nyayagakeun dahareun pikeun dahar saur, ngadon masak di dapur. Réngsé nyayagakeun dahareun katut ngidangkeunana dina méja dahar atawa dina samak di tengah imah, kakara ngahudangkeun sakabéh anu cicing di imah (salaki jeung anakna).

Teu réngsé di dinya, biasana mah bari ngadagoan wancina saur bareng, ngider heula ka tatangga. Ngadon silih anteuran dahareun ka tatangga heuseusna tatangga anu dareukeut. Lamun henteu nganteuran, biasana mah aya anu ngadon nganteuran. Tegesna silih anteuran dahareun, saha anu ti heula nganteuran nya nganteuran. Silih cobaan dahareun jeung tatangga. Mulangna ti tatangga téh lengoh. Osok beubeunangan ogé dahareun paméréna tatangga anu dianteuran. Lamun aya tatangga ngadon nganteuran, saméméh mulangna dibekelan heula dahareun.

Wilujeng ngalaksanakeun ibadah shaum Romadhon 1436 H
Wilujeng ngalaksanakeun ibadah shaum Romadhon 1436 H

Alusna, anu teu nyadiakeun dahareun sakumaha dahareunana tatangga, bisa ngasaan dahareun tatangga. Anu teu meuncit hayam, bisa ngasaan dahar hayam panganteuran tatangga anu meuncit hayam. Anu teu boga lauk, bisa ngadahar lauk panganteur tatangga anu bogaeun.

Jadwal Imsakiyah di Pekanbaru


Wewengkon dayeuh Pekanbaru mah béda reujeung wewengkon dayeuh Bandung atawa Sumedang. Wanci di Bandung atawa Sumedang mah teu jauh teuing bédana reujeung wanci di Jakarta. Bédana ngan ukur dua menit atawa tilu menit. Jadi teu pati lieur teuing ngitungna. Sedengkeun ari di Pekanbaru? Apanan teu apal bédana wanci antara Jakarta jeung Pekanbaru. Sedengkeun wanci téh apanan dina bulan puasa mah kacida pentingna. Utamana pikeun saur jeung buka.

Untung waé sanggeus dipaluruh mah meunang inpo ngeunaan wanci imsak jeung bukan pikeun dayeuh Pekanbaru salila sabulan campleng. Sumberna ti Pro Berita.

Ciri wanci sabulaneun pikeun dayeuh Pekanbaru

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.proberita.com/)

Ceramah Subuh


“Ma, Pa! Abdi mah tipayun.” Ceuk si Acim ka indung bapana waktu manéhna réngsé saur.

“Ka mana…?” Indungna si Acim héraneun.

“Apanan ka masigit, Ma.” Témbalna si Acim.

“Naha…, mani saget kitu.”

“Pan nyampeur heula si Omon atuh Ma.”

“Nya ari kitu mah. Tapi apanan acan mandi lain?” Indungna si Omon nyelok.

“Wios lah teu ibak heula ogé. Engké waé siang ibakna.” Ceuk si Acim siga anu kaéraan.

“Éy….” Adina si Acim nyindiran.

Si Acim molotot ka adina. Anu dipolototan kalahkan nyengir. Tapi teu kalalanjonan. Manéhna terus indit bari nyoréndang sarung dina taktakna. Kopéyah hideungna dicongclokeun dina sirahna. Ari leungeun kéncana mamawa Buku Amal. Manéhna muru ka imahna si Omon pikeun nyampeur batur dalitna ka masigit.

Wilujeng Ngalaksanakeun Ibadah Shaum

Indit ka masigit pangheulana téh lain tanpa maksud. Da peuting ogé geus diwawadian ku si Omon lamun hayang ngeunah waktu ngadéngékeun ceramah Subuh, datang ka masigitna kudu pangheulana. Lamun datang ka masigit pangheulana mah dina solatna bisa milih shof atawa jajaran kahiji jeung belah katuhu. Lamun meunang jajaran kahiji mah, dina ngadéngékeun ceramah subuhna bakal bisa milih tempat di hareup da tacan aya anu nempatan. Jajaran kahiji mah dina sasalamanana sanggeus solat téh osok pangheulana. Jadi bisa néangan tempat anu ngeunah. Bisa milih tempat di juru. Lamun tunduh téh bisa sakalian ngagojod tibra, sanajan eukeur ceramah ogé da moal pati katempoeun kunu ceramahna. Salian ti éta, lamun pangheulana mah bakal meunang tempat anu maké amparan, henteu langsung kana téhel.

Kabeneran maranéhna duaan, sanggeus datang ka masigit téh masih kénéh kosong. Di masigit téh kakara aya lima urang, kaasup Mang Ahmad jeung Bah Minta. Nya duanana sabataé néangan tempat anu alus: di jajaran hareup belah katuhu. Da lebah dinya mah anu bakal pangheulana sasalaman jeung imam.

Silih Anteuran Dahareun


Teu karasa waktu téh nyérélékna. Peuting anu sepi jempling geus ngagayuh ka wanci janari leutik. Ti masigit geus kadéngé sora anu nitah urang lembur harudang ngaliwatan TOA (spiker). Mun ngadéngé sorana mah siga sora Mang Ahmad. Nya ngadéngé kitu saurang-saurang, urang lembur téh harudang. Ibu-ibu mah langsung waé muru ka dapur, masak atawa ngahaneutkeun dahareun pikeun saur. Ari bapa-bapana mah biasana teu langsung harudang. Komo ari barudak mah najan dititah hudang ogé lolobana mah ngagojod waé, saré disimbut ku sarung.

Lila kénéh paribasana téh ka saurna ogé. Kitu alesanana téh.

Da bener ogé. Ari waktu saurna mah lumayan rada lila kénéh. Nya diantepkeun waé. Bari jeung arék naon hudang ogé, da dahareun acan asak. Kakara arék diasakan. Kajaba lamun arék mantuan masak di dapur.

Sanggeus bérés mah kakara dihudangkeun kabéhanana, bapana jeung budakna.

“Cim, gera hudang atuh. Gera sibeungeut kaditu….” Ceuk indungna si Acim ka si Acim anu eukeur saré kénéh di enggonna.

Anu dititah hudang téh teu langsung hudang. Manhéhna kukuliatan heula dina kasur, tunduh kénéh sigana mah.

“Gancangan, Cim.” Pokna deui.

“Sakedap,” témbal si Acim bari hudang. Lulungu kénéh.

“Engalan atuh, A.” Si Onah milu nitah hudang ka lanceukna. Manéhna mah da geus hudang ti tadi kénéh ogé.

Si Acim teu némbalan. Manéhna langsung ka luar ti enggonna, muru ka tengah imah. Di tengah imah geus nyampak dahareun mani loba. Sangu beureum dina boboko leutik, sedengkeun boboko gedé mah dieusian ku sangu bodas. Dina piring, lauk jaer meunang ngagoreng garing geus aya. Ditambah ku saun dina baskom kapalang. Daging hayam meunang ngangeun dina baskom leutik, ari meunang ngagoreng mah dina piring. Wah, bakal dahar ngeunah sigana mah, kitu ceuk pikirna.

“Gera sibeungeut ka ditu.” Ceuk indungna nitah sibeungeut heula. Indungna mah dibantuan ku adina eukeur pak-pik-pek wae mungkusan sangu dina daun cau, nyieun sangu timbel. Eta sangu téh terus diwadahan kanu boboko. Adina mah kabagéan mungkusan deungeun sanguna.

Si Acim terus ka dapur muru ka jamban. Di dinya geus aya bapana, anu sarua eukeur sibeungeut. Sanggeus réngsé sibeungeutna manéhna muru deui ka jero imah.

“Éta kanggo saha, Ma?” Pokna si Acim nempo indungna ngélék boboko bari indit ka luar.

“Apanan kanggo Bi Ilah.” Témbal indungna.

“Si Kenyi ka mana kitu, Ma?” Si Acim nanyakeun adina ku sesebutan Kenyi, nya minangka sesebutan pikeun Nyai atawa Nyi.

“Apanan keur nganteuran ka Bi Mamah.” Tembalna bari ngaleos muru ka imahna Bi Ilah.

Geus kailaharan di lembur mah, lamun dina mimiti saur téh osok silih anteuran dahareun jeung tatangga anu deukeut. Sanajan henteu wajib atawa kudu, tapi geus jadi kabiasaan. Nya itung-itung silih asaan dahareun sigana mah.

Mapag Bulan Puasa (3): Parukunan Puasa


=Cim manéh geus siap acan pikeun puasa téh?” Si Omon nanya ka si Acim, bari manéhna gék diuk di gigireun si Acim anu keur diuk dina babangkuan handapeun tangkal jéngkol sisi jalan gedé. Angin anu ngahiliwir nebak kana dangdaunan, kumatak ngeunah nempona jeung ngarasakeunna. Hawana matak ngeunah kana kulit jeung pipikiran, teu panas teuing teu tiis teuing.

Wilujeng mapag Sasih Shaum 1431 H

“Nya enggeus atuh. Apanan ti kamari kénéh ogé. Malahan apanan obor geus réngsé dijieunna.” Témbal si Acim ka si Omon bari ngiser diukna, méré lolongkrang ka si Omon supaya bisa diuk di beulah kencaeunana.

“Lain ieu mah. Geus siap nepikeun kana lelembutanana acan?”

“Eta, manéh mah mani siap jeung lelembutanana sagala.”

“Nya heueuh atuh kudu siap nepikeun ka lelembutanana. Da puasa mah lain ngan ukur raga badagna wungkul lin?” Si Omon mencrong. “Apanan éta téh ceuk Mang Ahmad.”

“Nya siap atuh.” Si Acim ngajamin, “moal saperti puasa anu enggeus-enggeus. Loba anu bolongna.”

“Tah kitu atuh. Kadé ulah poho nya. Éta ucapan téh kudu dicekel pageuh.”

Si Acim ukur unggeuk.

“Ari manéh apal kénéh kana parukananana teu?” Si Omon nanya deui.

“Maksudna? Kana sarat jeung rukunna lain?”

“Heueuh atuh.” Si Omon ngaenyakeun kana ucapan si Acim, “apal kénéh teu?”

“Nya apal atuh. Apanan peuting tadi éta téh diceramahkeun ku Mang Ahmad.”

“Kitu nya? Nu bener…?”

“Bener. Tanyakeun waé ka si Duyeh. Ari manéh kamana kitu?”

“Eta euy, kamari téh kuring kabeneran ulih ka Uwa kuring. Matak kuring teu apal.”

“Ah, tinggaleun atuh nya….”

“Heueuh. Tapi apanan manéh apal lin? Bisa méré béja atuh ka kuring.” Pénta si Omon.

“Nya heug atuh.”

“Ngeunaan naon waé kitu? Loba teu ceramahna?”

“Henteu. Pokona mah da anu aya pakaitna jeung parukunan puasa wungkul.”

Sarat anu ngawajibkeun puasa téh aya sababaraha siki:

  • Jalmana ngagem agama Islam,
  • Geus baleg,
  • Ngabogaan akal,
  • Mampu ngalaksanakeunana,
  • Séhat henteu gering,
  • Henteu keur nyanyabaan anu jauh,
  • Ari rukun puasa
  • Ngabogaan niat pikeun ngalaksanakeun puasa dina waktu peutingna
  • Ninggalkeun naon-naon anu matak ngabatalkeun puasa ti mimiti meletékna srangéngé nepikeun ka surupna panonpoé.

Ari sarat anu matak ngajadikeun puasana sah nyaéta

  • Ngagem agama Islam
  • Ngabogaan akal
  • Henteu eukeur héd atawa nipas,
  • Ngalaksanakeunana dina poéan anu dimeunangkeun pikeun puasa

Ari sunat-sunatna puasa nyaéta:

  • Saur (sahur) heula dina waktuna
  • Mandeurikeun ngalaksanakeun saur
  • Ninggalkeun ucapan anu teu merenah
  • Gagancangan buka lamun geus waktuna
  • Ngaheulakeun buka ku ngadahar anu amis-amis
  • Maca doa waktu buka puasa
  • Kaluar tina agama Islam

Perkara anu matak ngabatalkeun puasa:

  • Ngasupkeun naon waé kana sagala liliangan anu aya dina awak
  • Utah anu dihaja
  • Sapatemon
  • Kadatangan héd atawa nipas
  • Ngababarkeun orok
  • Gélo sanajan sakeudeung
  • Mabok atawa kapiuhan sapoé jeput