Kaulinan Barudak jeung Diajar Mingpin Katut Dipingpin


Salian ti pikeun diajar kumaha ngajarkeun pangabisa ka babaturan atawa barudak séjénna, kaulinan barudak ogé miboga mangpaat pikeun diajar kumaha carana mingpin babaturan (grup) jeung kumaha alusna dipingpin ku babaturan. Aya sababaraha rupa kaulinan anu henteu bisa dipigawé ku sosoranganan. Dina maénkeun kaulinan téh kudu dibarengan jeung dibantuan ku babaturan. Naha arék jadi sababarha grup atawa ngan ukur sagrup dina ngulinkeunana.

Kaulinan saperti pris-prisan, nyieun sasaungan, peperangan, jeung anu séjénna merlukan barudak anu leuwih ti saurang. Dina maénna barudak sahanteuna bisa dijieun hiji grup. Dina grup ieu diperlukeun budak anu bisa mingpin grupna supaya dina ngulinkeun kaulinan barudakna bisa alus atawa sampurna.

Barudak keur maen pris-prisan
Barudak keur maen pris-prisan

Dina maén pris-prisan, aya dua grup. Unggal grup biasana mah osok aya budak anu dipikolot pikeun mingpin barudak anu séjénna dina sagrupna pikeun mapatahan jeung nyontoan kumaha maén pris-prisan anu alus. Supaya dina maén pris-prisanana bisa meunang, ngéléhkeun grup musuh. Pon kitu deui dina maén peperangan. Dina dua tim (grup) téh osok aya pamingpinna pikeun mingpin grup supaya bisa meunang dina maén peperanganana.

Dina nyieun kaulinan mangrupa sasaungan ogé sarua. Sanajan dina nyieunna biasana mah ngan ukur sagrup, dina prak-prakanana, aya budak anu dipikolot pikeun nyontoan jeung tukang tutah-titah kumaha carana nyieun sasaungan. Budak anu mingpinna, bisa tutah-titah ka barudak séjénna pikeun migawé naon anu kudu dipigawéna. Naha dititah nyieun tihang, néangan tali, jeung nu séjénna. Bisa ogé budak anu mingpinna nyontoan heula kumaha cara barang jieun anu alus.

Kitu deui reujeung jinis kaulinan barudak séjénna anu dina prak-prakan maénna dijieun grup atawa tim.

Barudak anu dijieun pamingpin dina grup biasana mah budak anu geus apal kana cara maén kaulinan barudak anu keur diulinkeunana. Atawa budak anu dipikolot (budak anu umurna pangkolotna). Ieu téh supaya barudak séjén anu dipingpinna bisa luyu reujeung anu mingpinna. Henteu jadi mantangul atawa mahiwal.

Saung Ranggon


Saung ranggon mangrupakeun hiji wangunan saung anu wangunanana téh jangkung. Jangkung téh bisa kusabab tihangna jarangkung atawa bisa ogé kusabab nyieunna di luhureun tangkal, saperti tangkal jéngkol atawa tangkal kopi. Ari jangkungna bisa béda-béda. Ngan anu bisa dijadikeun pangbébéda jeung saung biasa téh nyaéta, jangkungna papan tempat diuk. Jangkungna téh leuwih jangkung tibatan saung. Kusabab jangkung ieu, pikeun cicing atawa naék kana pangdiukanana téh kudu maké tarajé atawa tétécéan. Lamun saung biasa mah jangkungna pangdiukan téh ngan ukur sabeuteung, saung ranggon mah bisa leuwih ti satangtung.

Ngeunaan saung ranggon ieu ada dua rupa, anu hiji mah bener-bener saung, aya ogé sasaungan. Ari saung ranggon anu bener-bener saung mah biasana téh maké tihang saperti saung sakumaha ilaharna, sedengkeun ari saung ranggon dina harti sasaungan mah biasana téh dijieunna dina tatangkalan. Sanajan kitu, aya ogé saung ranggon anu bener-bener saung anu dijieunna di luhureun tangkal.

Saung Ranggon di huma

Salian ti éta, ngeunaan gunana atawa mangpaatna éta saung, aya anu ngabédakeun. Ari saung ranggon anu bener-bener mah ngabogaan mangpaat sakumaha saung anu biasa, dijieunna di kebon atawa di huma, bisa ogé di sawah. Sababna nyieun saung anu jangkung atawa saung ranggon téa, nyaéta pikeun ngajauhan tina sasatoan anu bisa waé nganggu dina waktu peuting. Utamana lamun huma atawa kebonna téh ayana di sisi leuweung. Salian ti éta ogé bisa pikeun nempoan sakurilingeun huma atawa kebon, bari teu kudu udar-ider deui, da ku jalan nempoan ti saung ranggon bisa jelas ka sakurilingeun kebon atawa huma. Jadi mangpaatna sakumaha saung biasa, bisa dipaké tunggu kebon atawa huma.

Sedengkeun ari saung ranggon anu kaasup sasaungan mah, nyaéta kaulinan barudak dina nyieun saung ranggon. Jadi, saung ranggonna téh ngan ukur pikeun heureuy barudak wungkul, sanajan dina wujudna mah bisa dijieun saung pikeun cicing barudak. Jadi aya béda mangpaat atawa tujuan antara saung ranggon jeung saung ranggon anu kaasup kaheureuyan barudak. Saung ranggon barudak mah ngan ukur saharitaeun atawa teu lila dipakéna jeung wangunanana ogé basajan pisan. Kadang aya anu teu ngawujud saung ranggon, paling anu aya téh papan jeung kiding wungkul. Sanajan ngan ukur diwangun ku papan wungkul ogé, pikeun dariukna barudak, bisa disebut saung ranggon da nyieunna di luhureun tangkal.

Dina nyieun saung ranggon, barudak osok néangan tatangkalan anu loba dahanan jeung gampang pikeun neundeun papan pikeun amparan atawa tempat diuk. Papan anu dipaké bisa dijieun tina papan kai atawa bisa oge maké bahbir (kai panyésaan tina nyieun papan). Malahan bisa ogé tina leunjeuran awi anu diteukteukan. Éta papan téh diteundeun dina dahan tangkal kai minangka palangna. Anu alus mah dahanna téh aya dua jeung sarua jangkungna, teu jangkung sabeulah, jadi papanna téh datar henteu miring. Ari kidingna jeung iuh-iuhna mah bisa waé maké daun tatangkalan anu dipaké nyieun saung ranggon téa, atawa néangan dangdaunan séjénna. Lamun hayang alus mah, nya bisa ogé maké kai deui.

Sasaungan


Sasaungan asal kecapna tidak kecap saung. Jadi, sasaungan mangrupakeun kaulinan barudak dina nyieun saung. Sasaungan ngabogaan harti saung bobodoan atawa heuheureuyan. Jadi sasaungan mangrupakeun kaulinan barudak dina nyieun saung anu lain saung bener. Sanajan kitu, sasaungan bisa dicicingan ku barudak anu nyieuna sakumaha saung anu bener-bener saung. Anu ngabedakeunana paling oge ukuran jeung kakuatanana katut tempat di mana nyieunna.

saung
Saung di hiji kebon

Mun saung mah ukuranana lumayan gede, bisa dipake sare (dipake tunggu kebon mun aya di kebon, aya tempat paranti ngadurukan), aya tempat cicing anu biasana dijieun tina palupuh. Terus luhurna oge make hateup tina awi atawa daun kawung. Terus, saung biasa dijieun di kebon pikeun gaganti imah, boh pikeun tunggu atawa istirahat mun keur magawe. Bahan anu dipakena oge bisa tina kai golondongan atawa leunjeuran awi.

Sedengkeun sasaungan mah, ukuranana biasana mah leuwih leutik tibatan saung. Ukuranna kumaha bahan jeung lobana budak anu ngiluan, atawa kumaha kahayang budak. Ditambah oge kumaha bahan anu dipake. Aya anu ngan ukur anu make regang atawa dahan kai pikeun tihangna. Pamageuhna ditalian ku tali awi tali atawa areuy. Tuluy tiungna pikeun ngaiuhan bisa make palastik atawa dangdaunan. Handapna bisa diamparan jukut atawa dangdaunan oge. Perkara tempatna, bisa di buruan atawa di kebon sisi lembur.

Nu penting dina sasaungan mah, lain adeganana, sanajan sok dialus-alus oge. Da nu pentingna mah dina nyieun sasaungan teh kumaha supaya barudak teh ngagunakeun barang-barang atawa bahan-bahan anu aya di sabudeureun/di sakurilingeun pikeun ngawangun sasaungan.

Bahan-bahan anu sok dipake:

  1. Tihang. Bahan pikeun tihang bisa make dahan kai atawa regang. Bisa oge tina awi, atawa make tangkal kai anu geus aya di tempat. Palang-palangna oge sarua. Pamageuhnna bisa make tali tina awi tali atawa atawa tali rapia, bisa oge make areuy.
  2. Hateup. Hateup atawa pikeun iuh-iuhna bisa make dangdaunan saperti daun cau atawa daun kopi. Bisa oge tina jukut atawa palastik.
  3. Amparan. Pikeun amparan bisa make dangdaunan atawa jujukutan.

Mangfaat pikeun budak dina kaulinan sasaungan di antarana:

  • Diajar motekar dina ngagunakeun barang-barang anu aya di sakurilingeun.
  • Diajar hirup sauyunan dina migawe hiji pagawean. Da biasana dina nyieun sasaungan sok dilakukeun ku budak leuwih ti saurang. Dina nyieunna kadang hiji budak jeung budak lainna ngabogaan kahayang ngawangun sasaungan anu beda-beda, sedengkeun sasaunganana ngan ukur hiji.
  • Diajar babagi tugas. Dina nyieun sasaungan dibutuhkeun sababarah budak anu masing-masing kudu ngabogaan pagaweanna masing-masing, supaya pagaweanna gancang rengse.
  • Sanggeus nyieun sasaungan, saeutikna budak teh ngabogaan panemu kumaha carana ngawangun sasaungan. Sasaungan bisa dijadikeun conto dina nyieun saung, anu kaditunakeun bisa jadi conto nyieun imah.