Turaés


Sorana mani réang di luhur tatangkalan. Réang patémbalan reujeung babaturanana, siga anu patarik-tarik. Sorana anu mandiri, gampang apal sato naon anu keur disada. Mimiti ramé nalika patani geus waktuna panén paré di huma. Jadi cicirén ogé yén usum bakal manjing usum halodo. Éta téh Turaés téa. Ngan henteu sakabéh turaés disarada. Aya jinis turaés anu henteu disada. Turaés anu disada mah ngan ukur jaluna wungkul. Ari bikangna mah hanteu disada.

Turaés mangrupakeun sasatoan anu jirimna ampir sarua reujeung tonggérét. bisa disebutkeun turaés téh masih kénéh saséké sélér reujeung tonggérét mah. Anu ngabédakeunana mah, ukuran awakna: turaés leuwih gedé tibatan tonggérét. Rupana (warna) ogé aya bédana: turaés mah hideung ditambahan polét bodas, sedengkeun tonggérét mah rada héjo. Perkara ayana: turaés mah usum-usuman, sedengkeun tonggérét mah henteu aya usumna.

Turaes
Turaes

Ari sorana, ampir sarua, anu ngabédakeunana téh sora turaés mah biasana henteu panjang sakumaha tonggérét dina saentraganana (sakali disada). Turaés disada nalika pabeubeurang, sanggeus panon poé panas moncorong. Ari tonggérét mah disadana nalika panon poé lingsir ngulon.

Turaes mangrupakeun sasatoan anu ayana téh usum-usuman, henteu salilana atawa sapanjang taun aya. Ngan sakeudeung jadi turaesna. Lilana mah cenah jadi kuuk di jero taneuh. Sakumaha tonggérét, turaés ogé miboga jangjang dua pasang: anu gedé jeung anu rada leutik. Huluna dilengkepan ku panon dua siki, kénca katuhu anu rada paanggang katut ngajendol ka luar. Sukuna aya genep. Pikeun ngabédakeun jalu jeung bikang, salian ti ku sora bisa ogé ku beuteungna. Jalu mah beuteungna aya hahalang warna konéng. Sedengkeun bikangna mah henteu bogaeun.

Kumpulan Dongéng Basa Sunda


Ieu blog dieusi ku sababaraha rupa dongéng anu osok didongéngkeun di masarakat atawa urang Sunda. Sanajan sawaréh dongéngna bisa disebutkeun ngan ukur aya di sawatara wewengkon (henteu sumebar ka saban wewengkon di tatar pasundan), tapi aya alusna ogé dijadikeun bahan bacaan ngeunaan dongéng baheula.

Waktu dilongok dina ping 7 Jumadil Ahir, tulisan pangahirna téh dongéng ngeunaan Cipeucang (dipedalkeun dina ping 3 Maret 2010). Ieu dongéng nyaritakeun ngeunaan hiji tempat anu aya di Désa Sukamukti Kacamatan Bojongmanggu Bekasi. Dongéng ieu nyaritakeun raratan asal-usul ngaran lembur Cipeucang. Kunaon sababna eéta lembur disebutna Cipeucang.

Ancoan blog Kumpula Dongeng Basa Sunda

Terus aya deui dongéng ngeunaan sasatoan anu judulna Kuya Ngagandong Imahna. Ieu dongéng mah nyaritakeun jujutan naon sababna kuya bet ngagandong imahna. Naon sababna sakadang kuya bet mamawa waé imahna. Salian ti éta, aya sababaraha deui dongéng anu dipedalkeun dina ieu blog. Pikeun anu panasaran, sumangga waé longok ka alamat blog http://dongengbasasunda.blogspot.com/.

Ngeunaan anu nyieun ieu blog, teu disebutkeun sasahana. Data anu diancokeun ngan ukur nyebutkeun daptar blog anu dijieunna katut jinis anu boga ieu blog, anu nyieunna téh cenah saurang wanoja. Teu disebutkeun sasahana reujeung panganjrekanana.