Lamun Saré, Alusanan Dinu Poék


Meunang inpo ti Kompasiana anu ngajéntrékeun ngeunaan mangpaat sare dinu poék, cenah alus pisan pikeun awak lamun saré dinu kaayaan poék. Nurutkeun éta inpo, ahli Biologi Joan Roberts ngayakeun panalungtikan anu hasilna nuduhkeun yén awak bisa nyieun hormon melatonin nalika dina kaayaan euweuh cahya (poék). Hormon melatonin mangrupakeun salasahiji hormon anu dibutuhkeun ku awak pikeun ngajaga awak tina serangan sababaraha rupa panyakit. Salasahiji panyakit anu diperangan ku hormon ieu téh nyaéta daging jadi (kanker) dina pinareup jeung kanker prostat.

Sare
Sare

Ieu hormon moal jadi atawa dijieun lamun awak katojo ku cahya. Sanajan cahyana ngan ukur saeutik, angger mangaruhan yén moal nyieun hormon melatonin. Jadi, lamun saré alusna mah dina kaayaan poék taya cahya saeutik-eutik acan. Tambahanana, jalma anu saré kalawan disorot ku cahya anu lila leuwih bisa katerapan ku panyakit kanker tibatan jalma anu henteu katojo ku cahya nalika saréna.

Lamun ditalungtik deui mah, hal ieu téh geus jadi ageman pikeun urang Islam. Rosululloh geus ngadawuh, “Pareuman lampu dina waktu peuting nalika saré, tutupan panto, tutupan wawadahan katut dahareun jeung inuman.” (H.R. Muttafaqun ‘alaih).

(Gambar meunang nginjeum ti http://putripetry.blog.uns.ac.id/)

Ari Sare mah Osok Sareupna


“Cim, apal teu manéh.” Ceuk si Duyéh ka si Acim.

“Apal naon ari manéh…?” Si Acim malik nanya.

“Eta, ceuk kolot kuring mah ulah saré sareupna cenah.” Ceuk si Duyéh ngajéntrékeun.

“Teu meunang nya…?’ Si Acim ngahuleng.

Si Duyéh unggeuk bari neuteup ka si Acim.

“Naha cenah, naon sababna…?” Si Acim panasaran.

“Teu apal kuring ogé. Ngan pokona mah ulah saré wanci sareupna. Pokona mah kitu.” Ceuk si Duyéh deui.

“Lamun kuring saré sareupna, kumaha tah?” Si Acim siga anu nangtang.

“Teu meunang. Pamali éta téh. Bisi matak….”

Si Acim ngahuleng.

“Tapi salila ieu kuring mah saré téh osok sareupna waé. Kumaha nya…?” Ceuk si Acim teu euleum-euleum.

Si Duyéh melong. “Tah éta téh kabiasaan anu goréng. Lamun kuring mah geus dicarékan ku indung kuring.”

“Dicarékan nya…?”

“Heueuh.”
“Tapi naha indung kuring mah tara nyarékan nya…? Kitu deui bapa kuring.” Ceuk si Acim siga anu héraneun. “Siga anu haré-haré waé.”

“Teu apaleun meureunan.” Si Duyéh nebak. “Tah ti ayeuna mah teu meunang saré sareupan téh. Bisi matak….”

“Bisi matak nya….”

Si Duyéh teu némbalan. Manéhna ukur unggeuk.

“Tapi, da geus biasa kuring mah.”

“Heueuh anu enggeus mah keun baé. Ngan ka hareupna ulah….” Si Suyéh ngawawadian.

“Terus lamun arék saré kudu kumaha atuh…?”

“Nya saré mah kitu waé. Ari manéh kawas anu acan ngalaman saré waé. Nya ari saré mah peureum atuh. Ngedeng….” Si Duyéh keuheuleun.

Sare (gambar meunang ngunder ti: http://josephraven.files.wordpress.com/2008/11/sleep1.jpg)

Si Acim ngan ukur nyenghél waé nempo si Duyéh rada ambekeun téh.

“Ari manéh lamun saré osok kumaha…?” Si Acim bagéan nanya ka si Duyéh.

“Nya sarua atuh jeung manéh. Peureum di mana-mana ogé anu ngaranna saré mah.” Si Duyéh rada teugeug.

“Lain kitu.” Si Acim rada ngagebés. “Manéh lamun saré osok sareupna lain?”

“Apanan tadi ogé kuring mah ulaheun. Pamali!” Ceuk si Duyéh keuheul.

“Lain kitu maksud kuring mah. Lamun manéh saré osok sareupna lain, kumaha reupna lain…?” Ceuk si Acim ngajelaskeun.

Si Duyéh ngahuleng. Mikir.

“Kitu lain? Lamun saré mah iraha reupna waé. Lamun geus reup mah peureum, pasti langsung saré.”

“Teu ngarti ah!” Si Duyéh ngejat.

Si Acim ukur mésem.

Ulah Saré dina Waktu Sareupna


“Duyéh, duyéh, hudang heula.” Indungna si Duyéh ngagero si Duyéh ka anakna ti tengah imah. Kituna téh pédah nempo anakna anu keur ngagojod waé di enggonna.

“Geus sareupna kieu.” Pokna deui bari ngabedega di lawang enggon si Duyéh.

Ari si Duyéh ngulisik, asa kagareuwahkeun.

“Naon atuh Ma.” Pokna bari gigisik.

“Hudang heula. Geus sareupna.” Ceuk indungna deui.

“Sareupna nya, Ma.”

“Heueuh.”

“Tunduh kénéh atuda, Ma.” Ceuk si Duyéh embungeun hudang.

“Maenya saré ti tadi masih kénéh tunduh.”

“Ari tunduh kénéh….”

“Hudang heula atuh. Geus sareupna ieuh. Engké ogé geus liwat sareupna mah sabataé arék saré deui ogé.”

“Kunaon kitu, Ma?”

“Pamali deuleu saré wayah kieu mah. Teu meunang saré dina wanci sareupna.”

“Kitu nya, Ma?” Si Duyéh neuteup.

“Heueuh. Matakna gera hudang.” Indungna si Duyéh keukeuh.

Anu dititah hudang téh mani kalékéd pisan hudangna.

“Gancangan atuh. Engké ogé arék saré mah sabataé.”

Nincak wanci sareupna

Si Duyéh kukuliatan, siga anu horéam hudang. “Sakedap atuh, Ma.”

“Ulah saré deui nya….” Indungna si Duyéh ngawawadian, bari terus indit ka dapur neruskeun masak.

Anu ditinggalkeun siga anu bingung. Hudang entong ieu téh…?

Ngabuburit: Mulung Buah Saninten


“Cim kamari manéh ka mana? Ditéangan ku kuring jeung nu séjén.” Ceuk si Omon ka si Acim wanci haneut moyan.

“Kuring mah aya waé di imah. Tibra kuring mah.”

“Ih manéh mah kana saré waé atuh.”

“Naon kitu? Apanan anu puasa mah saréna ogé ibadah. Kitu lain ceuk Mang Ahmad ogé.”

“Heueuh ari lebah dinyana mah. Ari ayeuna manéh arék saré deui…?”

“Ayeuna mah teuing nya. Naon kitu?”

“Urang mulung buah saninten yu?”

“Saninten?” Si Acim mencrong.

Si Omon unggeuk, tandana ngaheueuhkeun.

“Iraha?”

“Ayeuna atuh. Meungpeung acan panas.”

“Saha waé?”

Buah Saninten (sumber foto: http://thesaninten.files.wordpress.com/2009/07/castanopsis-argentea-buah-41.jpg?w=495&h=371)

“Nya lobaan atuh. Kamari ogé ka ditu. Ngan manéh anu teu ngiluan téh. Kamari mah lobaan.” Ceuk si Omon siga anu ngabibita si Acim.

“Hayu atuh. Kuring ka imah heula nya. Engké ku kuring disampeur ka imah manéh.” Ceuk si Acim bari indit ka imahna. Manéhna nyokot heula bedog leutik bogana, teu poho mawa koja pikeun wadah buah saninten beubeunangana. Sanggeus siap, manéhna muru ka imahna si Omon. Nepi ka buruan imah si Omon, di tepas geus aya sababaraha urang babaturanana, aya si Duyéh, si Uju jeung nu séjénna. Malah budak awéwé ogé aya anu miluan. Teu lila maranéhna ngabring muru ka sisi lembur deukeuteun kuburan. Kabeneran di sisi lembur deukeuteun kuburan téh loba tatangkal anu galedé, sababaraha diantarana nya tangkal saninten. Barudak téh mencar muru ka unggal handapeun tangkal saninten. Maranéhna néangan buah saninten anu maruragan kusabab geus kolot atawa kabawa angin. Buah saninten anu katimu teh terus waé dipesékan make péso atawa régang, aya oge anu ditakolan maké batu supaya bencar. Sanggeus dipesék tina kulitna anu dipinuhan ku cucuk, diwadahan bawana séwang-séwangan. Kusabab bulan puasa, éta buah saninten téh teu bisa langung didahar atawa diasaan.

Bookmark and Share