Bédana Dahar di Lembur jeung di Dayeuh


Dahar geus jadi kabiasaan naha pikeun urang lembur atawa urang dayeuh. Dahar geus jadi pangabutuh unggal jalma dina unggal poéna. Dahar biasana mah tilu kali dina sapoéna. Anu didaharna biasana mah sangu dibarengan ku deungeunna. Arék di lembur atawa di dayeuh, sarua daharna téh kitu.

Dahar babarengan

Ngan lamun nengetan kabiasaan mah, aya bédana antara di lembur reujeung kabiasaan dahar di dayeuh. Anu kaciri pisan mah naon anu bédana ukuran anu didaharna. Sanajan aya anu sarua dina naon anu didaharna, sarua ngadahar sangu katut deungeunna, tapi dina ukuranana aya bédana. Di lembur mah biasana sanguna leuwih loba tibatan deungeunna. Sedengkeun ari di dayeuh mah sabalikna, loba kénéh deungeunna tibatan sanguna.

Di lembur mah, dina sapiring téh biasana pinuh ku sangu. Sedengkeun ari deungeunna mah saeutik. Di lembur mah endog sasiki waé biasana osok dibagi-bagi jadi sababaraha bagéan. Biasana jadi dua atawa jadi opat, gumantung kana anu arék ngadaharna. Dahar téh sanguna sakeupeul, ari deungeunna saciwit leutik. Jadi, di lembur mah kabiasaanana sangu leuwih loba tibatan deungeunna.

Ari di dayeuh? Di dayeuh mah, biasana, sabalikna. Loba kénéh dengeunna tibatan sanguna. Dina sapiring dahareun téh loba kénéh rupa deungeunna tibatan sanguna. Lobana téh bisa kusabab loba rupa deungeunna atawa ukuranana. Sanajan deungeunna ngan ukur sarupa, biasana mah deungeun reujeung sanguna téh loba kénéh dengeunna. Komo deui lamun loba rupa deungeunna, piring téh leuwih loba deungeunna tibatan sanguna.

(Gambar meunang nginjeum ti http://seveneszerox.wordpress.com/)

Ngawadang Sangu Poé


Pabeubeurang geus hayang dahar? Éta mah biasa. Da pabeubeurang atawa tengah poé biasana mah geus karasa laparna beuteung téh. Lapar tandana hayang gera dieusian deui. Komo lamun geus digawé mah, apanan kacida laparna téh.

Di lembur mah geus biasa lamun dahar beurang atawa tengah poé téh disebutna ngawadang. Ngawadang biasana osok dahar sangu poé. Tapi, ulah salah sangka heula. Lain sangu poé anu hartina sangu meunang moé, tapi sangu meunang nyangu isuk-isuk. Sangu meunang nyangu isuk-isuk téh terus diteundeun dina boboko atawa wadah paranti neundeung sangu séjénna. Pabeubeurangna, éta sangu téh didahar bari henteu disangukeun atawa diasakan deui. Bisa kabayang atuh kumaha rasa sanguna. Sangu meunang ngasakan isuk-isuk diteundeun dina boboko, nepikeun ka beurang. Atuh sangu téh bisa disebutkeun geus béar jeung rada teuas/tiis.

Bobok dieusi ku sangu

Najan kitu, geus biasa deui lamun ngawadang maké sangu poé téh. Da bororaah kudu nyeupankeun sangu heula, apanan balik magawé téh dina kaayaan capé jeung lapar. Najan béra ogé jadi nikmat waé karasana. Lila-lila mah jadi biasa waé ngawadang maké sangu poé téh. Teu jadi halangan pikeun henteu nikmatna ngawadang.

(Gambar meunang nginjeum ti http://farm3.static.flickr.com/2303/2224010740_e1411bed1d.jpg)

Salatri


Teuing kumaha atuh, da dina poé éta mah asa embung pisan kana sarapan téh. Anu biasana mah lamun arék indit ka sakola téh osok mumuluk heula, najan dahar ngan ukur jeung tutug opak atawa tutug uyah wungkul ogé. Nya sahanteuna sahuap dua huap mah osok maksakeun ngahuapkeun heula sangu. Atawa dina embungna dahar di imah kusabab kabeurangan atawa geus kaburu disampeur ku babaturan ka sakola, osok mekel sangu dibungkus maké daun cau meunang ngaleumpeuh (sangu timbel).

Indit ka sakola téh bari mawa beuteung anu teu dieusian heula. Mimitina mah teu karasa nanaon. Biasa waé najan beuteung kosong ogé teu jadi mas’alah. Indit ka sakola sakumaha biasana mah, ngabring jeung babaturan. Kadang dibarung ku bari gogonjakan, silih heureuyan, silih udag. Teu miroséa kana beuteung anu tacan dieusian, da teu karasa nanaon téa.

Indit ka sakola

Nepi ka sakola, ulin sakeudeung nungguan bél ditakol tanda asup ka kelas pikeun diajar. Pikeun sajongjongan mah taya mas’alah. Diajar sakumaha biasana. Ngan kaayaan ieu teu lana. Sanggeus sajongjongan mah, beuteung téh karasa murilit. Beuteung karasa peurih (peurih beuteung). Atuh diuk dina korsi téh teu bisa cicing, arangisel waé bari leungeun kénca nyekelan beuteung anu peurih. Mun kongang mah da hayang ceurik. Ngan inget kana kaéra.

Untung, guru téh apaleun kana kaayaan kuring anu keur teu bisa cicing. Nya sanggeus apaleun mah, dititah balik waé ka imah. Ngan saacanna balik mapagahan heula, kadé ulah sakali-kali deui ka sakola bari mawa beuteung anu kosong teu dieusian heula. Saacanna indit ka sakola téh kudu sarapan heula.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.wiranurmansyah.com/wp-content/uploads/2010/12/ee.jpg)

Sangu Tutug Opak


Lamun keur euweuh deungeunna, dahar téh bisa jeung naon waé. Anu penting mah ngeunah jeung bisa ngaganjel beuteung, ulah nepikeun ka kalaparan.

Salasahiji kadaharan anu bisa dijadikeun deungeun sangu téh nyaéta opak. Opak meunang meuleum atawa ngagoréng téh dihijikeun reujeung sangu, ngajadi sangu tutug opak. Saméméh dihijikeun atawa digalokeun, opak téh diremukeun heula sina laleutik. Sanggeus kitu dihijikeun jeung digalokeun kana sangu supaya nyampurna rata atawa galo. Lamun kurang rasana, bisa ditambahan ku uyah.

Sangu tutug opak

Sabenerna mah, lamun nempo kana jeroanana, anu didahar ieu téh teu miboga niléy giji anu alus atawa sampurna. Da duanana ogé, sangu reujeung opak, sarua waé dijieunna tina béas-béas kénéh. Ngan bédana béas biasa reujeung béas kétan, anu lolobana dieusi ku karbohidrat.

Silih Anteuran Dahareun


Teu karasa waktu téh nyérélékna. Peuting anu sepi jempling geus ngagayuh ka wanci janari leutik. Ti masigit geus kadéngé sora anu nitah urang lembur harudang ngaliwatan TOA (spiker). Mun ngadéngé sorana mah siga sora Mang Ahmad. Nya ngadéngé kitu saurang-saurang, urang lembur téh harudang. Ibu-ibu mah langsung waé muru ka dapur, masak atawa ngahaneutkeun dahareun pikeun saur. Ari bapa-bapana mah biasana teu langsung harudang. Komo ari barudak mah najan dititah hudang ogé lolobana mah ngagojod waé, saré disimbut ku sarung.

Lila kénéh paribasana téh ka saurna ogé. Kitu alesanana téh.

Da bener ogé. Ari waktu saurna mah lumayan rada lila kénéh. Nya diantepkeun waé. Bari jeung arék naon hudang ogé, da dahareun acan asak. Kakara arék diasakan. Kajaba lamun arék mantuan masak di dapur.

Sanggeus bérés mah kakara dihudangkeun kabéhanana, bapana jeung budakna.

“Cim, gera hudang atuh. Gera sibeungeut kaditu….” Ceuk indungna si Acim ka si Acim anu eukeur saré kénéh di enggonna.

Anu dititah hudang téh teu langsung hudang. Manhéhna kukuliatan heula dina kasur, tunduh kénéh sigana mah.

“Gancangan, Cim.” Pokna deui.

“Sakedap,” témbal si Acim bari hudang. Lulungu kénéh.

“Engalan atuh, A.” Si Onah milu nitah hudang ka lanceukna. Manéhna mah da geus hudang ti tadi kénéh ogé.

Si Acim teu némbalan. Manéhna langsung ka luar ti enggonna, muru ka tengah imah. Di tengah imah geus nyampak dahareun mani loba. Sangu beureum dina boboko leutik, sedengkeun boboko gedé mah dieusian ku sangu bodas. Dina piring, lauk jaer meunang ngagoreng garing geus aya. Ditambah ku saun dina baskom kapalang. Daging hayam meunang ngangeun dina baskom leutik, ari meunang ngagoreng mah dina piring. Wah, bakal dahar ngeunah sigana mah, kitu ceuk pikirna.

“Gera sibeungeut ka ditu.” Ceuk indungna nitah sibeungeut heula. Indungna mah dibantuan ku adina eukeur pak-pik-pek wae mungkusan sangu dina daun cau, nyieun sangu timbel. Eta sangu téh terus diwadahan kanu boboko. Adina mah kabagéan mungkusan deungeun sanguna.

Si Acim terus ka dapur muru ka jamban. Di dinya geus aya bapana, anu sarua eukeur sibeungeut. Sanggeus réngsé sibeungeutna manéhna muru deui ka jero imah.

“Éta kanggo saha, Ma?” Pokna si Acim nempo indungna ngélék boboko bari indit ka luar.

“Apanan kanggo Bi Ilah.” Témbal indungna.

“Si Kenyi ka mana kitu, Ma?” Si Acim nanyakeun adina ku sesebutan Kenyi, nya minangka sesebutan pikeun Nyai atawa Nyi.

“Apanan keur nganteuran ka Bi Mamah.” Tembalna bari ngaleos muru ka imahna Bi Ilah.

Geus kailaharan di lembur mah, lamun dina mimiti saur téh osok silih anteuran dahareun jeung tatangga anu deukeut. Sanajan henteu wajib atawa kudu, tapi geus jadi kabiasaan. Nya itung-itung silih asaan dahareun sigana mah.

Papaharé


“Is, éta teu kénging langsung ameng. Ka bumi heula disalin acuk heula.” Ceuk indungna si Euis mangsa manéhna nempo anakna, nyaéta si Euis anu kakara datang ti sakola, henteu ka imahna heula tapi langsung ulin di tepas imahna si Onah.

Si Euis ngalieuk ka indungna anu arék indit ka kebon sanggeus mulang heula ka imahna.

“Muhun, Ma. Sakedap.” Témbalna.

“Kadé tong hilap nya. Éta raksukan bilih kotor dianggo ameng mah. Kanggo énjing sakola deui. Sareng éta deui emam heula…,” péntana deui bari terus ngaléos ka béh wétankeun.

“Muhun…,” tembal si Euis deui pondok.

“Urang atosan heula yu…,” ceuk si Onéng ngaharéwos kanu tiluan, si Onah, si Euis jeung si Icih.

“Muhun, urang disalin heula nya. Supados tiasa nyalsé amengna.” Ceuk si Euis deui.

“Éh, urang papaharé yu?” Ceuk si Onah kanua tiluan.

“Hayu atuh. Tapi di teun saha?” Si Icih melong ka si Onah.

“Di dieu waé atuh nya. Supaya entos papaharé teras ameng deui di dieu.” Ceuk si Onah nawarkeun tempat.

“Satuju…!” Ceuk anu tiluan.

“Aya naon waé kitu di dieu?” Si Icih nanya.

“Nya di dieu mah paling aya ogé lalab jeung lauk asin.” Témbal si Onah.

“Éh, muhun. Is, nyandak réncangna anu rada saé nya….” Pénta si Onéng bari seuri.

“Pami aya….” Témbal si Euis turun ti tepas.

“Piraku waé….” Ceuk si Icih.

Nu tiluan, si Euis, si Icih jeung si Onéng langsung muru ka imahna séwang-séwangan. Sedengkeun si Onah terus muru ka jero imahna, terus ka dapur nyadiakeun sangu jeung deungeunna pikeun papaharé. Manéhna mawa dua piring ka tepas, anu hiji dieusi ku sangu sedengkeun anu hiji deui dipinuhan ku lalab, aya daun sitrong, daun sampeu meunang nyeupan, roay jeung leunca.

Teu lila babaturanana anu tiluan geus daratang deui, da puguhanan teu pati jarauh imahna ti imah si Onah téh. Tiluanana mamawa piring dieusi ku sangu jeung deungeunna. Opatanana terus ngariun di tepas.

“Mana sambelna ieu téh?” Ceuk si Icih bari nempoan piring anu dihareupeun si Onah.

“Éh, enya nya. Sakedap, nya….” Si Onah nangtung terus muru ka dapur. Teu lila geus balik deui bari mawa sambel goang dina coét.

“Is, mana atuh réncangna?” Ceuk si Oneng ka si Euis.

“Da mung aya ieu, goréng endog wungkul.” Ceuk manéhna bari nempokeun piring anu dibawana ka si Onéng.

“Sugan téh aya anu anéh….” Ceuk si Onéng bari seuri.

“Nya nu aya waé atuh lah. Apanan ieu ogé aya deungeunna. Komo tah anu resep sambel, aya sambel. Ngan coélna ngan ukur aya nu kieu geningan.” Ceuk si Onah bari ngiserkeun coét jeung piring anu dipinuhan ku lalab.

“Wah éta mah karesep urang atuh.” Si Icih gumbira bari ngarongkong kana piring anu dikatengahkeun ku si Onah. Manéhna nyokot seupan daun sampeu, terus di cocolkeun kana sambel.

“Hayu atuh ah, lapar yeuh.” Si Onéng hayang buru-buru gera dahar.

“Sok atuh ngadunga heula.” Ceuk si Euis bari manéhna gegerendengan ngalapadkeun doana.

Sanggeus kitu mah, opatanana dalahar mani ngalimed pisan, siga anu lapar. Sangu sapiring séwang téh teu nyésa.