Ngambéng


Dina mangsa indit ka sakolana kabeurangan, osok pahibut di imah téh. Asa gurung gusuh arék indit sakola téh. Komo deui lamun kudu mandi heula. Jabaning apanan tampianana gé rada jauh ti imah. Tapi da tara unggal arék ka sakola osok mandi heula (dina waktuna horéam mandi mah osok ngan ukur sibeungeut wungkul). Salian ti acan mandi ogé apanan acan sarapan atawa mumuluk.

Sangu timbel

Tibatan datang ka sakolana kabeurangan (matak éra da osok dipoyokan), nya mending kénéh pahibut. Sanggeus sibeungeut maké cai sacangkir, terus disalin maké baju saragam sakola. Ari sarapan? Daripada henteu sarapan, mending mekel. Sangu pikeun sarapan ditimbel dihijikeun jeung deungeunna. Ngadaharna mah biasana bari leumpang ka sakolakeun. Tara didahar di sakola, da bisi kaburu asup ka kelas mantén. Bisi teu kaburu waktuna. Bisi teu kaburu kadaharna. Jeung deui geus biasa lamun dahar bari leumpang ka sakolakeun. Komo lamun aya batur daharna. Osok tara karasa leumpang jeung béakna sangu téh.

Ngan, meunang teu nya dahar bari leumpang…?