Goréng Sampeu


Kadaharan meunang molahkeun tina sampeu anu bisa disebut pangbasajanna nyaéta goreng sampeu. Sampeu téh diasakanana ku jalan digoréng. Anu ngaranna digoréng tangtuna ogé kudu ku minyak goréng. Salian ti merlukeun minyak goréng, ogé perlu uyah pikeun samarana. Cara molahkeunana ogé gampang pisan. Sampeu meunang ngala téh dipesék kulitna, terus sampeuna dikumbah sina beresih. Sanggeus beresih, sampeu guluntungan kénéh téh diteukteukan sina parondok, kira-kira dua buku curuk panjangna atawa tilu buku cinggir. Sampeu meunang neukteukan téh dibeulahan sina aripis, kira-kira satengah sénti-an kandel di lebah luareun sampeu (kandel di urut nu paantel kana kulitna). Ulah ipis teuing, bisi gampang tutung dina ngagoréngna, pon kitu deui ulah kandel teuing, bisi lila teuing asakna.

image

Sanggeus dibeulahan, kari ngagoréngna. Goréng sampeu nepikeun ka asakna. Cirina sampeu geus anak biasana mah hipu atawa rupa sampeu Nu digoréngna geus robah jadi rada konéng. Supaya goréng sampeuna aya rasaan, biasana osok disamaraan maké uyah. Uyah téh biasana mah dicampurkeunana nalika sampeu digoréng atawa satutasna digoréng dipurulukan uyah.

Meuli (Ngimpor) Sampeu ka Nagara Séjén? Bet Bisa…?


Nurutkeun warta anu dipedalkeun ku detikFinance dina poé Senén 9 Juli 2012, disebutkeun cenah nagara Indonésia téh meulian sampeu ti luar nagri utamana ti nagara China jeung Viétnam. Dina bulan April jeung Méi, sampeu anu dibeli téh kurang leuwih 5.057 ton sampeu. Éta sampeu anu mangton-ton téh kudu dibeuli kalawan hargana nepikeun ka 1,3 juta dollar. Anu jadi pananya téh, naha bet meuli ka nagara luar sagala? Naha hasil tatanén patani urang Indonesia henteu bisa nyukupan kana pangabutuh atawa aya hal tinimbangan séjénna?

Lamun diitung-itung mah harga sampeu anu dibeuli ti luar nagri téh nepikeun ka 2.300 tina sakilona (5.027.000 kilo dibagi 1,3 juta dollar dikali 9000). Harga anu lumayan nguntungkeun lamun ngilikanana ti lebah patani mah. Harga sampeu anu kotor ti patani mah kurang leuwih 500 rupiah. Lamun sampeu dijualna diberesihan heula asana téh moal ngurangan satengah-tengahna acan tina beurat kotorna (lamun dibandingkeun reujeung kotorna). Lamun patani bisa ngajual sampeu kotor sakilona 1000 waé ogé geus kacida untungna. Komo lamun bisa leuwih mah….

Sampeu

Terus nimu deui warta anu masih sumberna sarua kénéh ti detikFinance, disebutkeun ogé cenah sabenerna mah sampeu anu dibeuli ti nagara China jeung nagara séjénna téh nepi ka 3.000 ton dina unggal mingguna. Sababna meulian sampeu ti luar nagri téh cenah mah kusabab hasil tatanén sampeu di nagara Indonésia henteu bisa nyukupan pangabutuh sampeu industri anu aya di Indonesia kayaning industri dahareun, inuman katut industri kimia. Teu anéh lamun loba pausahaan anu ngahaja meuli sampeu ti luar nagri. Hasil tatanén sampeu di Indonésia loba nguranganana disababkeunana ku lahan pepelakan anu osok dipelakan sampeuna ngurangan da diganti ku tatanén kalapa sawit.

Ieu hal bisa dijadikeun kasempetan pikeun patani yén sabenerna mah anu ngaranna sampeu téh loba anu merlukeun. Ngan ieu inpo téh henteu nepi ka patani. Éta jadi masalah saeutikna patani anu melak sampeu. Dina melakna ogé ngan saeutik da lain pikeun dijual ka pausahaan gedé. Terus masalah séjénna mah nyaéta ngeunaan hargana. Patani di Indonésia mah éléh waé, teu bisa nangtukeun harga sorangan. Ngeunaan harga osok éléh ku anu meulina. Patani mah saeutik meunang untungna tibatan bandar. Dina bisa ngajual hasil tatanén téh osok murah waé.

Rupa-rupa Kadaharan tina Sampeu


Tangkal sampeu mah geus nelah tangkal anu asal nanceb kana taneuh, bakal ngahasilkeun. Tangkal sampeu mah teu kudu susah-susah miara. Najan kitu, kacida loba pisan jinis kadaharan anu bisa dijieun tina sampeu, naha beutina, daunna atawa kembangna.

Daun sampeu

Naon waé atuh rupa-rupa kadaharan anu bisa dijieun tina sampeu téh? Tengetan waé daptar anu aya di handap ieu.

  1. Beuleum Sampeu
  2. Didahar langsung
  3. Kulub sampeu
  4. Bubuy sampeu
  5. Seupan sampeu
  6. Diasupkeun kana peueut
  7. Kiripik sampeu
  8. Papais
  9. Peuyeum sampeu
  10. Bugis
  11. Ancemon: diparud, digulaan
  12. Gegetuk
  13. Gudiblag
  14. Opak sampeu
  15. Comro
  16. Diemplod: ditutuan, diuyahan.
  17. Kadedemes
  18. Angeun kembang sampeu
  19. Seupan daun sampeu
  20. Goréng daun sampeu

Ngaran Kadaharan Dumasar kana Cara Molahkeunana


Ieu mah husus ngeunaan ngaran kadaharan anu diolah heula. Lain kumaha cara ngolahkeun éta kadaharan. Ngan cara ngolah atawa molahkeun éta kadaharan, mangaruhan kana ngaran éta kadaharan.

Teu saeutik ngaran kadaharan anu diolah, nyokot tina cara molahkeunana. Kusabab kitu, teu matak hémeng lamun aya dua rupa kadaharan sanajan bahan anu dipakéna sarua, lamun cara molahkeunana béda mah bisa béda ngaranna. Contona waé aya anu ngaranna Cilok reujeung Ciréng. Duanana bahan asalna mah sarua waé nyaéta tina aci. Anu ngabedakeunana teh anu hiji mah disebut Cilok téh kusabab éta Acina teh dicolok jadi waé ngaranna téh Cilok, anu hartina Aci Dicolok. Sedengkeun ari Ciréng, asalna tina kecap Aci Digoréng.

Comro

Anu séjénna, diantarana waé:

  1. Réngkol, tina kecap goréng engkol. Ieu teh mangrupakeun ngaran séjén pikeun kadaharan bala-bala.
  2. Comro, asalna tina kecap Oncom di Jero. Sakumaha ngaranna, kadaharan ieu mah dijieunna tina sampeu meunang marud anu dijerona téh diteundeunan oncom anu disamaraan meunang ngaréndos.
  3. Longah, asalna tina kecap Bolong di Tengah. Nyaéta kadaharan tina aci sampeu anu wangunana buleud, di tengahan dibolongan.
  4. Sukro, nyaéta asalna tina kecap Suuk di jero. Ieu mah kadaharan anu jerona téh suuk dibulen ku tipung.

(Asal poto: http://kuliner.ilmci.com/wp-content/uploads/2010/05/comro.jpg)

Dikuramas


Waktu geus nyérélék waé. Panon poé geus ngiser lingsir ngulon, sakeudeung deui ogé bakal datang cicirén ti masigit. Sakeudeung deui bakal aya anu nakol dulag, méré tanda pikeun urang lembur anu arék dikuramas. Geus jadi kabiasaan, unggal arék ngalaksanakeun puasa téh urang lembur osok dikaruramas heula. Urang lembur téh marandi bari dianggir. Anggirna mah aya anu maké sampo aya ogé anu maké daun sampeu anu daunna téh paranjang leutik (sampeu naon nya…? Poho deui lah ngaranna mah). Tapi anu teu resep dianggir mah, tara dianggir, ngan ukur mandi biasa waé.

Atuh di tampian téh osok pinuh ku urang lembur anu ngadon dikuramas. Ngan kaayeunakeun mah, sanggeus nyarieun sumur, anu ngadon dikuramas di tampian téh ngan ukur anu teu bogaeun sumur.

Waktu beuki nyérélék….

Tampian

Teu lila, ti masigit geus aya anu nakol bedug, ngadulag méré tanda geus waktuna dikuramas. Atuh si Acim gura-giru indit ti imahna bari mamawa anduk. Manéhna muru ka imahna si Omon. Sanggeus nepi ka deukeuteun imahna si Omon, manéhna terus ngageroan si Omon ti buruan imah, ngajak buru-buru indit ka tampian. Sanajan manéhna jeung si Omon geus ngabogaan sumur, maranéhna ngahajakeun waé dikuramasna téh di tampian.

“Supaya ramé waé di tampian mah. Soalna lamun di imah mah moal ramé.” Kitu alesanana si Acim ka si Omon téh. Itung-itung ngolo supaya si Omon daékeun dikuramas di tampian.

“Saha waé kitu?” Si Omon masih kénéh acan satujueun.

“Nya jeung babaturan ulin urang, si Duyéh, si Uju jeung nu séjénna.” Ceuk si Acim nataan babaturan anu séjénna anu bakal bareng dikuramas di tampian.

“Nya lamun kitu mah.” Ahirna mah si Omon éléh déét. Nyatujuan kana kahayang si Acim.

“Tapi engké sampeur ka imah nya?” Pokna si Omon méré sarat.

“Nya heug lah.” Témbal si Acim sanggeus meunang kapastian kitu mah.

Opak Sampeu, Opak anu Dijieun tina Sampeu


Salasahiji kadaharan anu dijieunna tin sampeu nyaeta opak, anu disebut opak sampeu. Opak sampeu teh saperti opak biasa tina pare ketan. Cara ngolahna oge sarua.

Sampeu anu arek dijieun opak teh diberesihan heula, tina cangkangna terus dikumbah supaya euweuh kokotorna. Sanggeus kitu sampeu teh disiksikan make peso atawa bedog, ukuranana mah bebas arek sakumaha oge. Sanggeus kitu terus wae diseupan di luhureun hawu atawa kompor.

Sanggeus asak, dijait terus ditamplokeun kana dulang, pikeun ditutuan supaya lalempur. Teu poho oge dicampuran ku uyah supaya karasa asinna. Bisa oge disamaraan ku samara sejenna. Kumaha kahayang nu nyieunna.

Sanggeus lempur atawa henteu guguruntulan istilahna geus jadi ganyel, terus wae dijieun opak. Ganyel teh dikeureutan atawa dibentuk jadi baruleud. Sanggeus kitu terus digencetan supaya jadi ipis jeung baruleud. Ipisna ulah ipis-ipis teuing, oge ulah kandel-kandel teuing. Kandelna kira-kira samili.

Sanggeus jadi opak terus diterap-terapkeun atawa ditapel-tapelkeun kana ayakan gede pikeun dipoe, supaya garing.

Sanggeus moena garing, terus dijaitan. Kari ngasakan opakna. Ngasakanana bisa dibeuleum (dideangkeun) dina seuneu atawa digoreng.

Kadaharan tina Sampeu


Beuti  sampeu atawa leuwih gampangna disebut wae sampeu, bisa dijadikeun mangrupa-rupa kadaharan. Ti mimiti kadaharan anu teu perlu diolah heula nepikeun ka kadaharan anu kudu diolah nepi ka waktu anu sababaraha lila (sababarapa poe nepi ka didaharna). Sampeu bisa langsung didahar sanggeus dipesek heula tina cangkang katut kulumudna. Biasana mah mun lapar-lapar teuing, sampeu atah teh sok dijadikeun ganjel beuteung. Supaya beresih, leuwih hade dikumbah heula supaya ulah aya kokotor atawa panyakit. Sanajan kitu, teu nanaon mun ngan ukur kotor ku taneuh mah, da ngeunah oge mun lapar mah.

Beh dituna, sampeu teh salian ti didahar langsung, supaya rada alus mah, sampeu teh osok diasakan heula. Nya sahanteuna mun dibeuleum heula dina seuneu. Sampeu gelempengan anu acan dipesek teh langsung diasupkeun kana seuneu anu hurung. Ngan kade poho kudu dipalikeun supaya asakan rata luhur handap. Ciri asakna eta sampeu teh nyaeta mun dipencet karasa emoy atawa rada ngadelewo.

Sampeu teh bisa oge diasakanna kujalan dibubuy. Ngan saratna kudu aya atawa loba lebu dina durukanana. Sampeu teh dipesek heula. Terus diasupkeun kana lebu dina durukan terus diruang make lebu jeung areng. Ieu oge ulah poho pikeun malikeun bubuyan sampeu upaya ulah asak sabeulah. Asakna oge sarua keneh jeung meuleum sampeu, nyaeta mun karasa emoy.

Cara sejenna pikeun ngasakan sampeu teh nyaeta dikulub atawa diseupan. Sampeu teh dipesek heula terus dipotong-potong panjangna kira-kira sacuruk. Sampeu anu gede mah biasana dibeulahan jadi dua. Terus diberesihan, terus diseupan atawa dikulub.

Cara ngadahar sampeu anu nikmat mah nyaeta didaharna sakalian jeung ngadahar gula beureum. Mun henteu kitu, sampeu asak (meunang meuleum atawa ngulub/nyeupan) diasupkeun kana wedang anu arek diasakeun (arek jadi peueut) supaya amisna nyerep kana jero sampeu. Nikmat pisan karasana…. [Jadi waas keueur di lembur]

Sedengkeun kadaharan anu asalna tina sampeu meunang ngolah mah lumayan loba oge. Diantarana wae: opak sampeu, kiripik sampeu, gudiblag, peuyeum sampeu, comro (oncom dijero), colenak, jeung rea-rea deui.