Bébéné jeung Beubeureuh


Bébéné jeung beubeureuh téh ampir sarua. Duanana miboga harti anu ampir sarua. Duanana sarua nuduhkeun kana kabogoh. Ngan béda dina nerapkeunana. Anu ngaranna kabogoh atawa calon pasangan téh aya dua rupa, lalaki jeung awéwé. Lamun saurang lalaki atawa jajaka jeung awéwé atawa nyi mojang bobogohan atawa geus miboga tatali arék laki rabi, disebutna téh apanan kabogoh. Jajaka jadi kabogoh éta mojang, jeung sabalikna.

Jajaka jeung mojang keur bobogohan

Anu ngabédakeunana mah nyaéta dina nerapkeunana. Kecap bébéné dipaké pikeun sesebutan kabogoh ti jajaka ka nyi mojang. Saurang jajaka anu miboga kabogoh ka hiji mojang, jajaka éta nyebutna ka kabogohna téh nyaéta bébéné. Sedengkeun ari beubeureuh mah sesebutan ti hiji mojang ka kabogoh jajakana atawa calon pisalakieun.

Kecap anu dua ieu kadang osok pahili dina nerapkeunana. Kadang anu kuduna disebut bébéné kalahka disebut beubeureuh. Pon kitu deui sabalikna.

Hirup téh Papasangan


“Maha Suci Gusti Allah anu geus nyiptakeun sagalana papasangan, naha arék anu dijadikeun ku taneuh (bumi) jeung anu disagédéngeun maranéhna katut tina nanaon anu teu dipikanyaho ku maranéhna.” (Q.S. Yaasiin 36: 36)

Kitu kurang leuwih unina tarjamah Al-Quran surat Yaasiin ayat 36. Aya di luhur nuduhkeun yén sagala hal anu diciptakeun ku Gusti Allah di dunya ieu téh pasti papasangan, pasti aya pasanganana.

Ngan dina prak-prakanana dina kahirupan ieu, aya jalma anu ngabogaan sangkaan atawa pikiran yén anu hartina papasangan téh sakumaha papasanganana salaki pamajikan atawa hiji lawan hiji. Saurang salaki ngabogaan pasangan nyaéta saurang pamajikan. Pon kitu deui jeung jinis jalma, aya lalaki jeung awéwé. Anu tungtungna, lamun disanghareupkeun kana kaayaan yén hiji jalma téh teu ngabogaan jinis jalma (naha awéwé atawa lalaki), jadi bingung mana pasanganana jeung jiga kumaha pasanganana. Sedengkeun lamun niténan ayat di luhur mah jelas pisan yén sagala hal (mahluk) téh diciptakeun kalawan ngabogaan pasangan séwang-séwangan. Naha pasanganana téh bisa dipikanyaho kalawan gampang jeung jéntré atawa kudu ngaliwatan panalungtikan anu leuwih jauh.

Lalaki jeung Awewe (sumber gambar: internet)

Kusabab geus jadi hal anu pasti yén Al-Quran téh dijamin bener jeung aslina, hal anu disebutkeun di luhur téh teu bisa dipondah deui. Sagala rupa anu diciptakeun téh pasti aya pasanganana. Ngan anu garanna papasangan ieu, lain hartina jumlah atawa wangunanana hiji lawan hiji. Papasangan di dieu condong kana kaayaan atawa pasipatan anu béda atawa papalingpang, contona waé beurang jeung peuting, bener jeung salah katut senang jeung sedih.

Nurutkeun panalungtikan anu leuwih kahot, nanaon anu aya di dunya ieu téh dina jero-jerona mah dieusian ku dua jinis anu papasangan. Eta pangeusina téh mangrupakeun anu pangleutikna dina hiji hal (perkara, benda, barang) nyaéta atom. Dina atom, aya dua jinis pangeusi anu papasangan nyaéta éléktron dan proton. Dua jinis pangeusi ieu ngabogaan pasipatan anu béda jeung pasalia, anu hiji mah ngabogaan muatan positip nyaéta proton, sedengkeun éléktron mah muatanana téh négatip. Jadi lamun kitu mah dina dasarna sagala hal/benda/barang téh ngabogaan pangeusi anu papasangan.