Mikawanoh Komunitas Aleut!


Mimiti ngadéngé ngaranna, kaciri nyundana téh. Aleut, mangrupakeun kecap dina Basa Sunda anu nuduhkeun kaayaan anu ngabring. Dina hal ieu mah anu ngabringna téh nya sababaraha urang jalma atawa lobaan. Ngaleut mangrupakeun pagawéan sababaraha urang jalma (atawa lobaan) anu ngabring muru ka tempat anu dijugjug.

Ngeunaan Komunitas Aleut!, bisa disebutkeun mangrupakeun komunitas anu anggahotana barudak ngora anu hayang mikacinta kana tempat (dayeuh) anu keur dianjrekanana. Mikacintana ku jalan mikawanoh jeung néangan luang tina sajarahna. Sakumaha ngaranna, kagiatan poko anu dilumangsungkeun ku ieu komunitas téh nyaéta ngaleut atawa ngabring mapay tempat atawa ngajugjug tempat anu miboga niléy sajarah. Ku jalan ngaleut, dipiharep dina ngahargaan kana sajarah téh bisa leuwih loba anu mikaresep. Harepanana, niléy sajarah téh bisa dilarapkeun dina basa katut kahirupan sapopoé.

Komunitas Aleut! di twitter
Komunitas Aleut! di twitter

Komunitas Aleut! dikokolakeun ku saurang koordinator kalawan dibantuan ku sababaraha urang anggahota aktip salaku pangurus poéan. Struktur dina Komunitas Aleut! henteu tetep, tapi disaluyukeun reujeung pangabutuh.

Pikeun anu hayang ngiluan kana ieu komunitas, Komunitas Aleut! bisa diiluan ku saha waé kalawan sarat henteu ngabeuratkeun. Da ieu Komunitas mah lain néangan untung. Sarat anu kudu dicumponan kunu hayang jadi anggahota nyaéta:

  1. Bisa maca aksara latén.
  2. Miboga kahayang pikeun diajar.
  3. Resep leuleumpangan (jalan-jalan).
  4. Ngeusi keretas pormulir paranti daptar.

Anu hayang jadi anggahota ngan ukur dipénta waragad sapuluh réwu pikeun sataueun. Ieu waragad téh pikeun gaganti nyieun pin anggahota (unggal anggahota baris dibéré pin), béaya sms pikeun bewara lamun aya kagiatan ngaleut, jeung pikeun kas.

Sedengkeun papagon anu kudu dicekep ku unggal anggahota Komunitas Aleut! ieu, diantarana waé:

  1. Turut tumut kana papagon umum salaku warga masarakat.
  2. Nyumponan tanggung jawab salaku anggahota komunitas saperti silih tulungan, henteu ading adiguna, ogé henteu ngamangpaatkeun komunitas pikeun kapentingan anu henteu bener.
  3. Henteu ngamangpaatkeun data jeung aksés anggahota Aleut! pikeun kapentingan pribadi atawa kelompok di luar Komunitas Aleut! bari taya idin ti pengurus.
  4. Ngiluan kana kagiatan diajar babarengan.
  5. Sanajan taya tatali katut kawajiban anu pakaitna dina hal organisasi, harepanana mah bisa nyekel kana aturan anu aya.
  6. Pangurus bisa ngaluarkeun salasaurang anggahota lamun dianggap ngaganggu anggahota séjén dina komunitas.
  7. Anu ngiluan komunitas Aleut! ogé kudu apal jeung nyaluyuan katut ngalaksanakeun dadasar Komunitas Aleut!, manco dina kagiatan anu dilumangsungkeun, ngajaga harga diri komunitas katut ngaragangan anggahota anu séjénna.
  8. Sanggup ngagunakeun idéntitas Komunitas Aleut! dina unggal ngiluan kagiatanana.

Nurutkeun data anu diancokeun dina blog Komuunitas Aleut, ieu komunitas diadegkeun dina taun 2006. Kalawan sekretariat ayeuna di Jalan Sumur Bandung No. 4 Bandung 40132. Alamat sérélék di komunitasaleut@gmail.com, akun pésbukna di klab_aleut@yahoo.com, akun twitter di @KomunitasAleut. Sedengkeun alamat lokana di aleut.wordpress.com.

(Inpo meunang nyutat ti aleut.wordpress.com)

Advertisements

Lanraad Ngajanggélék Jadi Gedong Indonésia Menggugat (GIM)


Teu pira mimitina mah ngan ukur imah biasa pikeun tempat cicing urang Walanda dina taun 1909, anu perenahna di sisi jalan Lanraadweg. Ieu gedong jadi robah sanggeus ngalaman kahuruan dina taun 1917. Urutna diwangun gedong anu dijadikeun Gedong Lanraad Bandoeng atawa Pangadilan Negeri Bandung dina jaman Walanda. Ieu gedong jadi kakoncara kusabab miboga niléy sajarah waktu Soekarno unggah balé watangan di ieu gedong.

Gedong Lanraad taun 1909
Gedong Lanraad taun 1909

Nurutkeun sajarah, Soekarno unggah balé watangan kusabab dianggap geus migawé pagawéan anu ngalawan (makar) ka pamaréntah Walanda. Kusabab kitu, Soekarno dicerek terus diasupkeun ka panjara Banceuy. Salila prosés pangadilan, Soekarno nyicingan panjara anu ukuranana kacida heureutna, 1 x 2 méter. Anu dicerek téh lain ngan ukur Soekarno wungkul, tapi ogé reujeung babaturanana nyaéta Gatot Mangkupraja, Maskun Sumadiredja jeung Soepriadinata.

Jalan Lanraad anu ngaliwatan gedong Lanraad dina samemeh 1920
Jalan Lanraad anu ngaliwatan gedong Lanraad dina samemeh 1920

Dina waktuna sidang di pangadilan anu dilumangsungkeun di gedong Lanraad dina taun 1930, Soekarno macakeun pledoi (ngabéla diri) di hareupeun hakim. Plédoi ieu disebutna Indonésia Menggugat anu eusina ngabéla diri yén pamaréntah Walanda henteu bisa kukumaha ka Nagara jeung Bangsa Indonésia. Ahirna, Soekarno ditibanan hukuman dikerem di jero panjara salila opat taun. Soekarno dikerem di panjara Sukamiskin. Kusabab loba anu ngadongsok, hukuman panjara Soekarno dikurangan ngan ukur dua taun.

Gedong Lanraad anu wangunanana acan dirobah dina taun 1920
Gedong Lanraad anu wangunanana acan dirobah dina taun 1920

Sanggeus Indonésia merdika, gedong Lanraad téh dipaké ku PMI jadi kantorna dina taun 1047 nepikeun ka 1949. Dina taun 1953 nepikeun ka 1970, ieu gedong dipaké jadi Kantor Perjalanan dan Kas Otonom, bagéan tina Keuangan Sekretaris Propinsi Jawa Barat. Sedengkeun dina taun 1970 nepi ka 2002, ieu gedong dijadikeun Kantor Bidang Meteorologi Dinas Perdagangan dan Perindustrian Propinsi Jawa Barat.

Indonesia Menggugat
Indonesia Menggugat

Dina taun 2003, gedong ieu dibebenah ku pamaréntah. Kalawan dingaranan Gedong Indonésia Menggugat (GIM), miboga status salaku wangunan cagar budaya jeung jadi asét sajarah. Di ieu gedong aya rohangan anu ukuranana 6 x 6 méter anu perenahna di belah wétan kalawan dieusian ku méja warna héjo pikeun hakim katut anu ngaluuhan sidang salaku tanda yén baheula Soekarno pernah disidang di ieu gedong.

Gedong Indonesia Menggugat dina taun 2013
Gedong Indonesia Menggugat dina taun 2013

Dina ping 18 Juni 2007, Gedong Indonésia Menggugat diresmikeun jadi Rohangan Publik ku pamaréntah Jawa Barat kalawan diluuhan ku Ketua MPR RI, Hidayat Nur Wahid. Ayeuna, Gedong Indonésia Menggugat bisa dipaké ku saha waé atawa ku masarakat anu hayang nyaho kana kaayaan titinggal sajarah baheula.

Tulisan meunang nyutat ti:

  1. Sejarah Singkat Gedung Indonesia Menggugat
  2. Gedung Indonesia Menggugat
  3. Lanraad: Bangunan Belanda di Bandung

Potret meunang nginjeum ti @mooibandoeng

Smansalingga ’82, Blog Alumni SMAN 1 Sumedang Taun 1982


Blog ieu mah mangrupakeun blog husus pikeun alumni SMA Negeri 1 Sumedang taun 1982. Sanajan kitu, eusi ieu blog mah lain ngan ukur pikeun alumni SMA Negeri 1 Sumedang wungkul. Da eusina mah loba rupana, anu bisa dibaca ku jalma umum salian ti lulusan SMA 1 Sumedang.

Eusina ieu blog kacida rempegna. Hal ieu teh bisa katempo ku jumlah tulisan reujeung katagori anu aya. Aya katagori Gogonjakan, Kalangenan, Sajarah hususna sajarah Sunda katut sajarah Sumedang, umum, carpon jeung katagori séjénna.

Waktu dilongok, tulisan pangahirna dina ieu blog téh maké judul Ha Ha Ha (15) anu eusina ngeunaan humor atawa heureuy.

Lamun ngalongok kana lambaran Perkawis ieu blog, bakal kapanggih ngeunaan ieu blog. Tujuan dijieunna ieu blog jeung ngeunaan katagori-katagori anu aya. Kitu deui pikeun anu arék ilubiung dina ieu blog moal dimomoré, bakal diangken. Boh ku jalan ngirim tulisan atawa poto.

Pameunteu blog Smansalingg82

Anu panasaran kana ieu blog, mangga waé longok blog Smansalingga ’82 di alamat http://smansalingga82.wordpress.com/

Sajarah di Lembur


Sanajan sajarah téh biasana dipagunemkeunana di sakolaan, da pédah aya pangajaranana, di lembur ogé anu ngaranna sajarah mah lain euweuh. Di lembur ogé osok aya anu nyabit-nyabit kana sajarah mah. Ngan sajarahna, biasana mah ngan ukur tatalépa ngaliwatan obrolan atawa omongan wungkul. Taya catetan sajarah anu dijadikeun buku. Pon kitu deui teu nepikeun ka ditetelepék nepikeun ka bubuk leutikna.

Aki keur nyaritakeun jaman baheula

Sajarah di lembur mah lolobana aya pakaitna reujeung karuhun. Sakumaha anu geus disebutkeun saméméhna, anu ngaranna sajarah mah ngeunaan kahirupan jalma baheula atawa anu geus kaliwat. Barudak biasana mah osok naranggap caritaan kolot ngeunaan jaman keur ngorana éta kolot. Naha arék keur jaman bajoang ngusir Kompeni atawa jaman Jepun. Da caritaan éta anu matak ramé pikeun barudak mah. Komo lamun éta kolotna (nini atawa aki) anu resep cacarita.

Salian ti ngeunaan kahirupan pribadi jaman baheula karuhun atawa kolot, bisa ogé sajarah ieu pikeun nyukcruk galur turunan atawa pancakaki. Ku jalan nilik kana sajarahna, bisa kapanggih saha waé dulur anu masih kénéh aya kakait dulur atawa baraya.

Jadi sajarah di lembur mah ambahanana téh ngan saeutik. Ngan ukur ngawengku salembur atawa saturunan wungkul. Pangjauhna jauhna, paling ogé ngeunaan sajarah ngadegna lembur, saha waé anu ngadegkeun lembur jeung kumaha kaayaan harita waktu ngadegna.