Lebet


Lebet mangrupakeun hiji ngaran patempatan anu aya di lembur Ciburuan. Perenahna ieu tempat téh aya di béh kuloneun lembur. Di tempat ieu dipinuhan ku tatangkalan, anu lolobana mah tangkal atawa rungkun awi kayaning awi tali. Pikeun bisa asup ka ieu tempat, kudu ngaliwatan jalan satapak anu sawarehna jalan ieu téh mapay sisi lamping.

Rungkun awi di sisi leuweung Lebet

Salian ti rungkun awi aya hiji tangkal anu gedé jeung jangkung di jero ieu leuweung. Ieu tangkal bisa jadi ciri lamun diténjo ti tempat séjén anu jauh. Tangkal ieu jangkungna béda reujeung tatangkalan anu séjén, nyaéta leuwih jangkung.

Ceuk béja, di tempat ieu téh lumayan geueuman. Di jerona aya kuburan karuhun urang Ciburuan. Aya sababaraha hiji kuburan anu perenahna misah-misah.

Ka ieu tempat osok aya jalma anu ngadon nyekar, hususna dina waktu-waktu anu tangtu saperti bulan Rajab atawa sanggeus Idul Fitri.

Mangga Ka Lebet


Geus jadi kabudayan, anu ngaranna sémah mah osok diangkir ka jero imah. Piraku waé aya sémah diantepkeun di buruan atawa di golodog mah. Pikeun ngaragangan jeung ngajénan sémah, anu mimiti diucapkeun téh apanan kekecapan “Mangga ka lebet.”

Sanajan teu kabéh sémah osok daékeun ka jero imah, tetep waé da ka sémah mah kudu soméah atawa daréhréh. Naha arék daékeun diangkir ka jero imah atawa henteu (nungguan di buruan ku sabab perluna ngan ukur sakeudeung).

Dina hal nganggir sémah ku kecap Mangga ka lebet, pikeun anu resep heureuy mah embungeun di titah ka lebet téh. Babasaanana téh cenah, embung ah loba reungit di Lebet mah.

Aya benerna ogé, di Lebet mah loba reungit.

Rungkun awi di Lebet

Lebet téh lain ngan ukur miboga harti jero imah. Di lembur mah anu ngaranna lebet téh salian ti ngaran jero imah, ogé mangrupakeun ngaran tempat anu perenahna di sisi leuweung. Éta patempatan téh dipinuhan ku tutuwuhan kayaning rungkun awi jeung tatangkalan séjénna. Ngan lolobana mah rungkun awi, hususna awi tali.

Jadi lamun dititah ka lebet téh kudu jelas heula, lebet anu mana. Lamun lebetna téh jero imah mah, nya tangtuna ogé daékeun. Tapi lamun dititah ka lebetna téh ka leuweung awi, kudu mikir heula. Sanajan euweuh sato ganggas, tapi da anu ngaranna reungit leuweung mah tangtuna ogé bakal napuk kana awak.

Sirah Cai jeung Kahirupan


Cai teu bisa dipisahkeun tina kahirupan jalma. Jalma dina nyorang kahirupanana teu bisa leupas tina cai. Jalma teu bisa hirup lamun euweuh cai. Cai jadi hiji modal kahirupan jalma.

Di pilemburan mah, cai téh biasana kaluar ti sirah cai. Sirah cai jadi kokocoran cai ti jero taneuh anu saterusna mah ngocor ka tempat anu leuwih handap, mapay solokan, wangan nepikeun ka walungan anu ditungtungan ku sagara di lautan atawa situ.

Cai ti sirah cai saméméh ngocor ka wahangan, bisa dimangpaatkeun jeung diala pikeun kapentingan hirup jalma, bisa dipake beberesih atawa nginum jeung masak. Cai anu ngocor kaluar ti sirah cai gumantung kana kaayaan sakurilingeun éta sirah cai, utamana kaayaan alam jeung tatangkalanana. Sakumaha anu geus kamaphum ku urang, cai anu ngocor ti sirah cai téh asalna mah tina cai hujan anu teu langsung ngocor ka wahangan, tapi anu nyerep ka jero taneuh jeung diteundeun di dinya pikeun sawatara waktu saméméh dikaluarkeun atawa dikocorkeun. Cai anu nyerep téh nyangsang di jero taneuh anu dipinuhan ku akar-akar tatangkalan, kadang bisa ogé nyangsang dina dangdaunan anu minuhan éta tempat. Teu matak hémeng lamun dina  tempat kitu, taneuhna teh osok baseuh. Jadi anu ngaranna sirah cai mah biasana tempatna téh dipinuhan ku sabangsaning tatangkalan. Tatangkalan anu remen aya di sirah cai téh biasana mah rungkun awi.

Sirah cai

Supaya éta sirah cai téh langgeng tetep ngocor waé caina, éta sirah cai téh kudu dijaga kaayaanana, supaya ulah nepikeun ka tatangkalana dituaran. Komo nepikeun ka gundulna mah. Ieu kaayaan téh geus jadi hiji hal anu biasa di pilemburan mah. Urang lembur, taya anu hayang ngaharu ganggu kana tatangkalan anu jaradi di sirah cai. Sanajan tatangkalanna geus galedé ogé, diantepkeun waé. Lamun perlu awi, paling ogé saperluna waé.

Malahan lamun nengetan jaman béh dituna mah, anu ngaranna sirah cai téh kacida dipupustina. Sirah cai téh jadi tempat anu ahéng atawa karamat. Taya anu wani ngaganggu. Arék kukumaha ogé diantepkeun waé.

Mapag Bulan Puasa (2)


“Mon, nyieun naon waé ieu téh?” Ceuk si Acim ka si Omon bari ngagugusur leunjeuran awi tamiang, ti rungkun awi ka sisi kebon.

“Nya nu penting ayeuna mah éta waé heula sadiakeun heula awina. Perkara jadi nanaonna mah kumaha engké.” Témbal si Omon anu sarua oge ngagugusur awi. Ngan manéhna mah awi anu dialana téh awi tali, ti lebakeun awi tamiang.

Sanggeus duanana nepi ka sisi kebon, maranéhna dariuk heula di handapeun tangkal jéngkol, ngareureuhkeun kacapé. Késang kalaluar tina awak duanana, kusabab capé enggeus nuar awi terus ngagusurna ka sisi kebon anu rada nanjak.

Angin anu ngahiliwir, nuuskeun késang. Sanggeus teu jibreg teuing késangna, si Omon terus mesat bedogna pikeun neukteuk awi tali beubeunanganana.

“Ari éta bakal dijieun naon kitu Mon?” Si Acim nanya deui panasaran.

“Ieu mah urang dijieun kohkol, pikeun ngadulag jeung ngider.” Témbal si Omon.

“Oh, éta. Kuring pangnyieunkeun atuh….” Si Acim curinghak.

“Da kuring ogé teu bisa. Engké waé nyieunna mah ku bapa kuring.” Témbal si Omon bari neukteuk awi tali anu ukuranana teu pati gedé, kira-kira sabitis manéhna.

“Bener manéh arék nyieun?” Si Omon nanya bari neundeun awi meunang neukteuk.

“Heu-euh.” Témbal si Acim bari nangtung.

Sumber gambar: http://www.suarakomunitas.net/content/images/1222406951-m.jpg

“Bisa teu neukteukna?” Si Omon nanya ka si Acim bari ngangtungkeun awi sésa paneukteukanana anu masih kénéh rada panjang.

“Pangneukteukeun waé atuh. Kuring mah bedogna leutik.” Témbal si Acim méré alesan. Padahal mah lain ku bedogna-bedogna teuing. Ngan manéhna mah tacan pati bisa.

Kapaksa si Omon neukteuk deui awi tali pikeun si Acim. Sanggeus bérés terus dijajarkeun jeung awi tali anu tadi meunang neukteuk.

“Ari awi tamiang ieu pikeun naon, Mon?” Si Acim bari meresihan bubuku awi tamiang beunangna.

“Maenya manéh poho deui…? Apanan urang nyieun obor…!” Témbal si Omon.

“Oh, heu-euh nya.” Témbal si Acim kakara surti. “Ku kuring waé atuh neukteukna anu ieu mah.”

“Nya sok. Ngan kadé bisi raheut.” Si Omon ngawanti-wanti.

Ku si Acim awi tamiang téh diteukteukan. Panjangna sabuku-sabuku. Manéhna neukteuk dua teukteuk, pikeun manéhna jeung pikeun si Omon.