Ngabastakeun


Barudak anu mangkak rumaja, geus miboga sipat galak sinongnong atawa geus nincak balég tampélé, osok aya-aya waé kalakuanana téh. Barudak anu najan geus boga kahayang, tapi teu bisa terus terang sajalawantrahna. Lamun boga pamaksudan jeung kahayang ngan ukur bisa ti jauhna atawa teu bisa langsung togmol. Osok maké jalan anu malipir atawa sacara henteu langsung.

Budak anu miboga rasa resep ka lain jinis

Budak anu mangkak rumaja mah geus miboga rasa anu mikaresep ka lain jinis. Lamun budak lalaki, nya geus boga resep ka budak awéwé. Pon kitu deui sabalikna, budak awéwé geus miboga rasa resep ka budak lalaki. Ngan dina perkara resepna ieu, jarang anu wani balaka langsung ka jinisna. Lolobana mah ngan ukur bisa nyérangkeun ti kajauhan. Pikeun budak anu kurang wawanénna mah, biasana osok aya istilah ngabastakeun atawa silih bastakeun. Ngabastakeunana bisa ku ucapan atawa ku tutulisan. Tapi biasana (kalolobaanana) mah maké tutulisan anu ngahaja ditulis dina tembok atawa dina papan.

Ngabastakeun téh nyaéta nyambungkeun atawa nyebutkeun yén si Anu bogoheun atawa mikabogoh ka si Ani. Anu nulisna mah biasana babaturanana, anu ngahaja hayangeun nembrakeun kahayang haté budak anu ngaranna ditulis. Ngan dina palebah ngabastakeunana, teu kabéh didasaran kusabab budak anu diitulisna resepeun atawa mikabogoh. Aya ogé anu ngan ukur heureuy atawa moyokan. Malahan mah aya ogé budak anu ngadon ngabastakeun babaturanan si Anu bogoheun ka si Ani, padahal anu sabenerna mah manéhna sorangan anu mikaresep ka si Ani.

(Gambar meunang nginjeum ti http://ayfachry.files.wordpress.com/2011/04/pacaran1.jpg)

Tarawéhan


Ti masigit geus kadéngé sora anu méré béja yén mimiti peuting ayeuna dilaksanakeunana solat Tarawéh. Atuh urang lembur anu geus biasa osok ngiluan solat Tarawéh mah mani saraget pisan muru ka masigit. Dina peutingan ka hiji mah masigit téh pinuh kunu solat Tarawéh, malahan aya anu nepikeun ka émpér sagala. Kolot budak, aki-aki nini-nini, lalaki awéwé mariluan solat. Teuing pedah peutingan kahiji meureunan. Jadi lobaan anu ka masigit téh.

Dina prak-prakanana solat, teu bisa kabéh husu miluan solatna téh. Aya waé gangguanana, komo barudak mah. Anu ngaranna budak mah dina solatna téh osok dibarengan ku heureuy. Aya anu silih tincak jeung babaturan anu di gigireunana, aya anu silih dupak, silih sedekeun, jeung silih rojok sagala. Malahan mah aya ogé kolot anu kaasup tukang heureuy kalahka miluan heureuy. Ngan pédah teu kamalinaan, béda jeung barudak, ti mimiti nepikeun ka bérésna solat téh angger waé heureuy. Éta ogé lain  euweuh anu nyarék. Anu nyarék mah aya, malahan mah loba. Tapi anu nyarék mah nyarék, anu heureuy mah tetep waé heureuy.

Solat Tarawéh anu dipakéna téh nya 23 rokaat, 20 rokaat solat Tarawéh ditambahan ku tilu rokaat solat Witir. Nya lumayan rada lila ogé. Komo imamna Mang Ahmad mah, da maca Surat Al-Fatihah jeung Surat tambahanana téh rada anca. Jadi waé rada lila nepikeun ka bérésna téh. Béda jeung Mang Didin. Lamun Mang Didin mah rada gancang. Jadi kadang barudak jeung rumaja mah, lamun imamna Mang Ahmad mah osok nyaralsé waé solatna téh. Aya ogé anu solatna téh ngan ukur rokaat mimiti jeung rokaat tungtung wungkul, di tengah-tengahna mah henteu miluan. Nu penting mah katempo ngiluan solat waé. Komo barudak sakola anu kudu ngeusian Buku Amal mah, solatna téh lolobana mah pikeun ngeusian éta Buku. Teu kabéh kétang éta téh, masih kénéh aya anu husu dina solatna sanajan kudu ngeusian Buku Amal ogé.

Masigit

Sanggeus réngsé solat Witir, acan ogé sasalaman, barudak laleutik mah langsung riab ka luareun masigit. Pangpangna mah muru ka tempat neundeun bedug. Nya tujuanana mah pikeun nakolan éta bedug, ngadulag téa. Ngan da barudak leutik mah lain ngadulagna, ngan ukur milu raraméan nakolan kongkol atawa tihang bedugna. Da bedugna mah jangkung jeung loba anu teu bisaeun nakolna. Anu biasa ngadulag mah Mang Dadan.

Sanggeus sasalaman, anu ngiluan solat Tarawéh téh mimiti naringgalkeun masigit. Aya sababaraha urang anu ngadon dariuk di masigit, kaasup Mang Ahmad. Sigana mah arék Tadarusan.

“Mon, ku kuring disampeur waktu subuh nya….” Ceuk si Acim ka si Omon anu eukeur ngajanteng dina lawang panto masigit.

“Heueuh, ngan entong telat teuing nya, bisi teu kabagéan tempat.” Ceuk si Omon ngawawadian.

Si Acim unggeuk.

“Ari manéh arék ka mana kitu? Terus balik waé?” Si Omon nanya ka si Acim anu terus ka luar ti masigit.

“Nya heueuh atuh.” Témbal si Acim.

“Moal Tadarusan…?” Si Omon mencrong.

“Moal ah ayeuna mah. Paling peuting isukan.” Témbal si Acim bari ngaléos muru ka imahna.

Jalan Anu Panjang


Lamun émut kanu ngantos
Iraha dipasihan wartos
Patepang upami cios
Supaya henteu digentos

Dugi ka iraha anjeun sabar
Ngantosan anu tatahar
Bari anjeun henteu sadar
Perhatosan anu dipalar

Pikiran asa ngapung
Ka luhur na méga mendung
Hayang pisan patepung
Leungitkeun gandrung liwung

Kadang haté ngolémbar
Asup ka alam samar
Néangan kadua kembar
Sugan bisa leuwih jembar

Lamun haté ngacacang
Indit ka tempat nu anggang
Sugan aya anu kapentang
Kitu ogé lamun kongang

Inget ka jaman baheula
Waktu urang keur rumaja
Waktu patepang di sakola
Ngedalkeun rasa cinta

Naratas jalan nu panjang
Anu tacan kasawang
Kumaha bakal kasorang
Teu bisa ukur dilanglang

Jangji pasini geusan ngajadi
Sugan bisa laki rabi
Dua pikir ngahiji
Dua rarasaan dipatri

Cikago, Méi 2002
Pangropéa: A.M.I.D

Anaking


Deudeuh teuing anaking, anak aing
Lalampahan bet ngarempak anu dipahing
Nyorang jalan anu gurawes lamping
Naha teu sieun kitu lamun teu cicing
Lamun leupas kadali, henteu eling

Ti leutik, teu weleh diatik dididik
Teu weleh mepeling mere pangeling sanajan saeutik
Kana kaalusan teu weleh satuhu, ngiclik
Teu weleh beubeunangan lamun balik
Pangarti teu weleh nambahan, terus diulik

Manjing rumaja, harepan terus nyaliara
Masing jadi jalma anu mawa ajen kulawarga
Hirup reujeung batur tetep natangga
Sagala henteu ngan ukur jadi cocoba
Indit reujeung balik henteu pasalia

Nete taraje nepikeun ka gede baleg tampele
Harepan minuhan mani ku gede hate
Harepan beurang peuting tetep mepende
Harepan nu jadi kanyataan lain pere
Mudah-mudahan henteu talangke diengke-engke

Harepan tinggal harepan, nu pamohalan
Kanyataan pasalian reujeung pikiran
Kahayang ukur cicing dina emun-emunan
Jugjugan mengpar ngencar tina tujuan
Naha…, atuh naha, bet robah udagan

(Dicutat tina: http://www.facebook.com/amid.abdul.malik.imanuddin?ref=profile#!/notes/amid-abdul-malik-imanuddin/anaking/411429281893)