Alimpaido Kaopat Taun 2012 di Kabupaten Kuningan


Anyaran kénéh, cenah ceuk warta anu kapanggih di internét, geus dilumangsungkeun kagiatan Alimpaido. Alimpaido pikeun taun 2012 atawa Alimpaido entragan kaopat, dilumangsungkeun di Kabupaten Kuningan. Ieu acara téh dilumangsungkeun dina ping 20 nepikeun ka 21 Oktober 2012. Ari tempatna nyaéta di Open Space Gallery, Linggarjati. Sakumaha acara Alimpaido saméméhna, dina acara Alimpaido ieu ogé dilumangsungkeun pasanggiri kaulinan barudak anu diiluan ku wawakil ti unggal kabupaten anu aya di Jawa Barat.

Acara Alimpaido kaopat ieu miboga téma Samitaning Kaulinan Barudak, Bisa Mawa Bagja Balaréa. Dina ngalumangsungkeunana, aya sapuluh rupa kaulinan barudak anu dipatandangkeun. Kaulinan anu dipatandangkeun téh nyaéta Jajangkungan, Kelom Batok, Rorodaan, Éngklé/Sondah, Sorodot Gaplok, Pérépét Jéngkol, Gatrik, Gasing, Bedil Jeprét jeung Sumpit. Salian ti pasanggiri kaulinan barudak, ogé dilumangsungkeun paméran kaulinan barudak, workshop kaulinan barudak, katut bazar kaulinan barudak reujeung kadaharan tradisional.

Barudak keur maenkeun hiji kaulinan barudak

Pamilon anu ngiluan kana ieu acara téh diwawatesan ku umur anu paling kolotna 15 taun. Jadi anu bisa ngiluan jadi pamilon dina acara tatandang kaulinan barudakna, ngan ukur barudak wungkul. Jalma anu geus déwasa mah henteu bisa ngiluan. Unggal kabupaten bisa ngirimkeun wakilna jadi hiji tim anu dieusi ku lima urang budak. Ngan dina derna acara, tina 26 kabupaten anu dirarancang bakal ngiluan atawa ngirimkeun wawakilna, aya opat kabupaten anu henteu ngirimkeun wawakilna, nyaéta Kabupaten Sumedang, Kota Depok, Kabupaten Cirebon jeung Kota Sukabumi.

Pikeun warta anu lengkep bisa ngalongok ka loka-loka:

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.pikiran-rakyat.com/)

Diajar tina Rorodaan Gilinding Hiji


Rorodaan anu gilindingna hiji, anu paranti ngadorongna téh tina awi saleunjeur, biasana mah ku barudak téh osok dipaké ngakut cai anu diwadahan kana jalikén atawa émbér. Lamun dibandingkeun reujeung dijingjing ku leungeun, éta cai téh leuwih hampang ditarik maké rorodaan. Jadi salian dipaké pikeun hareureuy atawa ulin, éta rorodaan téh osok dipaké pikeun mantuan kolot ngala cai ka tampian.

Anu kudu dijadikeun panalungtikan téh naon sababna éta cai téh leuwih hampang lamun ditarik maké rorodaan tibatan dijingjing maké leungeun? Ari jawaban anu gampangna mah nya bisa waé kusabab dibantuan maké rorodaan. Tapi jawaban nurutkeun élmu pangaweruh di sakola kumaha atuh? Da lamun ditengetan mah ngeunaan perkara ieu téh aya élmuna anu diajarkeun di sakola, hususna élmu alam (IPA atawa Fisika).

Rorodaan gilindingna hiji dipake narik cai

Kumaha atuh ngeunaan ieu téh lamun ditilik tina élmu Fisika?

Ngeunaan mawa cai aya pakaitna reujeung pangajaran massa, beurat reujeung gaya (lain gaya dina basa Sunda ieu mah). Berat cai anu dibawa téh salian ti ngabeungbeuratan budak anu mawana ogé ngabeungbeuratan gilinding rorodaan. Jadi beurat cai téh dibagi duaan. Babagina, kumaha wangunan rorodaaanana, utamana panjang pangdorongna katut bédana panjang tempat neundeun cai kana gilinding reujeung kana taktak budak anu mawana.

(Gambar meunang nginjeum ti internet)

Momobilan, Kaulinan Barudak dina Nyieun Mobil


Momobilan, sakumaha ngaranna minangka kaheureuyan atawa kaulinan barudak anu wangunanana nurutan mobil beneran. Sanajan kitu, teu kabéh momobilan anu wangunanana nurutan mobil. Da aya ogé momobilan anu wangunanna henteu nurutan mobil. Kusabab éta, dina kanyataanna kadang bisa waé pahili antara momobilan jeung rorodaan. Da antara rorodaan jeung momobilan mah sarua maké gilinding. Anu bisa dijadikeun pangbébéda antara rorodaan jeung momobilan téh nyaéta jumlah gilindingna. Lamun momobilan mah gilindingna téh biasana opat siki, sedengkeun rorodaan mah jumlah gilindingna téh kurang ti opat.

Momobilan

Kaulinan momobilan ieu, lain ngan ukur ngaulinkeun momobilanana wungkul. Tapi, anu ngaranna kaulinan barudak mangrupakeun momobilan téh nyaéta ti mimiti nyieun wangunana momobilanana. Jadi, anu ngaranna kaulinan barudak momobilan di dieu mah nyaéta momobilan anu dijieun lain momobilan meunang meuli. Wangunan momobilan biasana dijieun tina kai panyésaan atawa tina dahan kawung. Kadang aya ogé momobilan anu dijieunna tina cangkang jeruk bali. Momobilan anu gampang dijieunna téh nyaéta mobil treuk. Da anu osok dipaké kaulinan mah nyaéta momobilan treuk.

Momobilan anu basajan pisan mah bisa dijieun tina cangkang jeruk bali. Atawa lamun hayang rada nyeni jeung wangunanana bisa sarua jeung mobil nyaan, bisa maké dahan kawung. Sedengkeun lamun hayang tohaga jeung alus, nyieun momobilanana bisa tina kai atawa bahbir.

Aya sababaraha mangpaat anu bisa diala atawa kapanggih dina ieu kaulinan, diantarana waé:

  1. Ngajarkeun budak supaya motékar. Dina kaulinan momobilan ieu, sakumaha disebutkeun di luhur, lain ngan ukur ngulinkeunana wungkul, tapi ogé kumaha carana nyieun éta momobilan. Budak sina diajar nyieun momobilan, ti mimiti anu basajan pisan (nyieun momobilan tina dahan kawung atawa cangkang jeruk bali), nepikeun ka momobilan anu alus (dijieun tina kai/bahbir).
  2. Silih ajarkeun pangabisa. Dina nyieun momobilan, teu kabéh barudak bisa nyieun éta momobilan. Dina nyieun éta momobilan, anu acan bisa, biasana mah nempokeun heula budak anu geus bisa. Jadi, budak anu acan bisa nurutan budak anu geus bisa.
  3. Ngamangpaatkeun rupa-rupa anu aya di sakurilingeunna. Dina nyieun momobilan, teu kudu waé maké hiji bahan. Bisa waé maké bahan anu séjénna anu bisa jadi gaganti tina bahan anu euweuh.

Baca oge:

  1. Momobilan tina Dahan Kawung

Rorodaan: Rorodaan Nu Sejenna


Rorodaan sejenna salian anu bisa ditumpakan teh aya deui rorodaan anu ngan ukur didorong. Rorodaan ieu mah aya sababaraha rupa. Aya rorodaan anu dijieunna tina dampal sendal capit, aya oge anu tina kai.

Rorodaan anu dijieunna tina dampal sendal capit mah ngan ukur bisa didorong. Ari gilindingna bisa ngan ukur hiji, bisa oge tilus siki nyarupaan kana gilinding rorodaan anu bisa ditumpakan. Gilindingna laleutik, buleudna kira-kira sapigeulangan leungeun. Ari paranti ngadorongna make gagang awi meunang ngarautan/ngalemeskeun. Dina rorodaan ieu mah supaya rada nyeni teh osok ditambahan ku kaleng urut kale susu. Tutupna diganti make balon. Tah eta tutu anu geus diganti ku balon teh osok ditakolan. Panakolna bisa tina gagang awi atawa kai. Nakolanana teh lamun rorodaanna dipajukeun. Jadi lamun rorodaan eta dipajukeun osok disada.

Rorodaan gilinding hiji

Aya oge rorodaan gilindingna hiji anu dijieunna tina kai, terus gagangna teh dijieunna tina leunjeuran awi tali. Rorodaan ieu mah lumayan kuat, da bisa dipake pikeun narik naon wae saperti narik wadah cai. Rorodaan iue teh sarua wae didorong, ngan ngadorongna biasana mah eta gagang tina leunjeuran awi teh diteundeun dina taktak. Dina tengah-tengah leunjeuran awi anu jadi gagangna tea, ditendeunan palang anu pondok jeung rada leutik cukup pikeun nyekelan, minangka setirna.

(Gambar meunang moto ti koran Pikiran Rakyat)

Rorodaan: Rorodaan Gilindingna Tilu


Rorodaan teh mangrupakeun kaulinan barudak anu make gilinding. Roda teh mun dina basa Sunda mah gilinding. Tapi sanajan kitu leuwih dipikawanoh ku ngaran rorodaan tibatan gigilindingan. Rorodaan ampir sarua jeung momobilan, ngan anu ngabedakeunana teh ditempo tina jumlah gilindingna. Gilinding rorodaan mah biasana kurang ti opat, bisa tilu, bisa dua bisa oge hiji. Sedengkeun momobilan mah biasana gilindingna opat atawa leuwih. Dina wangunanana oge biasana mah aya anu ngabedakeunana. Wangunana momobilan mah biasana nyarupaan kana wangunan mobil nyaan. Sedengkeun rorodaan mah biasana henteu aya wangunana anu ngawengkuna. Rorodaan bisa dijieun kalawan wangunan anu bebas.

Sumber foto: http://www.facebook.com/note.php?note_id=170986280858#!/photo.php?pid=2860371&op=1&view=all&subj=170986280858&aid=-1&auser=0&oid=170986280858&id=39459917948

Rorodaan aya sababaraha rupa. Rorodaan aya anu osok ditumpakan ku barudak, aya oge rorodaan anu ngan saukur didodorong make tali atawa panyorong. Salian ti eta aya oge rorodaan anu osok dipake narikan wadah cai (jaliken atawa ember) ti tampian.

Rorodaan anu oso ditumpakan mah biasana gilindingna teh aya tilu, jiga bemo atawa sapedah gilindingna tilu. Dipajukeunana biasana di jalan anu mudun jeung rada rata henteu garinjul. Ari rorodaan ieu dijieunna tina kai papan atawa bahbir (kai panyesaan nyieun papan atawa tihang). Awakna diwangun ku wangunan kotak rada manjang ka hareup. Panjangna bebas, kumaha kahayang. Mun hayang bisa mawa leuwih ti saurang budak anu tumpakna, biasana mah rada dipanjangan. Wangunana sina kuat, dipakuan. Terus pikeun nyambungkeun kana setirna (dijieunna misah), biasana make leunjeuran tangkal kopi anu ukuranana kira-kira tilu ramo leungeun. Tapi teu aya patokan oge, da nu penting mah kuat pikeun nahan panumpang rorodaan. Di handapna diterapan gilinding dua siki, di kenca jeung katuhu. Gilindingna biasana dijieun tina papan atawa bahbir keneh anu dijieun supaya mangrupakeun gilinding (buleud). Dua gilinding ieu dihijikeun make as jiga as dina momobilan.

Sedengkeun setirna diwangun ku hiji gilinding jeung setir anu dijieun tina leunjeuran awi tali atawa awi nu sejenna. Minangka setangna dijieun tina dahan kai atawa tina awi keneh meunang ngaraut. Gilinding ieu diterapkeun kana awi minangka jangkana. Tengah-tengah awi tea dibolongan pikeun diasupkeun kana tangkal kopi anu aya dina wangunan awak rorodaan tea.

Saterusna mah setir jeung awak rorodaan teh dihijikeun. Palang tangkal kopi tea diasupkeun kana setir tina leunjeuran awi anu dibolongan tea.

Tinggal make di jalan anu mudun….

Aya sababaraha hal anu bisa dijadikeun elmu atawa pelajaran dina kaulinan ieu. Utamana wae ngeunaan:

  1. Kumaha cara nyieun rorodaan anu kuat. Nyieun rorodaan anu kuat kudu neangan bahan anu kuat. Papan anu kuat, palangna oge reujeung setirna oge dijieun tina bahan anu kuat.
  2. Mun ditengetan mah bisa dijieun bahan pelajaran elmu pasti anu diajarkeun ti sakola. Utamana wae elmu Fisika. Misalna wae elmu anu aya pakait jeung Gaya. Supaya rorodaa hayang lancar majuna, aya hal-hal anu bisa diterapkeun kana rorodaan. Nyieun gilindingna kudu buleud, entong penjol. Terus oge asna biasana teh osok diulasan ku minyak keletik supaya leueur. Terus oge biasana mah osok bisa dikira-kira nepi ka mana rorodaan teh majuna mun dina hiji jalan anu muduna sakitu. Supaya ulah ngeleuwihan bates, da teu salilana jalan anu dipake rorodaan teh panjang.
  3. Diajar motekar kumaha nyieun rorodaan anu alus. Da diantara barudak anu maen rorodaan teh osok tanding, pajauh-jauh majuna rorodaan atawa pakuat-kuat.