Naon Sababna Jalma Kakandunganana dina Beuteung?


“Mon, kuring boga tatarucingan.” Ceuk si Duyéh ka si Omon. “Tebak nya…!”

“Tatarucingan naon…?” Si Omon malik nanya ka si Duyéh.

“Ieu…,” si Duyéh mikir heula saheulaanan. “Naon sababna jalma di dunya ieu kakandunganana dina beuteung?”

Si Duyéh melong ka si Omon. Ari si Omon ngahuleng.

“Naon sok sababna…?” Ceuk si Duyéh deui bari leungeunna nyekelan taktak si Omon ti gigireunana.

“Kéla atuh….” Témbal si Omon bari ngépéskeun leungeun si Duyéh.

“Tong lila teuing atuh mikirna, da ieu mah gampang.” Ceuk si Duyéh deui maksa.

Si Omon teu ngajawab.

“Gampang atuh jawabanana mah.” Si Duyéh arék miheulaan ngajawab pananyana.

“Ke heula, ceuk kuring ogé.” Si Omon kesel.

Si Duyéh jadi cicing. Ngadagoan jawaban ti si Omon.

Teu lila si Omon méré jawaban. “Nya geus ti dituna atuh. Geus kuduna lamun jalma kakandungan dina beuteung. Enggeus dina naon deui atuh.”

Si Duyéh unggut-unggutan bari mésem.

“Bener teu?” Ceuk si Omon ka si Duyéh, hayang jawabanana téh éta anu bener.

“Lain kitu, da.” Ceuk si Duyéh.

“Enggeus naon kitu?” Si Omon melong ka si Duyéh.

“Sababna mah kieu gera.” Ceuk si Duyéh mani daria pisan, bari memener diukna.

Ari si Omon cicing, ngaregepkeun naon anu bakal dicaritakeun ku si Duyéh.

“Ceuk nini kuring sababaraha waktu anu geus kaliwat, cenah tempat urang hirup teh aya di Buana Panca Tengah. Hartina aya di tengah-tengah. Jadi sabenerna mah di luhureun jeung di handapeun urang téh masih kénéh aya anu ngaranna dunya. Kusabab urang mah ayana di tengah-tengah, jadi waé kakandunganana téh dina beuteung. Kitu…,” ceuk si Duyéh ngajéntrékeun.

“Terus ari anu di luhur jeung handapeun urang kumaha?” Si Omon panasaran. “Sarua henteu?”

“Ké heula. Kuring acan bérés!” Si Duyéh ngagebés, pédah omonganana dipegat.

Si Omon cicing.

“Anu hirupna di dunya luhureun urang mah kakandunganana téh dina beuheung. Sedengkeun anu hirupna di handapeun dunya urang mah kakandunganana téh dina bitis.”

Si Omon melong ka si Duyéh, asa teu percaya. “Bener kitu…?”

“Nya meureunan. Da éta mah ceuk nini kuring.”