Ngabastakeun


Barudak anu mangkak rumaja, geus miboga sipat galak sinongnong atawa geus nincak balég tampélé, osok aya-aya waé kalakuanana téh. Barudak anu najan geus boga kahayang, tapi teu bisa terus terang sajalawantrahna. Lamun boga pamaksudan jeung kahayang ngan ukur bisa ti jauhna atawa teu bisa langsung togmol. Osok maké jalan anu malipir atawa sacara henteu langsung.

Budak anu miboga rasa resep ka lain jinis

Budak anu mangkak rumaja mah geus miboga rasa anu mikaresep ka lain jinis. Lamun budak lalaki, nya geus boga resep ka budak awéwé. Pon kitu deui sabalikna, budak awéwé geus miboga rasa resep ka budak lalaki. Ngan dina perkara resepna ieu, jarang anu wani balaka langsung ka jinisna. Lolobana mah ngan ukur bisa nyérangkeun ti kajauhan. Pikeun budak anu kurang wawanénna mah, biasana osok aya istilah ngabastakeun atawa silih bastakeun. Ngabastakeunana bisa ku ucapan atawa ku tutulisan. Tapi biasana (kalolobaanana) mah maké tutulisan anu ngahaja ditulis dina tembok atawa dina papan.

Ngabastakeun téh nyaéta nyambungkeun atawa nyebutkeun yén si Anu bogoheun atawa mikabogoh ka si Ani. Anu nulisna mah biasana babaturanana, anu ngahaja hayangeun nembrakeun kahayang haté budak anu ngaranna ditulis. Ngan dina palebah ngabastakeunana, teu kabéh didasaran kusabab budak anu diitulisna resepeun atawa mikabogoh. Aya ogé anu ngan ukur heureuy atawa moyokan. Malahan mah aya ogé budak anu ngadon ngabastakeun babaturanan si Anu bogoheun ka si Ani, padahal anu sabenerna mah manéhna sorangan anu mikaresep ka si Ani.

(Gambar meunang nginjeum ti http://ayfachry.files.wordpress.com/2011/04/pacaran1.jpg)

Kuring Mikaresep Sakumaha Mikaresepna Andika


Kuring mikaresep naon anu dipikaresep ku kuring sakumaha mikaresepna andika kana perkara anu dipikaresep ku andika.

Kabeh jalma sarua miboga rasa resep. Teu nempo di saha-sahana, pasti jalma mah miboga hal anu dipikaresep. Rasa resep, rasa suka aya di unggal jalma. Ngan anu ngabédakeunana mah perkara anu dipikaresepna. Najan unggal jalma sarua miboga rasa resep, tacan tangtu naon anu dipikaresepna téh sarua. Kuring reujeung andika sarua miboga rasa resep. Ngan tacan tangtu naon anu dipikaresep ku kuring sarua reujeung naon anu dipikaresep ku andika. Gedéna rasa resep, bisa waé sarua. Arék ngan saukur resep, rada resep atawa kacida resepna. Unggal jalma miboga hal anu kacida dipikaresepna, aya hal anu dipikaresep jeung anu rada dipikaresep.

Silih pikaceuceub antara dua urang jalma

Sabalikna rasa resep, aya ogé rasa miceuceub. Unggal jalma miboga rasa ceuceub. Ngan nya kitu téa, perkara anu dipiceuceubna, tangtuna ogé moal sarua. Sakumaha anu dipikaresep, anu dipiceuceub ogé tangtuna béda-béda di unggal jalma.

Dina kahirupan, hirup kumbuh jeung papada jalma, pangaresep unggal jalma kadang mangaruhan kahirupan. Pon kitu deui reujeung rasa ceuceub. Aya perkara anu dipikaresep ku hiji jalma, tapi dipiceuceub ku jalma séjén. Béda rasa dina hiji perkara, bisa jadi asal pacogrégan atawa henteu akurna hiji jalma jeung jalma séjén. Bédana pangaresep, bisa jadi sabab paanggangna tatali warga. Komo lamun bédana téh patunggang tonggong pisan. Naon anu dipikaresep ku hiji jalma jadi perkara anu dipikaceuceub ku jalma séjén.

Kumaha atuh ngungkulanana? Anu kudu jadi patokan mah, unggal jalma miboga pangaresep séwang-séwangan. Pon kitu deui jeung anu dipikaceuceub ku unggal jalma, tangtuna béda-béda. Sapanjang anu dipikaresep jeung anu dipikaceuceubna teu nyababkan dosa mah, teu kudu jadi pacogrégan komo mumusuhan mah.

(Gambar meunang nginjeum ti http://4.bp.blogspot.com/-7Y7VqwYq_xM/TW9NcWFNRQI/AAAAAAAAAKc/MMUBFMtm1Ns/s1600/gasakan.JPG)

Balég Tampélé


“Cim, ceuk si Edah, si Ikah resepeun ka maneh.” Ceuk si Omon. Nyaritana teh henteu wae ari ditompokeun kana ceulina si Acim mah.

Si Acim teu malire kana caritaan babaturanana. Manehna anteng wae mukaan buku palajaran Fisika manehna.

“Bener ieu mah, Cim!” Pokna deui ngayakinkeun.

Si Acim kakara eureun mukaan bukuna. Terus malik ka si Omon.

“Keun bae atuh resepeun mah.” Tembal si Acim teu malire ka si Omon. Manehna terus nangtung muru ka luar.

Atuh si Omon oge ngilu ka luar. Nuturkeun si Acim. Manehna narikan leumpangna, ngudag si Acim anu muru ka Perpustakaan sakola. Da kabeneran eukeur istirahat.

“Bener ieu mah. Sumpah…!” Si Omon pok deui.

“Ceuk kuring oge keun bae atuh….” Si Acim keukeuh.

“Ih…, lain kitu ieu mah. Jigana teh manehna aya hate ka maneh….”

Si Acim eureun leumpangna. “Maksudna…?”

“Tah kitu atu daria.” Si Omon daria.

Tapi si Acim kalahka neruskeun deui leumpangna muru ka Perpustakaan. Atuh si Omon teh hanjelu kana sikep si Acim. Tapi, manehna terus nuturkeun deui si Acim.

Nepi ka jero perpustakaan, si Omon terus diuk di gigireun si Acim anu keur mukaan buku pelajaran Fisika.

“Cim, kumaha…?” Si Omon kalahka nanya.

“Maksudna…?” Si Acim malik nanya.

“Heu-euh eta si Ikah….”

“Naon sangkut pautna kitu reujeung kuring?” Si Acim ngareret ka si Omon.

“Lain kitu ieu mah. Serius ieu mah.” Si Omon beuki daria. “Kumaha lamun si Ikah resepeun ka maneh?”

“Pan ceuk kuring oge keun bae atuh resepeun mah….” Si Acim keukeuh.

“Ih…, kumaha nya. Ceuk kuring oge lain ngan ukur resep saresep-resepna ieu mah.”

“Terus naon atuh…?”

“Heu-euh manehna teh cenah, jiga anu ngabogaan hate kadua leutik ka maneh….”

“Nu bener…?” Si Acim nyelok.

“Heu-euh. Daek medu kuring mah.”

“Naha, kamari basa kuring papanggih jeung manehna, biasa wae geningan. Teu aya nanaon…, teu nyarita nanaon.” Tembal si Acim.

“Da kuring mah euceuk si Edah. Maneh apal apanan, yen manehna duaan teh sobat dalit pisan. Jadi, pastina oge pada-pada apal kana kaayaan hatena atawa kahayangna.” Si Omon ngajelaskeun.

“Ah, kuring mah teu percaya.”

“Nya kuring mah moal maksa. Tapi lamun hayang jelas mah tanyakeun wae ka si Edah atawa langsung ka si Ikahna.” Ceuk si Omon mere jalan.

Si Omon cicing, ngahuleng.

“Tapi ceuk kuring mah mending keneh tanyakeun wae ka si Edah. Soalna lamun ditanyakeun langsung ka si Ikah mah bisi eraeun….” Si Omon neruskeun caritaanna.

“Embung ah….”

“Naha…?”

“Era kuring oge.” Si Acim bari cengkat, terus neundeun buku anu dibukaan bieu. Terus manehna ninggalkeun si Omon di Perpustakaan. Manehna ngaleos ka luar Perpustakaan. Teuing ka mana.

Si Omon olohok….