Ulah Ngaréméh (Miceunan Sangu)


Nu jadi cekelan nalika dahar mah salasahijina henteu meunang ngaréméh. Sangu anu didahar téh ulah nepikeun ka dipiceunan, maruragan ka mana-meni nepikeun ka henteu kapulung. Atawa nyésakeun sangu dina piring anu dipaké dahar, nepikeun ka dipiceun. Najan ngan ukur sasiki ogé, ulah nepikeun ka kapiceun. Komo deui lamun loba mah.

Ceuk kolot, sangu anu murag téh bakal ceurik kusabab kapiceun, henteu kadahar ku jalma. Jalma anu ngadaharna mah moal apaleun yén sangu anu murag (réméh) téh ceurik. Anu apaleun réméh ceurik mah taya deui salian ti hayam. Dina mangsa hayam anu muru (arék ngadahar sangu anu murag atawa réméh) osok disada. Éta téh cenah, nandakeun hayam apaleun yén réméh anu arék dipacokna ceurik.

Remeh
Remeh

Sabenerna lain kusabab ceurik-ceurik teuing. Réméh atawa sangu anu murag téh matak lebar. Sanajan ngan ukur sasiki ogé, kudu lebar. Lebar kusabab dina tampolana ngolahkeunana ti mimiti melak nepikeun ka jadi sangu téh apanan mani sakitu matak susahna. Nalika keur jadi paréna apanan nepikeun ka dipulungan lamun marurag téh. Matakna, manglebarkeun lamun geus jadi sanguna dipiceunan.

Béh dituna, ngaréméh miboga harti henteu ngaragangan atawa ngahargaan kanu molahkeun paré nepikeun ka jadi sangu. Henteu ngaréméh hartina ngahargaan ka anu molahkeunana.

Saur Kabeurangan


“Cim, ari manéh geus siap acan…?” Si Omon nanya ka si Acim basa duanana keur balik ti arulin jeung si Atok katut si Duyéh.

“Siap naon?” Si Acim malik nanya.

“Nu tadi tea. Eta…, puasa…?”

“Nya kumaha deui atuh. Da waktuna apanan geus deukeut. Nya kudu siap waé atuh.” Tembal si Acim.

“Eh…, Cim! Inget kénéh kana puasa anu kamari-kamari.”

“Nya inget atuh.” Témbal si Acim, “aya naon kitu?”

“Eta…, kuring mah asa hayang seuri.”

“Naha…?” Si Acim kerung, teu apal kana maksud si Omon.

“Eta, inget kénéh teu basa isuk-isuk eukeur ka sakolakeun.”

“Iraha…?”

“Iraha nya, poho deui kuring ogé. Ngan harita geningan manéh téh, inditna ka sakola téh, bari mamawa réméh….”

“Mamawa réméh kumaha…?” Si Acim melong.

“Heu-euh dina irung manéh. Waktu indit sakola, ku kuring geningan dibéré nyaho yén dina irung manéh aya réméh.” Si Omon ngajelaskeun. “Terus ku kuring ditanya, saurna jam sabaraha?”

Si Acim ngahuleng kénéh.

“Terus manéh ngajawab, yén manéh mah saurna teh jam genep.” Ceuk si Omon deui neruskeun caritanana, “Da manéh mah saurna teh kabeurangan.”

“Oh…, éta téa nya.” Si Acim nepak tarangna. Kakara inget kana kajadian bulan puasa anu geus kaliwat.

“Terus, apanan kuring nanya ka manéh. Naha bet saurna jam genep. Da jam genep mah lain waktuna pikeun saur.”

“Terus kuring ngajawab naon nya?” Si Acim nanya ka sorangan, bari nginget-nginget deui kajadian harita.

“Apanan, ceuk manéh kénéh, keun baé saurna jam genep oge, da manéh mah cenah buka puasana arék jam tujuh peuting.”

“Kitu nya…?” Si Acim melong.

“Heu-euh. Piraku manéh poho deui.” Si Omon malik mencrong, “padahal sanggeus ku kuring ditanyakeun ka Mang Ahmad, teu bisa saperti kitu.”

“Nya éta mah geus kalakoanan atuh. Asal ulah kajadian deui wae.” Si Acim ngupahan sorangan.

“Bener atuh kitu.” Si Omon ngarojong sikep si Acim, “ngan kumaha lamun manéh kabeurangan deui…?”

Si Acim teu ngajawab.