Nguji Wawanén dina Balap Rorodaan Gilinding Tilu


Maén rorodaan anu gilindingna tilu biasana mah osok dilumangsungkeun dina jalan anu mudun jeung lempeng. Pudunan anu alus mah rata taneuhna, henteu garinjul teuing. Pudunan téh alusna mah diteruskeun ku jalan anu datar pikeun ngeureunkeun rorodaan. Jalanna ogé kudu jalan gedé lamun dipaké pikeun balap. Supaya dina sakali waktu téh bisa dua atawa leuwih rorodaan anu balapna. Dina prakna balap, rorodaan téh biasana mah didorong heula ti tonggohna, supaya majuna rorodaan téh leuwih gancang. Dina nyorang jalan anu mudun téh, rorodaan beuki gancang. Nepi ka tungtung pudunan disambung jalan anu datar, rorodaan téh ngendoran. Rorodaan eureunna téh henteu dierém maké erém, da rorodaan gilinding tilu mah euweuh eréman. Aya kétang erém ngan maké suku anu ditapakeun kana taneuh. Rorodaan eureun sanggeus nyorang jalan anu datar. Eureunna téh biasana mah saeureunna (eureun ku sorangan). Dina balap, budak anu meunang téh biasana mah budak anu rorodaanana pangheulana nepi ka tungtung pudunan atawa budak anu rorodaanana eureun pangjauhna.

Rorodaan gilinding tilu anu osok dipake balap

Anu penting dina balap rorodaan gilinding tilu mah gancang majuna. Ku hayang bisana maju kalawan gancang, loba cara anu dipigawé ku budak. Aya anu maké minyak keletik dina as rorodaanana. Aya ogé anu ku jalan nyieun ambahan (ngawahan) anu rada jauh. Intina mah kumaha supaya rorodaan téh bisa maju kalawan gancang.

Kusabab kitu, dina maén rorodaan gilinding tilu diperlukeun wawanén pikeun budak anu maénna. Budak anu luasan jeung seureudeug mah biasana alus dina maén rorodaana téh. Numpakan rorodaan dina jalan anu mudun, komo bari jeung balap pagancang-gancang reujeung pajauh-jauh diperlukeun wawanén anu kuat. Henteu sieunan reujeung éléhan dina maénna, henteu sieun tidungsruk kanu bala (ka sisi jalan). Pikeun miboga wawanén biasana mah ku jalan diajar ogé bisa. Najan mimitina sieunan jeung ati-ati dina tumpa rorodaanana, ahirna mah sanggeus biasa jeung tapis mah bakal wanian. Komo deui lamun dirojong ku kaayaan anu ramé mah. Beuki loba budak anu ngiluan maén, biasana mah beuki sumanget dina maénna. Anu tadina sieunan bisa jadi wanian tungtungna mah.

(Gambar meunang nginjeum ti http://hanifahnafiatin.wordpress.com/)

Lobana Péngkolan


Barudak kelas opat téh ngalabring. Kabéhanana arindit ka lemburna si Duloh bari diiringkeun ku Pa Cucu, guru olah raga di sakola. Maranéhna téh ngabogaan maksud pikeun ngalongok si Duloh, anu geus saminggu teu sakola. Cenah mah, ceuk béja ti kolotna, si Duloh téh kaserang panyakit lumayan parna. Nya, barudak sakelas téh ngabring ka imahna si Duloh anu aya di lembur anu lumayan jauh ti sakola. Jalan anu diliwatan teh jalan satapak da supaya leuwih deukeut tibatan ngaliwatan jalan gedé. Barudak kelas opat téh ngabringna ancal-ancalan, aya sababaraha rombongan. Barudak awéwé mah ngabringna rombongan tiheula. Sedengkeun rombongan pangtukangna mah rombongan si Opan dibaturan ku Pa Cucu. Sedengkeun si Acim, si Omon jeung si Duyéh ngabring tiluan jadi rombongan di tengah di tukangeun barudak awéwé. Unggal rombongan téh sajajalan pada guntreng waé ngalobrol. Sagala diobrolkeun. Nya kitu deui jeung rombongan si Acim.

Jalan Satapak

“Cim, apal imahna si Duloh?” Si Duyéh nanya ka si Acim.

“Acan kuring mah.” Témbal si Acim, “apanan kakara ayeuna ngahajakeun ngajugjug ka lemburna oge….”

“Ari manéh Mon?” Si Duyéh giliran nanya ka si Omon.

“Kuring mah apal ari lemburna si Duloh mah. Ngan teu apal ari lebah-lebahna imah si Duloh mah.”

“Iraha éta téh?” si Acim ngarérét ka si Omon.

“Geus lila, dua bulan kamari.” Témbal si Omon.

“Jauh teu lemburna téh?” Si Acim nanya ka si Omon.

“Nya lumayan lah, tapi da lamun mapay jalan satapak ieu mah moal jauh teuing.” Ceuk si Omon.

“Leuwih deukeut nya?”

“Heu-euh.”

“Sabaraha lila deui?” si Acim panasaran.

“Nya kira-kira sapuluh pengkolan deui mah.”

“Sapuluh pengkolan…?” Si Acim melong ka si Omon. Ceuk pikir manéhna lumayan jauh kénéh atuh. Nempo jalan anu bakal disorangna téh apanan lalempeng, jarang aya pengkolan.

“Naha, Mon…?” Si Duyéh panasaran, “ti iraha pengkolan jadi loba…?”

“Maksud manéh…?” Si Omon malik nanya ka si Duyéh.

“Heu-euh, éta. Pengkolan bet bisa loba kitu. Da anu ku kuring apal mah, péngkolan mah ngan aya dua….”

“Nya ari péngkolanana mah heu-euh atuh nya aya dua.” Si Omon rada teugeug.

“Salah atuh…..” Si Acim nyelengkeung.

Anu duaan ngarérét ka di Acim anu leumpangna miheulaan, tuluy manéhna leumpangna mundur, nyanghareupan ka anu duaan. Anu duaan melong ka si Acim.

“Lobana péngkolan mang lain dua.”

“Maksud manéh…?” Si Omon neuteup.

“Sabaraha kitu…?” Si Duyéh oge panasaran.

“Nya aya opat atuh péngkolan mah.”

“Ti iraha péngkolan jadi opat…?” Si Duyéh teu percaya. ” Da anu ku kuring apal mah, péngkolan mah ngan aya dua. Méngkol ka kénca jeung méngkol ka katuhu.”

“Nya éta mah baheula. Ayeuna mah béda deui atuh.” Témbal si Acim.

“Ari anu dua deui ka mana kitu méngkolna?” Bagéan si Omon anu nanya.

“Anu dua deui mah méngkol ka luhur jeung méngkol ka handap.” Témbal si Acim bari nyéréngéh.

“Eta mah lain péngkolan atuh, tanjakan jeung pudunan.” Ceuk si Duyéh keuheul.

“Apanan ieu mah landian séjénna. Eta téh sarua jeung pengkolan.”

“Nya béda atuh…!” Si Duyéh embung éléh.

“Nya sarua baé atuh.” Si Acim keukeuh.

“Béda…!” Si Duyéh deui.

“Apanan anu ngaranna méngkol téh henteu lempeng lin? Tah anu ngaranna tanjakan jeung pudunan oge apanan henteu lempeng tina jalan anu datar.” Ceuk si Acim ngajelaskeun.

“Pokona mah béda.” Si Duyéh keukeuh.

Si Omon cicing waé, nempo babaturanana anu keur hoghag, keukeuh kana pamanggihna sewang-sewangan.