Rarancang Medalkeun Tulisan dina Muterna Waktu


Supaya bisa ngabagi-bagi waktu ngeunaan eusi tulisan anu arék dipedalkeun dina ieu tulisan, ahirna mah dijieun hiji jalan kumaha supaya dina unggal poé pedalanana téh béda-béda. Ti poé ka poéna miboga eusi anu béda gumantung kana ranggeuyan anu dipilih. Ranggeuyan anu dipilihna ieu gumantung kana poéna. Jadi ranggeuyan tulisan poé Ahad béda reujeung ranggeuyan poé Senén. Kitu deui reujeung poé séjénna. Tujuanana mah supaya unggal ranggeuyan téh bisa kaeusian kabéhanana. Eujeung supaya pamanggih téh bisa béda-béda, henteu angger waé ngeunaan hiji hal.

Rarancang pedalan tulisan

Nya ahirna mah ditetepkeun waé ngeunaan rarancangna, nyaéta:

  • Poé kahiji atawa poé Ahad ngeunaan ranggeuyan barudak.
  • Poé kadua atawa poé Senén ngeunaan Komputer.
  • Poé katiluna atawa Salasa ngeunaan Lembur.
  • Poé kaopat atawa poé Rebo tulisan anu ditulis dina Bahasa Indonésia. Hal ieu mah pikeun neruskeun tulisan anu tiheula anu geus kagok ditulis dina Bahasa Indonésia.
  • Poé kalimana atawa poé Kemis ngeunaan Lalampahan di Panyabaan.
  • Poé kagenep atawa poé Jumaah ngeunaan Budaya.
  • Anu panungtung atawa poé Saptu ngeunaan Babasaan Basa Sunda.

Ngan ngeunaan rarancang ieu lain hartinya jadi hiji patokan anu tangtu tur kudu dipilampah. Ieu mah ngan ukur wengku wungkul. Da dina kanyataanana mah bisa waé aya pasaliana. Ieu raracang mah sakadar papagon umum dina medalkeun tulisan dina blog ieu.

Ngitung Poé dina Bulan Puasa


Baheula mah, aya hiji kabiasaan nalika bulan puasa anu matak alus kana diajar iitungan. Unggal poé ti mimiti poé kahiji kénéh ogé, geus diajar ngitung. Ngitungna teu leuwih ti geus sabahara poé ngalakonan puasa jeung sabaraha poé deui ka lebaran. Iitungan éta anu unggal poé diitung téh. Bérés poe kahiji, bungah geus ngalakonan puasa sapoé. Sésana tinggal 29 poé deui (geus biasa lamun bulan puasa di lembur mah reremenna 30 poé). Dina poé katiluna, bungah deui kusabab geus ngalakonan puasa salila dua poé, sedengkeun sésana 28 poé deui. Kitu jeung kitu waé unggal poé téh.

Bakating ku hayang gera réngsé puasa rarasaan mah. Lamun geus réngsé mah apanan nincak kana poéan lebaran. Geus nepi ka lebaran mah apanan biasa barangdahar pabeubeurang deui. Teu kawas bulan puasa, barangdahar téh ngan ti peuting wungkul.

Ti poe ka poe, teu weleh diitung

Ngan nya kitu téa anu ngaranna ngitung waktu mah geningan asa lila. Hayang gera ngorotan sapoé ogé asa lila. Karasa pisan lilana téh. Ti poé ka poé téh asa lendo pisan waktu téh nyérélékna. Komo deui lamun inget kana puasa anu  dilakonan téh kakara sapoé atawa dua poéna. Dina ngitung sésana téh apanan katempo tanggah jauh ka langitna téh. Kakara dua poé ogé geus katara lilana. Komo deui lamun kudu ngalakonan puasa 28 poé. Matak seunggah.

Ngan untungna téh, teu salawasna kitu. Teu salawasna ngitung jeung ngitung poé. Aya kalana osok poho kana waktu. Lamun resep ulin jeung babaturan mah biasana teu karasa waktu téh. Kana ngitung poé ogé osok kapopohokeun lamun ulin waé mah.

Ngaran-ngaran Bulan dina Basa Sunda


Nulis ngeunaan kajadian atawa hal anu aya pakaitna reujeung bulan anu eukeur dilakonan, jadi inget kana ngaran-ngaran bulan dina Basa Sunda. Kumaha atuh lamun ngaran-ngaran bulan dina Basa Sunda téh ditaan hiji-hijina. Ngaran-ngaran bulan dina Basa Sunda mah teu leupas tina ngaran bulan dina Basa Jawa jeung ngaran bulan dina Kaléndér Islam (Kaléndér Hijriyah). Da bener ogé, tanggal-tanggal dina pananggalan bulan Sunda mah sarua atawa ampir sarua reujeung pananggalan di Jawa jeung Kaléndér Hijriyah. Anu ngabédakeunana téh ngaran sabagéan bulanna. Sedengkeun éntépanana mah sarua baé. Lobana bulan oge sarua aya dua belas.

Ari ngaran-ngaranna mah nyaéta:

  1. Muharam
  2. Sapar
  3. Mulud
  4. Silih Mulud
  5. Jumadil Awal
  6. Jumadil Ahir
  7. Rajab
  8. Rewah
  9. Puasa
  10. Sawal
  11. Hapit
  12. Rayagung
Kalender Bulan Rayagung 1431

Sedengkeun ngaran poéna mah nyaéta:

  1. Ahad
  2. Senén
  3. Salasa
  4. Rebo
  5. Kemis
  6. Jumaah
  7. Saptu