Bédana Dahar di Lembur jeung di Dayeuh


Dahar geus jadi kabiasaan naha pikeun urang lembur atawa urang dayeuh. Dahar geus jadi pangabutuh unggal jalma dina unggal poéna. Dahar biasana mah tilu kali dina sapoéna. Anu didaharna biasana mah sangu dibarengan ku deungeunna. Arék di lembur atawa di dayeuh, sarua daharna téh kitu.

Dahar babarengan

Ngan lamun nengetan kabiasaan mah, aya bédana antara di lembur reujeung kabiasaan dahar di dayeuh. Anu kaciri pisan mah naon anu bédana ukuran anu didaharna. Sanajan aya anu sarua dina naon anu didaharna, sarua ngadahar sangu katut deungeunna, tapi dina ukuranana aya bédana. Di lembur mah biasana sanguna leuwih loba tibatan deungeunna. Sedengkeun ari di dayeuh mah sabalikna, loba kénéh deungeunna tibatan sanguna.

Di lembur mah, dina sapiring téh biasana pinuh ku sangu. Sedengkeun ari deungeunna mah saeutik. Di lembur mah endog sasiki waé biasana osok dibagi-bagi jadi sababaraha bagéan. Biasana jadi dua atawa jadi opat, gumantung kana anu arék ngadaharna. Dahar téh sanguna sakeupeul, ari deungeunna saciwit leutik. Jadi, di lembur mah kabiasaanana sangu leuwih loba tibatan deungeunna.

Ari di dayeuh? Di dayeuh mah, biasana, sabalikna. Loba kénéh dengeunna tibatan sanguna. Dina sapiring dahareun téh loba kénéh rupa deungeunna tibatan sanguna. Lobana téh bisa kusabab loba rupa deungeunna atawa ukuranana. Sanajan deungeunna ngan ukur sarupa, biasana mah deungeun reujeung sanguna téh loba kénéh dengeunna. Komo deui lamun loba rupa deungeunna, piring téh leuwih loba deungeunna tibatan sanguna.

(Gambar meunang nginjeum ti http://seveneszerox.wordpress.com/)

Silih Anteuran Dahareun


Teu karasa waktu téh nyérélékna. Peuting anu sepi jempling geus ngagayuh ka wanci janari leutik. Ti masigit geus kadéngé sora anu nitah urang lembur harudang ngaliwatan TOA (spiker). Mun ngadéngé sorana mah siga sora Mang Ahmad. Nya ngadéngé kitu saurang-saurang, urang lembur téh harudang. Ibu-ibu mah langsung waé muru ka dapur, masak atawa ngahaneutkeun dahareun pikeun saur. Ari bapa-bapana mah biasana teu langsung harudang. Komo ari barudak mah najan dititah hudang ogé lolobana mah ngagojod waé, saré disimbut ku sarung.

Lila kénéh paribasana téh ka saurna ogé. Kitu alesanana téh.

Da bener ogé. Ari waktu saurna mah lumayan rada lila kénéh. Nya diantepkeun waé. Bari jeung arék naon hudang ogé, da dahareun acan asak. Kakara arék diasakan. Kajaba lamun arék mantuan masak di dapur.

Sanggeus bérés mah kakara dihudangkeun kabéhanana, bapana jeung budakna.

“Cim, gera hudang atuh. Gera sibeungeut kaditu….” Ceuk indungna si Acim ka si Acim anu eukeur saré kénéh di enggonna.

Anu dititah hudang téh teu langsung hudang. Manhéhna kukuliatan heula dina kasur, tunduh kénéh sigana mah.

“Gancangan, Cim.” Pokna deui.

“Sakedap,” témbal si Acim bari hudang. Lulungu kénéh.

“Engalan atuh, A.” Si Onah milu nitah hudang ka lanceukna. Manéhna mah da geus hudang ti tadi kénéh ogé.

Si Acim teu némbalan. Manéhna langsung ka luar ti enggonna, muru ka tengah imah. Di tengah imah geus nyampak dahareun mani loba. Sangu beureum dina boboko leutik, sedengkeun boboko gedé mah dieusian ku sangu bodas. Dina piring, lauk jaer meunang ngagoreng garing geus aya. Ditambah ku saun dina baskom kapalang. Daging hayam meunang ngangeun dina baskom leutik, ari meunang ngagoreng mah dina piring. Wah, bakal dahar ngeunah sigana mah, kitu ceuk pikirna.

“Gera sibeungeut ka ditu.” Ceuk indungna nitah sibeungeut heula. Indungna mah dibantuan ku adina eukeur pak-pik-pek wae mungkusan sangu dina daun cau, nyieun sangu timbel. Eta sangu téh terus diwadahan kanu boboko. Adina mah kabagéan mungkusan deungeun sanguna.

Si Acim terus ka dapur muru ka jamban. Di dinya geus aya bapana, anu sarua eukeur sibeungeut. Sanggeus réngsé sibeungeutna manéhna muru deui ka jero imah.

“Éta kanggo saha, Ma?” Pokna si Acim nempo indungna ngélék boboko bari indit ka luar.

“Apanan kanggo Bi Ilah.” Témbal indungna.

“Si Kenyi ka mana kitu, Ma?” Si Acim nanyakeun adina ku sesebutan Kenyi, nya minangka sesebutan pikeun Nyai atawa Nyi.

“Apanan keur nganteuran ka Bi Mamah.” Tembalna bari ngaleos muru ka imahna Bi Ilah.

Geus kailaharan di lembur mah, lamun dina mimiti saur téh osok silih anteuran dahareun jeung tatangga anu deukeut. Sanajan henteu wajib atawa kudu, tapi geus jadi kabiasaan. Nya itung-itung silih asaan dahareun sigana mah.