Sieun Teu Patepung


Naha kieu gening rasa
Bet inget baé ka jisim
Tos lami henteu patepang
Hayang pisan amprok deui
Mulangkeun nu kamari
Mikeunkeun nu béh ditu
Males kana cintana
Alam éndah jadi saksi
Basa urang patepung waktos mimiti

Mun inget teu ngeunah rasa
Mun saré kaimpi-impi
Mun dahar tara mirasa
Mun nyaring osok kapikir
Mun émut sieun gering
Gering nangtung ngalanglayung
Naha kudu kumaha
Haté sok ngarasa risi
Lamun inget kana nasib ieu diri

Rarayna kabayang-bayang
Imutna osok kaciri
Ucapna sok nongtorékan
Naha kitu masih sami
Jeung kaayaan kamari
Naha teuing da ku baku
Lamun geus émut ka diri
Naha bakal patepung
Nuluykeun nu jadi cita-cita urang

Langit dipinuhan ku méga
Ngahalangan cahya diri
Rasa asa poék taya cahya
Sedih kingkin sieun diri
Teu bisa patepung deui
Jeung manéhna anu kembu
Sieun puyar cintana
Anu gedéna kamari
Luntur da ku kanyeri haté jeung rasa

Cikago, 9 Februari 2002
Pangropea: A.M.I.D

Masalah (Bagean Ka-2): Jujutan Masalah


[Terusan tina tulisan saacanna]

Jalma diciptakeun teh bari jeung dibere akal pikeun mikir jeung hate pikeun nimbangan naon anu kudu dilakukeun. Kuayana akal jeung hate eta, kahirupan manusa bisa maju. Da kusabab manusa ngabogaan pikiran pikeun mikir, mangka manusa ngabogaan kahayang. Ceuk pikirna lamun kieu mah tangtuna bakal kieu, bakal gampang, bakal senang jeung rea-rea deui. Ku ngabogaan pikiran anu tungtungna jadi kahayang, jalma nyanghareupan kahirupan anu beda reujeung anu dipiharep atawa anu dipikahayangna. Jadi wae eta kaayaan teh jadi masalah. Manusa anu tadina mikir jeung ngabogaan kahayang kudu kitu, jadina mikir deui kumaha supaya eta kahayangna teh bisa laksana, kumaha carana eta masalah teh bisa kaungkulan.

Sumber gambar: http://images.clipartof.com/small/25819-Clipart-Illustration-Of-A-White-Konkee-Character-Pondering-Over-Something-With-A-Blue-Questionmark-Over-His-Head.jpg

Jujutan leuwih jauhna, masalah teh teu leupas tina diciptakeunana jalma. Waktu Allah nyiptakeun buyutna jalma, Nabi Adam, eta geus jadi masalah pikeun mahluk ciptaan Allah sejenna, nyaeta Malaikat jeung Iblis. Malaikat ngamasalahkeun nyiptakeun Adam anu bakal jadi Kholifah di dunya ieu. Ngan sanggeus dibejaan ku Allah ngeunaan naon maksudna, nya Malaikat mah teu katutuluyan ngamasalahkeun eta perkara. Ari Iblis, ngamasalahkeun perkara manehna kudu sujud ka Nabi Adam. Manehna nganggap leuwih mulya tibatan Adam, manehna embungeun sujud ka Nabi Adam. Nya hal ieu bisa jadi bibit buit masalah kahirupan manusa, komo lamun masalahna aya pakuat-pakait atawa pabentarna antara bebeneran jeung kasalahan. Iblis geus nyieun cecekelan anu kuat, yen manehna bakal ngagoda ka anak incu Nabi Adam nepi ka ahir jaman. Iblis bakal ngagoda manusa supaya henteu turut tumut kana naon anu geus jadi tugas kahirupan jalma di dunya. Iblis bakal ngagoda manusa supaya mengpar tina jalan anu bener.

Jadi, sabenerna mah anu ngaranna masalah dina kahirupan teh lain ngan ukur masalah kahirupan anu taya pakuat-pakait reujeung pabeulitna, mumusuhanana bebeneran reujeung kasalahan. Da masalah kahirupan mah masalah bebeneran jeung kasalahan. Masalah ieu bakal jeung pasti aya wae minuhan kahirupan jalma ti mimiti Nabi Adam nepikeun ka ahir jaman, nepikeun ka kiamat.

Waktu ngobrolkeun masalah, pasti anu diobrolkeun teh perkara jalma. Da anu ngabogaan masalah mah nyaeta jalma. Jadi anu ngaranna masalah pasti aya pakuat-pakait jeung manusa katut kahirupanana atawa dina ngajalankeun kahirupanana.

[Nyambung]