Eusi Acara Milangkala Sumedang ka-437, Taya nu Robah


Sakumaha taun-taun saméméhna, eusi acara pikeun ngareuah-reuah milangkala Sumedang ka-437 taya anu robah. Dina harti taya acara tambahan anu ahéng tur anéh. Acarana masih kénéh standar atawa biasa-biasa waé. Acara pangeusina nyaéta jaroh ka Taman Makam Pahlawan Cimayor jeung karuhun Sumedang, pawéy Karéta Naga Paksi jeung Makuta Binokasih anu mangrupakeun titinggal Karajaan Sumedang Larang, bakti sosial jeung tabligh akbar. Kitu nurutkeun panatacalagara milangkala Sumedang ka-437 sakumaha anu diinpokeun ku Pikiran Rakyat Online.

Eusi Acara Milangkala Sumedang ka-437, Taya nu Robah
Eusi Acara Milangkala Sumedang ka-437, Taya nu Robah

Hal ieu aya patalina reujeung kurangna waragad katut waktu. Anu leuwih diandelkeun dina milangkala taun ayeuna mah nyaéta sumanget (spirit) jeung bakti sosial ka masarakat anu teu mampuh. Acara bakti sosialna sorangan dieusi ku ngayakeun sunatan massal pikeun 75 urang kalawan gawé bareng jeung Badan Amil Zakat (BAZ). Aya deui operasi katarak katut biwir suwing anu tempatna di RSUD Sumedang. Ditambah ku memener imah anu geus teu merenah pikeun dicicingan katut méré mawéh ka barudak pahatu lalis jeung kolot anu geus tokroh-tokroh. Acara bakti sosial ieu baris dilumangsungkeun dina ping 22 April.

Dina ping 21 Aprilna baris dilumangsungkeun pawéy Makuta Binokasih jeung Karéta Naga Paksi. Pawéy ieu direuah-reuah ogé ku gelar prajurit karajaan jeung puluhan putri.

Teu poho ogé baris diayakeun acara paméran pangwangunan anu mintonkeun rupa-rupa produk pinunjul masarakat Sumedang. Produk pinunjul anu diilukeun diantarana waé nyaéta Batik Kasumedangan, kadaharan has Sumedang saperti Tahu Sumedang, Opak Conggéang, Salé Cau, Hui Cilembu, Oncom Pasir Reungit jeung nu séjénna. Ditambah ku kerajinan wayang golék jeung aanyaman tina awi.

Saméméhna, dina ping 20 April baris diayakeun heula acara tablig akbar jeung istigasah anu dieusi ku KH. Jujun Junaedi. Ieu acara dilumangsungkeun di Pendopo kantor IPP Pemkab Sumedang.

(Potret meunang nginjeum ti Pikiran Rakyat Online)

Pawéy Sumedang Motékar 2013


Runtuyan acara miéling milangkala Sumedang anu ka-435 ditutup ku acara karnaval atawa pawéy/iring-iringan budaya. Ieu pawéy dilumangsungkeun dina poé Ahad, ping 28 April 2013 kamari. Karnaval diiluan ku 2.560 urang jalma anu dibagi jadi 64 grup. Pawéyna anu dimimitian dina jam salapan isuk-isuk téh kakara réngsé dina jam hiji pabeubeurang. Jalan anu dipaké pawéyna nyaéta Jalan Prabu Geusan Ulun ti mimiti parapatan Apoték Pajaji nepikeun ka Alun-alun Sumedang anu panjangna kira-kira sakilo méter.

Makuta Binokasih
minangka Makuta Binokasih

Anu ngiluan ngaleut ngeungkeuy ngabandaleutna téh diantarana waé wawakil ti 26 kacamatan, barudak sakola ti mimiti PAUD nepikeun ka mahasiswa, pangusaha jeung golongan masarakat séjénna. Anu pawéy téh mintonkeun rupa-rupa kasenian jeung budaya anu jadi has Sumedang, saperti Tarawanga, génggong, tari umbul-umbul, pencak silat, kuda rénggong jeung kuda lumping. Aya ogé anu mintonkeun hasil/produk usaha ékonomi di Sumedang saperti batik jeung ukiran tina kai katut aanyaman awi. Ieu pawéy ogé diiluan ku mahasiswa IPDN (Institut Pegawai Dalam Negeri) Jatinangor anu mintonkeun kasenian sisingaan.

Kasenian Kuda Renggong
Kasenian Kuda Renggong

Sakumaha jejer miéling milangkala Sumedang anu ka-435 ieu, Sumedang Motékar, dina pawéy ieu anu ngiluan pawéy kudu mintonkeun barang-barang hiasan anu dijieun tina barang-barang urut. Hiasan saperti hiasan makuta Binokasih, barang-barang pikeun ngarias mobil anu diilukeun kana pawéy, jeung anu hiasan séjénna, dijieun tina barang-barang urut.

Kuda Lumping
Kuda Lumping
Sisingan ti mahasiswa IPDN
Sisingan ti mahasiswa IPDN

Inpo jeung poto meunang nyutat ti:

  1. Gelaran Karnaval Motekar Berlangsung Meriah
  2. Meriah Karnaval Barang Bekas Tutup HUT Sumedang
  3. @inposumedang

17 Agustus, Poéan Anu Ahéng?


Baheula mah anu ngaranna tanggal 17 Agustus téh katelah poéan anu ahéng atawa karamat. Kabéh jalma dina poéan éta téh kudu miluan atawa husu nujukeun pikiran jeung léngkah pikeun mapag éta poé, poéan merdékana nagara Indonésia. Dina éta poé téh kabéh jalma kudu ngareuah-reuah, minangka miéling kamerdékaan nagara. Lamun bisa mah apanan ngiluan miéling kamerdékaan ku jalan ngiluan upacara bandéra di désa atawa kacamatan. Lamun henteu bisa ngiluan upacara, nya datang ka tempat upacara téa pikeun ngiluan ngareuah-reuah, miluan ngaramékeun pawéy pembangunan. Lamun henteu bisa kénéh, nya cicing di imah ulah ka mamana.

Dina sakalieun ngalakukeun perkara anu taya pakuat-pakaitna jeung mieling kamerdékaan téh, osok aya istilah kakeunaan ku apes atawa matak cilaka. Pernah dina hiji waktu mah, aya urang lembur anu dina poéan mieling kamerdékaan téa henteu miluan ngareuah-reuah. Dina waktu batur daratang ka kacamatan, ari éta jalma kalahka indit ka leuweung pikeun ngala jéngkol. Dina waktu ngala jéngkol, éta jalma téh kalahka meunang cilaka, ragrag tina tangkal jéngkol. Ari parna mah henteu, ngan angger waé anu ngaranna cilaka mah. Tambah deui jadi mangaruhan jalma séjén, jeung mangaruhan kayakinan urang lembur. Sanggeus aya kajadian kitu mah, urang lembur téh ati-ati dina poéan miéling kamerdékaan téh. Lamun henteu datang ka kacamatan atawa désa téh, nya mending milih cicing waé di imah.

Bendera Negara Indonesia (sumber foto: internet)

Ku nyérélékna waktu jeung robahna jaman, kaayeunakeun mah, éta perkara téh henteu dipaké atawa kapaké deui. Poéan 17 Agustus téh teu pati dipiroséa. Komo lamun aya pakaitna jeung néangan pakaya dunya mah. Sanajan dina poéan 17 Agustus téh sawaréh jalma téh ngahajakeun daratang ka kacamatan pikeun upacara atawa pawéy, sésana (lolobana) mah nya ngalakukeun pakasabanana séwang-séwangan. Anu tatanén, nya datang ka kebon atawa sawahna séwang-séwangan. Anu perlu jukut atawa suluh, nya néangan kaperluanana séwang-séwangan.

Naha geus teu metu deui kitu ahéngna poéan 17 Agustus téh? Atawa gara-gara geus ganti pamingpin?