Meuli (Ngimpor) Sampeu ka Nagara Séjén? Bet Bisa…?


Nurutkeun warta anu dipedalkeun ku detikFinance dina poé Senén 9 Juli 2012, disebutkeun cenah nagara Indonésia téh meulian sampeu ti luar nagri utamana ti nagara China jeung Viétnam. Dina bulan April jeung Méi, sampeu anu dibeli téh kurang leuwih 5.057 ton sampeu. Éta sampeu anu mangton-ton téh kudu dibeuli kalawan hargana nepikeun ka 1,3 juta dollar. Anu jadi pananya téh, naha bet meuli ka nagara luar sagala? Naha hasil tatanén patani urang Indonesia henteu bisa nyukupan kana pangabutuh atawa aya hal tinimbangan séjénna?

Lamun diitung-itung mah harga sampeu anu dibeuli ti luar nagri téh nepikeun ka 2.300 tina sakilona (5.027.000 kilo dibagi 1,3 juta dollar dikali 9000). Harga anu lumayan nguntungkeun lamun ngilikanana ti lebah patani mah. Harga sampeu anu kotor ti patani mah kurang leuwih 500 rupiah. Lamun sampeu dijualna diberesihan heula asana téh moal ngurangan satengah-tengahna acan tina beurat kotorna (lamun dibandingkeun reujeung kotorna). Lamun patani bisa ngajual sampeu kotor sakilona 1000 waé ogé geus kacida untungna. Komo lamun bisa leuwih mah….

Sampeu

Terus nimu deui warta anu masih sumberna sarua kénéh ti detikFinance, disebutkeun ogé cenah sabenerna mah sampeu anu dibeuli ti nagara China jeung nagara séjénna téh nepi ka 3.000 ton dina unggal mingguna. Sababna meulian sampeu ti luar nagri téh cenah mah kusabab hasil tatanén sampeu di nagara Indonésia henteu bisa nyukupan pangabutuh sampeu industri anu aya di Indonesia kayaning industri dahareun, inuman katut industri kimia. Teu anéh lamun loba pausahaan anu ngahaja meuli sampeu ti luar nagri. Hasil tatanén sampeu di Indonésia loba nguranganana disababkeunana ku lahan pepelakan anu osok dipelakan sampeuna ngurangan da diganti ku tatanén kalapa sawit.

Ieu hal bisa dijadikeun kasempetan pikeun patani yén sabenerna mah anu ngaranna sampeu téh loba anu merlukeun. Ngan ieu inpo téh henteu nepi ka patani. Éta jadi masalah saeutikna patani anu melak sampeu. Dina melakna ogé ngan saeutik da lain pikeun dijual ka pausahaan gedé. Terus masalah séjénna mah nyaéta ngeunaan hargana. Patani di Indonésia mah éléh waé, teu bisa nangtukeun harga sorangan. Ngeunaan harga osok éléh ku anu meulina. Patani mah saeutik meunang untungna tibatan bandar. Dina bisa ngajual hasil tatanén téh osok murah waé.

Ngamimitian Tatanén


Dina bulan Séptémbér, jalma-jalma keur meumeujeuhna segut kana pagaweanana sewang-sewangan. Ma’lum, anu jadi patani. Manggihan usum hujan teh jadi kasempetan pikeun mitemeyan atawa ngamimitian tatanen. Sabenerna mah da nu ngaranna pagawean tatanen mah ti beh dituna keneh oge geus dimimitian. Kira-kira bulan Juli-Agustus, patani geus ngamimitian nyacar. Ngan waktuna melak mah nya dimimitian ti mimiti usum hujan.

Ti bulan Juli keneh geus ngamimitian nyacar kebon anu bala ku jujukutan atawa tatangkalan. Kajaba kebon urut pepelakan, anu henteu dipinuhan ku jukut, tara ieuh dicacar, cukup ku langsung di pacul wungkul. Sanggeus nyacar, jukut atawa tatangkalan anu laleutik meunang nyacarna didurukan atawa dipiceunan ka piheuleutan supaya ulah jaradi deui dina pepelakan. Nu matak dina nyacar mah biasana mah dina usum halodo keneh supaya jujukutanana gampang didurukna atawa gampang paehna lamun dipiceunan teh. Beda jeung geus usum hujan.

Beres ngadurukan atawa miceunan jukut meunang nyacar, biasana mah diteruskeun kana macul. Macul mah bisa dina waktu usum halodo keneh, bisa oge mun geus usum hujan. Mun usum halodo mah taneuhna rada lempur kajaba mun tapak katincakan oso rada teuas. Mun usum halodo mah taneuhna jadi rada liket, jadi gampang narapelna kana pacul.

Satutasna macul, diteruskeun kana nemprang jeung ngarag. Nemprang mah pikeun ngalempurkeun taneuh meunang macul anu guguruntulan galede keneh, sedengkeun ngarag mah pikeun miceunan sabangsaning akar-akaran tina taneuh meunang macul.

Beres eta, kakara bisa ngamimitian tatanen. Perkara tatanen mah kumaha bibinihan anu arek dipelakna. Aya pepelakan anu kudu diaseuk, aya oge anu kudu digaritan, ditancebkeun, jeung cara sejenna.

Anu biasana diaseuk mah bibinihan sabangsaning pare (di huma), suuk, jeung nu sejenna. Ari pepelakan anu biasa digaritan mah sabangsaning cikur, jahe, kacang taneuh. Ari anu ditancebkeun mah ssaperti melak sampeu.

Dina pepelakan, aya pepelakan anu jadi pokona aya oge pepelakan anu jadi pepelakan tambahan. Pepelakan anu jadi poko atawa anu utama biasana umur nepi ka dipanenna teh leuwih lila tibatan pepelakan tambahan. Jeung nu ngaranna pepelakan tambahan mah tara leuwih loba tibatan pepelakan utama. Jeung deui anu ngaranna pepelakan utama mah osok ngan ukur sarupa wungkul, sedengkeun pepelakan tambahan mah bisa leuwih ti sarupa.

Pepelakan tambahan anu osok dipelak biasana mah sabangsaning kacang panjang, bonteng, waluh, jagong jeung anu sejenna.