Orang Pinggiran, Carita Jalma di Pasisian


Kataji ogé ku hiji acara anu dipintonkeun dina hiji galura tipi nasional. Éta acara mintonkeun kahirupan jalma-jalma pasisian dina nyanghareupan kahirupan anu sarwa walurat. Eusina lolobana mah ngeunaan kumaha gedéna sumanget jalma-jalma dina ngalakonan kahirupanana anu bisa disebutkeun loba kakuranganana utama ngeunaan harta bobogaan katut pagawéan anu teu tangtu. Ku susahna néangan rejeki, nepikeun ka budak-budakna anu masih kénéh laleutik ogé miluan digawé atawa digawé sorangan néangan rejeki, pikeun mantuan kolotna. Dipintonkeun ogé kumaha rasana jeung kumaha susahna dina néangan kipayah pikeun kulawarga atawa kolotna.

Acara Orang Pinggiran di Trans|7

Sanajan kahirupan sarwa walurat jeung sarua weritna, tapi patékadan pikeun bajoang néangan kipayah henteu ngurangan atawa jadi leungit. Najan kudu digawé anu bisa disebutkeun taya hartina (lamun diukur ku pangaji), tetep dilakonan. Anu penting mah bisa beubeunangan reujeung halal, sanajan ngan ukur saeutik reujeung ceuk batur mah moal mahi atawa cukup pikeun bekel sapopoéna. Anu jadi jejer téh bisa jadi sakulawargana, atawa kolotna, malahan aya budakna. Budak atawa anak dina hiji kulawarga osok dijadikeun jejer dina caritana. Budak anu sakuduna mah keur meumeujeuhna resep arulin reujeung babaturanana, ieu mah kudu digawé néangan rejeki, néangan kipayah pikeun dirina reujeung adi-adina atawa mantuan kolotna.

Bisa disebutkeun, caritana matak ngagerian kana haté anu nongtonna. Anu nongtonna diajak neuleuman atawa ngilu ngarasakeun kumaha susahna jadi jalma pasisian anu sarwa kakurangan. Salian ti ngilu ngarasakeun, ogé bisa dijadikeun jalan pikeun mulungan luang reujeung sumanget jalma-jalma anu kakurangan dina ngalakonan kahirupanana. Najan kahirupanana sarwa kakurangan, henteu matak runtag atawa peunggas pangharepan dina néangan kipayah. Najan hasilna taya hartina, angger dikeureuyeuh. Da ngan éta anu bisa dipigawéna, taya deui pagawéan séjénna anu mampuh dipigawéna. Sumanget anu bisa dipulung enggoning nyanghareupan kahirupan ka hareupna.

(Gambar meunang nginjeum ti http://www.facebook.com/)

Munggahan di Dayeuh


Anu ngaranna munggahan mah teu nolih kana patempatan. Anu ngaranna mapag bulan puasa mah di mamana ogé ampir sarua waé, kaayaanana osok bédana reujeung poéan biasa. Mapag bulan puasa lain ngan ukur dilakukeun ku jalma-jalma di pasisian atawa pilemburan. Dalah urang dayeuh ogé sarua waé arék mapag bulan puasa mah osok munggahan.

Wilujeng Mapag Sasih Shaum 1432 H

Ngan aya hal-hal anu ngabédakeun antara pilemburan reujeung wewengkon dayeuh. Béda kusabab béda tempat, ogé kusabab kabiasaan atawa kabudayan. Dina mapag bulan puasa biasana osok sagala diayakeun hususna ngeunaan kadaharan. Arék di dayeuh atawa di pasisian, ampir sarua waé kitu. Anu biasana mah tara meuli daging, ayeuna mah jadi ngahaja meuli. Pon kitu deui reujeung kadaharan séjénna. Anu ngabédakeunana téh biasana mah ngeunaan hahargaan. Di dayeuh mah anu ngaranna hahargaan utamana kadaharan dina nyanghareupan puasa téh osok sagala naraék. Teuing pédah ngamangpaatkeun kaayaan teuing kusabab hukum ekonomi, teuing kusabab duanana. Nu pasti mah hahargaan téh naraék, béda reujeung poéan séjénna. Sedengkeun di pilemburan mah biasana tara kapangaruhan ku kaayaan arék nyanghareupan bulan puasa. Hahargaan, anu sumberna ti pilemburan biasana mah tara ieu naraék kusabab arék nyanghareupan bulan puasa. Kajaba lamun beulieunana asalna ti dayeuh anu hargana ogé da geus naék ti dayeuhna.

Terus ogé, kaayaan di dayeuh mah dina mapag bulan puasa téh jalan-jalan jadi pinuh ku kandaraan. Kandaraan padedet di jalan, jadi wa hareurin. Teu bisa bébas gagancangan lamun maké kandaraan ka mamana téh. Kandaraan pabaliut kalawan tujuan séwang-séwangan. Aya anu ngadon pakanci, balanja atawa balik ka lemburna.

Wilujeng Tepung di Blog Ciburuan


Blog ieu diayakeun pikeun ngamumule atawa ngalanggengkeun naon anu jadi kabiasaan atawa budaya anu geus jadi cekelan urang Sunda khususna kabudayaan anu aya di pasisian. Kajurung ku kahayang eta, nya dijieun ieu blog. Anu eusina dikhususnya nyaritakeun atawa magunemkeun kabudayaan Sunda anu aya di sabudeureun Kampung Ciburuan.

Sanajan kitu, tetep wae da anu nyusun ieu blogna ngabogaan kakurangan, boh dina widang pangaweruh boh dina widang praktekna. Jadi, nu nyusun ieu teu ngajamin sagala rupa budaya anu aya bisa kaasupkeun ka ieu blog.

Pikeun ayeuna mah, anu bakal diasupkeun kana ieu blog teh moal jauh tina widang-widang:

Sakitu wae heula pikeun ngamimitian ieu blog.