Étém


Etem
Etem

Nempo gambar ieu, pasti inget ka jaman baheula. Di pilemburan mah geus jadi parabot anu biasa dipaké nalika panén paré waktu harita. Arék panén paré di sawah atawa di huma.

Ayeuna mah geus jarang anu makéna. Da geningan panén téh ayeuna mah ngagunakeun arit. Supaya gancang sigana mah. Da panéna ayeuna mah langsung diarit reujeung tangkalna.

Baheula, mangsa panén masih kénéh ngagunakeun étém, panén téh rada lila. Sabab harita mah panén paré téh diteukteukanana tina gagangna, sarenggeuy saranggeuy, henteu jeung tangkalna. Siga anu leukleuk. Unggal ranggeuyan dihijikeun jadi saeundang kalawan ditalian maké tali tila awi. Dua eundan paré dihijikeun jadi sageugeus, sarua ditalian.

Sanggeus jadi geugeus, diakutan ka imah. Arék ditanggung (ku lalaki) atawa diais (ku awéwé).

Barudak Sakola SD Gandasoli Purwakarta Milu Tandur


Barudak sakola SD Gandasoli Kabupatén Purwakarta sababaraha waktu anu geus kaliwat ngiluan tandur di sawah masarakat. Kalawan dibarengan ku guru-guruna katut diluuhan ku Bupati Purwakarta, Pa H. Dédi Mulyadi, SH, barudak babarengan melakeun binih paré di sawah (tandur). Teu anéh lamun sawah lima kotak anu legana 2000 méter téh henteu lila ogé geus réngsé dipelakan binih paré. Barudak anu miluan kana ieu tandur mani galumbira. Maranéhna meunangkeun pangalaman anyar anu henteu kapanggih salila diajar di sakola.

Barudak Sakola SD Gandasoli Purwakarta Milu Tandur
Barudak Sakola SD Gandasoli Purwakarta Milu Tandur

Nurutkeun inpo anu diancokeun ku loka pamaréntah Kabupatén Purwakarta, cenah ieu kagiatan téh mangrupakeun ihtiar guru-guru di Désa Gandasoli pikeun méré atikan ka barudak sakola ngeunaan tata cara melak paré di sawah. Sakumaha piwejang Bupati Purwakarta, cenah, ngatik barudak téh alusna mah langsung prakték di masarakat.

Sanggeus réngsé melakeun paré, ditungtungan ku hareureuy maké leutak. Barudak téh silih balédog ku leutak sawah. Teu anéh lamun pakéan anu diparakéna téh pinuh ku leutak.

Mangsa Keur Usum Bonténg


Keur usum Bonténg geningan di lembur téh. Najan melak di kebon téh ngan sababaraha dapur (areuy), tapi pas ka lembur Bonténg téh teu weléh aya. Najan henteu panén ti kebon ogé, osok aya anu ngirim ti tatangga atawa dulur. Ngadahar hiji ogé matak wareg ari Bonténg ti lembur mah. Teu anéh da Bonténgna ogé béda reujeung Bonténg anu osok dijualan di pasar anu laleutik. Bonténg di lembur mah galedé, nepikeun ka sagedé pigeulang leungeun kolot.

Areuy Bonteng di kebon Cikur
Areuy Bonteng di kebon Cikur

Di lembur mah Bonténg téh dipelakna ku jalan diandri (tumpang sari) reujeung pepelakan poko séjénna. Jadi pelak Bonténg téh lain tatanén utama di kebon. Pelak Bonténg ngan ukur pepelakan panambah wungkul. Pepelakan pokona biasana mah Cikur atawa Paré (huma). Kebon Cikur atawa Paré huma téh osok dipelakan Bonténg dina sisi-sisina (sisi galengan atawa piheuleutan). Atuh saméméh panén Cikur atawa panén Paré téh bisa panén Bonténg heula.

Kusabab lain taneman poko, atuh dina melakna ogé tara ieu dipiara. Sok komo deui maké tatanger atawa tuturus. Pelak Bonténg téh osok diantepkeun ngayang waé di kebon. Dina sakalian meresihan kebon (ngoyos) téh, Bonténgna bisa sakalian diala. Anu geus gedé jeung acan kolot pisan osok dibawa ka imah pikeun dahareun.

Saméméh areuy Bonténg paéh, biasana mah Bonténg téh osok dikarikeun paling saeutikna hiji pikeun pibiniheun. Bonténg téh diantepkeun sina kolot jeung asak. Supaya siki éta Bonténg téh bisa diteundeun pikeun bibit pelakeuneun taun hareup.

Kokoprak, Paranti Nyingsieunan Manuk di Huma


Lamun di huma anu atawa sawah anu paréna keur sumedeng konéng, hartina sakeudeung deui ogé bakal panén, osok loba pisan hama utamana manuk anu bakal ngaganggu kana paré. Paré anu keur sumedeng konéng téh osok didaharan ku manuk, saperti manuk piit. Kusabab kitu anu boga huma atawa sawah osok nyieun alat pikeun nyingsieunan manuk. Salasahiji alat anu bisa dipaké pikeun nyingsieunan manuk téh nyaéta kokoprak.

Kokoprak dipaké pikeun ngagebahkeun manuk anu datang ka huma atawa sawah. Ngaran kokoprak téh dicokot tina sorana. Lamun kokoprak dikenyed-kenyed talina, osok disada koprak-koprak. Sora kaluar tina potongan awi anu diadu reujeung palang atawa gagang awi. Sora kokoprak lumayan bisa ngagebahkeun manuk anu ngadon balangsiar ka huma atawa sawah.

Kokoprak di huma

Kokoprak dijieunna tina leunjeuran awi anu dipotongan kira-kira sasiku atawa saleungeun panjangna. Potongan leunjeuran awi ieu diropéa supaya unggal potonganana miboga buku dina hiji tungtungna. Dina tungtung anu miboga buku diliangan (hareup jeung tukang) pikeun kaluarna sora reujeung diliangna palebah gigirna paranti ngantétkeun potonganana kana gagang. Sababaraha potong awi ieu dijajarkeun jeung dikantétkeun maké gagang anu meunang nyieun tina awi, anu tungtuna mah wangunana ampir sarua reujeung calung (ngan panjangna sarua). Saterusna, katétan potongan awi téh ditatanggeran ku tihang, bisa tina awi atawa tatangkalan diteundeun di tengah huma atawa sawah, atawa ditempatkeun di sisi ogé bisa. Tatangger éta kokoprak ditalian luhurna maké tali anu panjang, disambungkeun ka saung. Eta tali dipaké pikeun ngenyed-ngenyed kokoprak ti saung supaya disada.

Ngan ulah poho, supaya kokoprakna bisa disada, dihandapeun gagang awi (tempat ngantétkeun potongan awi), dina tatanggerna kudu maké palang awi ogé supaya dina waktu dikenyedkeun aya panakol kana kantétan awi. Wangunan ieu siga angklung. Jadi sakumaha angklung, kokoprak ogé disadana téh kusaba diadukan potongan awi anu ngantét kana gagang awi anu di handap.

Kokoprak Paranti Ngagebahkeun Manuk


Kokoprak…?

Lamun nyebut kokoprak, anu kabayang téh pasti huma atawa sawah. Ngan umumna mah huma, da di lembur mah aranglangka anu ngaranna sawah. Humana téh anu eukeur beuneur konéng, anu jadi tanda éta paré téh moal lila deui bakal dipanén.

Da bener kitu. Anu ngaranna kokoprak mah ayana téh di huma atawa sawah anu keur meujeuhna beuneur konéng. Sanajan kitu ti keur beuneur héjo kénéh ogé aya anu geus diteundeunan kokokprak.

Kokoprak

Kokoprak téh mangrupakeun alat anu digunakeun pikeun nyingsieunan atawa ngagebahkeun manuk, pangpangna manuk piit. Paré anu keur meujeuhna beuneur héjo atawa beuneur konéng, osok didaharan ku manuk piit. Kusabab kitu lamun panén paréna hayang mucekil, lain panyésaan manuk, éta paré téh kudu dijaga supaya ulah jadi parab manuk.

Kokoprak dijieunna tina leunjeuran awi (umumna awi tali), anu panjangna kira-kira saleungeun (satengah deupa). Ieu leunjeuran téh dijieun supaya mangrupa calung. Leunjeuran awi éta téh dijajarkeun maké gagang anu dijieunna tina awi kénéh. Gagang awi diteundeun dina tihang awi anu lumayan jangkung, kira-kira saleungeun jalma kolot. Di lebah handapeun gagang awi diteundeunan palang awi dipageuhan kana tihang awi. Palang awi ieu digunakeun pikeun panakol kana awi anu ngajajar.

Tihang kokoprak di tungtung luhurna ditalian maké tali tina awi tali. Talina sina panjang disambungkeun nepikeun ka saung tempat tunggu. Dina makéna, tali anu disambungkeun kana tihang jeung saung téh dikenyed-kenyed di lebah tungtung tali anu di saungna. Kusabab dikenyed-kenyed, tihang kokoprak téh katarik jadi eundeuk-eundeukan. Kusabab tihangna eundeuk-eundeukan, awi anu ngajajar téh ngiluan eundeuk-eundeukan terus nakolan palang awi anu diteundeun di handapeun gagang téa.

Manuk téh jadi kagareuwahkeun ku sora ieu kokoprak jeung ku eundeuk-eundeukanana. Jadi waé manuk anu arék atawa eukeur ngadaharan paré téh kalabur.

Empét-empétan


Teu karasa geus nincak waktu panén deui. Huma téh paréna geus meujeuhna beuneur koneng. Geus mangsana dibuat. Mun mangsa dibuat téh, barudak teh resepna ulin di huma. Lain milu dibuatna tapi resep aprak-aprakan ngajajah huma urut dibuat. Komo lamun lobaan reujeung babaturan mah, resepna teh ucing sumput.

Kabeneran balik sakola téh teu beurang teuing. Jadi balik ti sakola teh, si Acim reujeung babaturanana sakelas: si Omon, si Duyeh reujeung si Uju langsung nuju ka kebon. Embung-embung oge, si Omo jeung si Uju tungtungna mah daékeun ogé miluan ke humana si Acim. Humana lumayan jauh ogé, matak capé. Tadina mah si Omon téh baeud da embung tea katambah capé da jauh téa. Tapi sanggeus nepi ka huma reujeung di humana teh loba batur, kitu deui aya indung bapana, manehna jadi bérag deui. Terus waé opatanana téh arulin di huma. Néangan sayang manuk piit reujeung pacikrak. Tapi teu manggihan.

Tungtungna si Duyeh ngabogaan akal.

“Cim, urang nyieun empét-empétan wae yu.” Ceuk manéhna ka si Acim anu keur ngiuhan handapeun tangkal cau. Panas jigana mah reujeung capé da katempo késangna ngagarajag.

“Hayu atuh.” Tembal si Acim bari cengkat. “Tapi papatahan heula nya. Da kuring mah poho deui nyieunna oge.”

“Nya gampang lah eta mah.” si Duyeh miheulaan indit ka saung, dituturkeun kunu tiluan.

“Aya peso teu, anu seukeut.” si Duyeh nanya ka si Acim sanggeus nepi ka saung.

“Sakeudeung atuh nya. Urang téangan heula.” Si Acim terus kakaratak di jero saung, néangan peso. Tapi teu manggihan. “Sakeudeung atuh nya. Urang tanyakeun heula ka indung kuring….”

Teu nungguan panembal ti si Duyeh, si Acim ngaléos ka lebak, nuju ka anu keur dibaruat. Teu lila manehna geus balik deui. “Euweuh cenah peso mah. Aya oge bedok.”

“Bedog mah gedé teuing atuh….” Si Duyeh mikir.

“Ieu wae atuh. kuring mawa silét.” si Omon bari ngasongkeun silét anu masih kénéh diwadahan.

“Tah…, alus kitu mah.” Si Acim bungah.

Opatanana terus nuju k lebah tonggoh, ka huma anu geus dipanén. Si Duyeh terus neangan tangkal paré anu alus, terus diteukteuk, dijieun empét-empétan. Nu tiluan deui nurutan. Piligenti maké silet bogana si Omon.

Gambaran empet-empetan

Ari wangunan empét-empétan teh jiga suling. Di hiji tungtung sina bolong, sedengkeun di tungtung nu hiji deui henteu bolong da katutupan ku bubukuna. Terus di tungtung anu aya bukuan téh dikeureut maké silét. Ngeureutna ti arah tengah nuju kana bukuna, siga anu dibeulah waé. Terus pangeureutanana téh entong dipegatkeun diantepkeun sina nerap keneh kana ruas tangkal paréna. Supaya bisa disada, jero ruasna kudu diberesihan heula, carana dirorojok ku tangkal pare anu ukuranana leuwih leutik. Waktu ngarorojokna, biasana mah bari ngawih:

Ojok-ojok uang-aung
Ngarorojok nu di saung
Ojok-ojok uat-uat
Ngarorojok nu dibuat

Sanggeus beresih, kakara ditiup di lebah bubukuna. Mun disadana goréng, biasana mah dirorojok deui. Lamun masih kénéh goréng, ditarik heula bagean anu dikeureutna tea, ditarik ka luar sina muka liangna. Terus ditiup deui. Biasana mah osok disada. Disadana teh sarua jeung ngaranna, empet, empet….