Lagu Bubuy Bulan jeung Rongkahna Urang Sunda


Cenah urang Sunda mah kacida rongkahna. Ngaleuwihan sékésélér bangsa deungeun, sanajan dibandingkeun reujeung urang Amerika ogé. Lamun urang Amerika mah ngan ukur bisa ngajajah bulan (cenah ceuk béja). Eta ogé ngan ukur sakeudeung reujeung sakali-kalina, henteu daékeun indit ka ditu deui. Ari urang Sunda mah apanan bulan téh dibubuy…. Lain ngan ukur bulan wungkul anu bisa dibubuy téh. Anu leuwih rongkah deui mah panon poé atawa béntang anu disangray. Apanan panon poé ku urang Sunda mah disaté. Kitu mungguhing ceuk lagu Bubuy Bulan.

Bubuy bulan, bubuy bulan sangray béntang
Panon poé, panon poé disasaté
Unggal bulan, unggal bulan abdi téang
Unggal poé, unggal poé ogé hadé

Situ Ciburuy laukna hésé dipancing
Nyérédét haté ningali hérang caina
Tuh itu saha nu ngalangkung unggal énjing
Nyérédét haté ningali sorot socana

Bubuy Bulan

Anu Nguriling téh Panon Poé Atawa Alam Dunya?


Isuk-isuk geus meleték di palebah wétan, cahyana moncorong ngaliwatan sela-sela dangdaunan. Nyaangan unggal tempat anu tadina poék. Dina majuna waktu, isuk muru beurang, cicingna nérékél naék nepikeun ka luhur. Malahan mah aya mangsa cicingna di luhureun emun-emunan. Wanci ngagayuh ka wanci soré, pindah deui cicingna. Tadina anu di luhureun téh turun ka lebah kulon. Anu ahirna mah nyumput di tukangeun gunung. Anu tadina dunya dicaangan ku cahyana, jadi poé mongkléng.

Kitu jeung kitu, unggal poé. Isuk-isuk mucunghul di lebah wétan, pabuburit surup di lebah kulon. Éta anu dipigawé ku panon poé. Teu pernah elat, komo nepikeun ka eureunna mah. Lamun geus waktuna kudu mucunghul di lebah wétan, pasti bakal mucunghul di lebah wétan. Lamun waktuna kudu surup di lebah kulon, pasti surup di lebah kulon.

Panon poe meletek di beh wetan

Ti wétan muru ka kulon. Tuluy tilem ka handapeun alam dunya. Panon poé téh ngurilingan alam dunya ti lebah wétan ka lebah kulon. Unggal poé kituna téh.

Ngan, naha bener anu nguriling teh panon poe?

Sanggeus ditalungtik reujeung naon anu dipikanyaho ku élmu pangaweruh, hususna ti sakola, anu nguriling téh lain panon poé tapi alam dunya. Lain panon poé ngurilingan alam dunya, tapi alam dunya anu ngurilingan panon poé. Najan ku jalma anu cicing di alam dunya, karasana panon poé anu ngurilingan alam dunya, anu sabenerna mah sabalikna.

Aya Waktu anu Lila, Aya Waktu anu Sakeudeung


Dina kahirupan jalma di dunya mah teu leupas tina waktu. Waktu anu ngajurung laku-lampah kahirupan unggal jalma. Matak dina kahirupanana, jalma osok kasengker ku waktu atawa kaukur ku ukuran waktu. Asal ukuran anu dipakéna téh jelas. Jelas naon anu dipaké ngukurna.

Ngan dina kanyataanana, anu ngaranna ukuran waktu téh osok teu jelas. Teu jelasna téh kusabab henteu sarua anu dipaké ngukurna. Da biasana mah anu dipaké ngukur waktu mah hal-hal anu aya di luareun diri jalma, lain anu aya di dirina. Waktu bisa diukur maké jam, waktu ogé bisa diukur ku cahya panon poé. Lamun waktu diukur maké jam, aya waktu sadetik, samenit, jeung sajam. Lamun ukuranana maké panon poé, aya ukuran sapoé, dua poé, saminggu, sabulan jeung sataun. Atawa bisa ogé ukuranana téh maké bulan, anu ampir sarua ukuranana jeung maké ukuran panon poé.

jam jeung kalender

Dina hal maké ukuran anu disebutkeun di luhur, bisa jadi patokan anu ‘ampir sarua’. Ukuranana moal loba bédana.

Ngan lamun ukuran waktu téh maké anu aya di diri jalma, misalna dirina éta jalma, teu bisa dijadikeun patokan anu sarua. Da anu ngaranna masing-masing jalma mah euweuh anu sarua atawa sarimbagan. Komo deui lamun anu dipakéna téh rarasaan. Rarasaan mah ukuran anu pang teu bisa dipercayana. Rarasaan jalma ngeunaan waktu osok béda-béda, gumantung ka jalmana. Salian ti gumantung ka jalmana, ogé gumantung kana kaayaan. Kaayaanana téh arék kaayaan iraha waktuna atawa kaayaan tempat. Ditambah deui ku kaayaan kabiasaan. Kadang rarasaan jalma téh asa lila waktu téh. Kadang rarasaan jalma téh asa sakeudeung waktu téh. Kitu waé nurutkeun anggapan jeung rarasaan jalma mah, moal leuwih ti perkara lila jeung sakeudeung. Ngan rarasaan ngeunaan sakeudeung jeung lilana waktu anu dilakonan taya ukuran anu jelas. Sakumaha lilana anu ngaranna sakeudeung jeung, sakumaha lilana waktu anu ngaranna lila téh.

Hayang bukti? Coba waé nyoba nungguan hiji hal anu kudu ditungguan. Misalna nungguan babaturan nyampeur ka imah. Waktu anu dipaké nungguan téh bisa waé kaasup lila atawa sakeudeung. Lila jeung sakeudeungna téh gumantung kana rarasaan éta jalma anu nungguanana. Lamun dina nungguanana téh miboga sipat bosenan, mangka waktuna bakal kaasup lila. Béda reujeung lamun dina nungguanana téh bari migawé pagawéan anu dipikaresep, waktu téh bakal karasa sakeudeungna.

Samagaha


Aya kokoplahu, aya samagaha.
Kokoplahu mah kajadianana ti peuting, sedengkeun samagaha mah kajadianana waktu ti beurang. Duanana sarua nuduhkeun kaayaananu sakuduna caang, bet poék kusabab euweuh atawa kurang cahya. Poék sotéh kusabab anu biasana nyaangan téh bet kasilep, ilang kusabab kahalangan. Sanajan duanana nuduhkeun hal anu ampir sarua, dina kahirupan mah jalma-jalma téh condong atawa leuwih beurat kana kajadian samagaha. Sabab samagaha mah da kaciri pisan kaayaanana. Ari kokoplahu mah tara teuing atawa ngan saeutik anu merhatikeun. Keur mah kajadianana ogé ti peuting, anu geus biasa lamun poék téh, da dina wanci peuting mah jalma-jalma teh lolobana mah ngaringkeb waé di imah pikeun saré.

Samagaha, panon poé kahalangan bulan

Sedengkeuna ari samagaha, kalolobaan jalma pasti apal kana kajadianana. Dina wanci pabeubeurang mah, jalma-jalma téh apanan digarawé atawa apal kana kaayaan sakurilingeunana. Jadi lamun aya kajadian samagaha téh bakal apal. Beurang anu sakuduna mah caang disorot ku cahyana panon poé, kusabab aya samagaha jadi poék atawa rada poék. Poék ieu lain karana panon poé kahalangan ku reueuk atawa méga, tapi aya bulan anu ayana diantara alam dunya jeung panon poé. Kuayana bulan di antara alam dunya jeung panon poé ieu, cahya panon poé anu sakuduna nepi ka alam dunya, kahalangan ku bulan. Kusabab kahalangan, cahya teu nepi ka alam dunya. Poékna alam dunya ku sabab samagaha, gumantung kana perenahna bulan. Lamun perenahna bulan téh lempengan antara panon poé jeung alam dunya, bisa waé poékna lumayan. Lamun bulan téh rada lingsir saeutik tina lempengan panon poé jeung alam dunya, poékna teu katara teuing.

(Gambar meunang nginjeum ti http://4.bp.blogspot.com/_efuIYDP4AQ8/TU9XEb9LB-I/AAAAAAAAACM/qnbAfsuqfHg/s1600/Gerhana-Matahari-Total-di-Chili.jpg)

Kokoplahu dina Wanci Peuting Tadi


Kokoplahu….

Peuting tadi aya kajadian anu ngaranna kokoplahu.

Naon atuh ari kokoplahu téh?

Kecap kokoplahu, jarang pisan kadéngéna. Ngan ieu kecap téh pernah kapanggih baheula mangsa keur leutik. Kecap kokoplahu ampir sarua reujeung samagaha. Duanana ogé nuduhkeun kana kaayaan anu poék, anu sabenerna mah kudu caang atawa rada caang.

Dina wanci peuting, anu osok nyaangan téh nyaéta bulan. Arék bulan sapasi atawa bulan purnama, anu penting mah bulanna aya cahayaan jeung nyaangan poékna peuting. Ngan dina waktu peuting tadi mah, bulan anu keur sumedeng purnama téh, dina wanci ngagayuh ka janari gedé, bet ngaleungit. Bulan anu cahayaan téh leungit siga anu dilegleg ku poékna peuting.

Ceuk warta mah cenah peuting tadi téh aya kajadian kokoplahu. Bulan aku kuduna cahayaan téh jadi poék kusabab bulanna henteu kasorot ku cahya panon poé. Cahya panon poé anu kuduna keuna kana bulan téh kahalangan ku bumi. Kusabab kahalangan, bulan jadi poék.

Bulan anu arek kapoekan ku kalangkang bumi

Lamun diibaratkeun dina keur lalajo wayang mah, lamun hiji jalma nangtungna di tukangeun batur bakal ngarasa kapoékan kusabab kahalangan ku jalma anu aya dhareupeunana. Cahya lampu patromak anu aya di panggung téh moal bisa nyaangan éta jalma sapanjang batur anu dihareupeunana ngahalangan kénéh.

(Gambar meunang nginjeum ti http://newsimg.bbc.co.uk/media/images/42639000/jpg/_42639603_sharp.jpg)