Keun Baé


“Keun baé, teu kudu jadi pikiran.”
“Keun baé, entong kapapanjangan.”
“Keun baé, geus kudu kitu jadina.”

Kalimah ieu remen dikedalkeun ku kolot anu geus asak tinimbangan katut ihlas narima naon anu geus kajadian. Kalimah pangbeberah supaya naon anu karandapan téh bisa ditarimakeun. Kalimah pikeun ngupahan ka saha waé anu keur ngarandapan kajadian anu henteu dipiharep, saperti kaleungitan harta atawa teu hasil dina usaha.

Kolot jeung budak
Kolot jeung budak

Kalimah ieu kadang ditarjamahkeun yén jalma anu ngucapkeunana téh éléhan atawa épés méér. Embung usaha leuwih kahot jeung nyayagakeun sumanget anu leuwih ngagugudag deui. Tapi sabenerna mah lamun diteuleuman deui, lain ka dinya maksudna. Anu ngaranna usaha mah kudu soson-soson, kudu bener-bener. Anu kudu diculkeun naon anu geus karandapan. Anu geus karandapan mah ulah jadi pikiran atawa jadi bangbaluh pikeun ka hareupna. Anu geus karandapan mah geus lain uruseun deui. Anu geus karandapan mah kudu dijadikeun palajaran atawa pieunteungeun pikeun ka hareupna. Kudu manco ka anu bakal kasorang.

Kekecapan dina kalimah anu dikedalkeun ku kolot mah biasana miboga harti anu jero lamun daék neuleumanana. Kekecapan anu kaluar kusabab lobana pangalaman anu geus kasorang. Kekecapan anu kaasup papagah jeung wejangan, anu kaluar sabab nyaah ka anu leuwih ngora. Papagah kusabab geus asak jeujeuhan.

Upamana waé dina nalika kaleungitan harta atawa kapalingan, lain teu hayangeun pikeun néangan laratanana atawa néangan anu malingna. Tapi leuwih condong kana narimakeun éta kaayaan. Tibatan mangjangkeun urusan, leuwih hadé diihlaskeun. Pajarkeun téh apanan harta mah gampang kari néangan deui. Mana leungit atawa ilang ogé lain milikna atawa lain cawiskeunana. Harta éta mah milik batur.

(Gambar meunang nginjeum ti Blogspot)

Néangan Luang ti Papada Urang


Luang asalna ti papada jalma deui. Luang téh miboga harti pangalaman, élmu pangaweruh anu kapanggih salila ngalakonan kahirupan, atawa élmu panimu meunang mulungan sasieureun sabeunyeureun salila nyorang kahirupan. Pangalaman atawa pamanggih sanajan ngan ukur sasieureun sabeunyeureun, asal aya mangpaatna pikeun kahirupan jalma, boh pikeun dirina atawa diri batur bisa jadi luang. Komo deui pangalaman anu geus gerot mah, loba pisan luangna. Jadi lamun niténan kana ieu hal, anu ngaranna luang mah asalna téh ti papada jalma atawa ti papada urang.

Ngaguar pangalaman kolot

Dina néangan atawa nyiar luang, teu bisa ngan ukur nempo di jalma atawa di sahana, ti saha asal daluangna. Da luang mah lain ngan ukur ti jalma anu geus gerot wungkul. Najan jalma anu kasebut budak kamari soré ogé lamun miboga luang mah euweuh salahna dicokot. Jadi luang mah teu bisa nempo di jinis jalma anu miboga luangna. Tinggal kumaha ngala jeung misah-misahna, mana luang anu alus dicokot jeung mana luang anu goréng.

Luang bisa dicokot atawa ditéang ti jalma anu geus kahot, geus loba pangalamana atawa geus jalma anu geus legok tapak genténg kadék. Kolot-kolot anu geus loba pangalaman biasana mah loba pisan luangna, anu bisa dipulungan piken ngalakonan kahirupan ka hareupna. Luang kumaha cara ngalakonan kahirupan anu alus atawa bener tangtuna bakal nyampak. Luang anu utama bisa dikoréhan anu asalna ti kolot sorangan, atawa jalma anu dipikolot.

(Gambar meunang nginjeum ti http://chlorofil.files.wordpress.com/2011/03/keluarga.jpg)