Situ Cilémbang Bakal Dijadikeun Tempat Pakanci


Kaayaan cai di Situ Cilembang nalika masih beresih (potret: Instagram @fajarhermansah)
Kaayaan cai di Situ Cilembang anu rupana bulao (potret: Instagram @fajarhermansah)

Pamaréntah Kabupatén Sumedang, ngaliwatan Dinas Pariwisata, Pemuda dan Olah Raga (Disparpora) bakal ngabebenah katut ngaronjatkeun status Situ Cilémbang jadi Kawasan Objek Wisata. Wewengkon tempat ayana Situ Cilémbang kawilang alus matak narik ati saha waé anu ngajugjugna. Ditambah deui jeung cai anu aya di ieu situ anu rupana bulao. Situ anu caina bulao kawilang jarang. Ngan ukur aya dua tempat anu caina warna bulao, di pulo Kalimantan reujeung di Sumedang.

Atuh, kukituna pamaréntah Sumedang moal ngalalaworakeun ieu kaayaan. Kasempetan pikeun ngabebenah Situ Cilémbang supaya jadi tempat pakanci anu anyar di Kabupatén Sumedang.

Sanajan ieu situ téh geus ti baheula ayana, kakara ayeuna-ayeuna kakoncarana, sanggeus loba anu magunemkeun di mandala maya heuseusna média sosial. Sanggeus loba anu magunemkeun mah jadi loba jalma anu ngahaja arulin ka ieu situ, sahanteuna pikeun méakeun kapanasaran ku kamonésan ieu situ. Unggal poé teu weléh loba anu ngajugjugan ieu situ. Salian ti rupana bulao, cai di ieu situ ogé kacida hérangna. Ditambah deui, di jerona aya laukan cenah mah.

Ngeunaan rupa cai di Situ Cilémbang anu bulao, tacan aya panalungtikan anu ngaguar naon sabab-musababna. Tapi, nurutkeun iker-iker mah bisa waé disababkeun ku ayana lukut atawa plankton di jero cai Situ Cilémbang. Kuayana lukut atawa flankton ieu, cai Situ Cilémbang lamun kasorot panon poé bakal néngtogkeun warna bulao. Rupa bulaona bakal jelas lamun cai di Situ ieu loba pisan.

Pikeun ngabebenahna, bisa waé Situ Cilémbang téh dilegaan. Da nilik kana kaayaan ayeuna mah ieu situ téh kawilang leutik. Legana ngan ukut 70 méter pasagi anu dikurilingan ku batu galedé. Ngan saméméhna kudu ditalungtik heula supaya teu ngaruksak atawa ngarobah kana kaayaan cai di ieu situ, heuseusna rupa cai anu bulao. Terus didata ogé ngeunaan lahan anu aya di sabudeureun ieu situ, milik saha waé. Lamun nurutkeun panalungtikan bisa dilegaan, pamaréntah Sumedang bakal ngalegaan ieu situ katut ngabebenahna supaya jadi Kawasan Objek Wisata. Kawasan anu dilengkepan ku sarana jeung pasilitas pangrojongna.

Iraha atuh mimiti dibebenahna? Teu bisa sagawayah. Da kudu diasupkeun heula kana rarancang ngabebenahna. Masih kénéh panjang jujutanana, tapi geus aya pameredih ti pamaréntah Désa Hariang salaku anu ngawengku ieu situ. Harepanana mah tungtung taun ayeuna bisa dibebenah sanggeus rarancangna diasupkeun kana Perubahan APBD 2016.

Sugan waé atuh bisa leuwih mekar jeung kakoncara….

(Inpo meunang nyutat ti Pikiran Rakyat)

Pangwangunan Jalan Tol Bakal Dimangpaatkeun pikeun Kamajuan Sumedang


Pangwangunan jalan tol Cisumdawu (Cileunyi – Sumedang – Dawuan) anu ngaliwatan wewengkon Sumedang teu bisa diantepkeun waé mangpaatna. Sanajan pangwangunana masih tacan réngsé keur dikeureuyeuh, pamaréntah Sumedang geus nyayagakeun ancer-ancer pikeun ngala mangpaat tina pangwangunan ieu jalan tol. Sagala rupa mangpaat tina jalan tol ieu moal diantepkeun.

Sakumaha anu diwartakeun ku Pikiran Rakyat, pamaréntah Sumedang ngaliwatan Badan Perencanaan Pembangunan Daerah (Bappeda) Kabupatén Sumedang, bakal ngamangpaatkeun pangwangunan jalan tol Cisumdawu pikeun ngaronjatkeun pangwangunan di Kabupatén Sumedang. Harepanana, mangpaat ayana jalan tol ieu mawa pangaruh anu alus kana ngaronjatna beubeunangan (pendapatan) daérah pikeun ngawaragadan pangwangunan jeung ngaronjatkeun ékonomi masarakat, heuseusna masarakat anu kaliwatan ku jalan tol.

Sawatara mangpaat anu bakal diala téh diantarana waé nyaéta ngagunakeun jalan tol ieu pikeun patalimarga kandaraan anu narikan barang atawa hasil tatanén ti wewengkon Sumedang. Kuayana jalan tol ieu ngakutan barang atawa hasil tatanén téh bakal leuwih gampang jeung leuwih gancang. Pikeun ngarojong kana ieu mangpaat, pamaréntah Sumedang bakal ngawangun jalan di wewengkon Sukasari anu nepungkeun Sukasari jeung Lémbang. Jalan anu panjangna kurang leuwih 18 km ieu bakal dipaké pikeun narikan hasil tatanén (sayuran) heuseusna di wewengkon Sukasari anu bakal dikirim ka dayeuh kayaning Batawi atawa Cirebon. Jalan ieu bakal ditepungkeun ka jalan tol di panto tol Pamulihan.

Jalan tol Cisumdawu
Jalan tol Cisumdawu

Kuayana panto tol di Pamulihan ogé dipiharep bakal jadi lawang panto pikeun anu ngadon pakanci ka wewengkon Sumedang. Urang luar Sumedang anu hayang pakanci ka Sumedang bisa ngaliwatan jalan tol terus kaluar ti lawang panto Pamulihan. Ti dieu bisa ngajugjugan tempat wisata anu aya di wewengkon Sumedang kayaning éndahna Cadas Pangéran, ulin-ulinan ka dayeuh Sumedang bari sakalian meuli Tahu, ngajugjugan ka Alun-alun Sumedang, Musium Prabu Geusan Ulun katut Taman Hutan Rakyat Gunung Kunci jeung Palasari. Pikeun ngarojong kana ieu kahayang, pamaréntah Sumedang bakal ngabebenah wewengkon dayeuh Sumedang. Salian ulin-ulinan di dayeuh Sumedang, bisa ogé pakanci ka Jatigedé. Ka hareupna di wewengkon bendungan Jatigedé bakal diwangun lapangan Golf, jeung wisata cai.

Wewengkon Buahdua ogé teu tinggaleun bakal ngala mangpaat ku ayanan ieu jalan tol. Di wewengkon ieu bakal diwangunan Pembangkit Listrik Tenaga Panas Bumi (PLTPB) atawa geothermal. Ku ayanan jalan tol ieu, aksés ka ieu wewengkon bakal leuwih gampang jeung gancang.

Teu tinggaleun ogé wewengkon pangwétanna di Kabupatén Sumedang. Di wewengkon Kacamatan Ujungjaya bakal diwangun kawasan industri pikeun ngarojong ayana Bandara Kertajati. Kawasan industri ieu bakal diwangun di lahan anu legana nepikeun ka 1.800 héktar. Kawasan industri ieu bakal narik invéstasi anu gedé dina pangwangunana.

Pamaréntah Sumedang Didongsok Nyieun Wisata di Sabudeureun Tampomas


Dewan Kebudayaan Sumedang (DKS) ngadongsok pamaréntah Sumedang pikeun gura-giru nyieun rarancang poko (masterplan) katut DED (Detail Enginering Desaign) wewengkon wisata Tampomas. Ieu kahayang téh loyog reujeung Perda No. 2 tahun 2012 ngeunaan Revisi Tata Ruang Wilayah anu nyebutkeun yén Tampomas jadi wewengkon wisata. Hal ieu ogé dirojong ku ayana poroyék jalan tol Cisumdawu anu ngaliwatan suku gunung Tampomas anu bakal ngaronjatkeun poténsi wisata di ieu wewengkon.

Sanajan rarancang poko ieu tacan dijieun, poténsi wisata di sababaraha wewengkon anu aya di suku gunung Tampomas geus mucunghul. Di opat wilayah kacamatan anu aya di sabudeureun gunung Tampomas (kacamatan Cimalaka, Paséh, Conggéang jeung kacamatan Buahdua) mibanda poténsi anu rupa-rupa. Di widang wisatana, aya wisata cai panas anu perenahna di Cileungsing jeung Sekarwangi. Di widang sajarah, dua wilayah kacamatan mibanda sababaraha rupa parabot titinggal jaman baheula (artépak). Malahan Gunung Tampomas mibanda carita sajarah anu aya pakaitna reujeung Karajaan Padjadjaran. Cenah, saacanna ngadeg Karajaan Padjadjaran, Prabu Siliwangi ngadegkeun heula Karajaan Medang Kahiyangan di deukeuteun Gunung Tampomas.

Di widang budaya, Désa Cikurubuk Kacamatan Buahdua mangrupakeun tempat medalna seni budaya kuda rénggong anu geus kawentar heuseusna di Jawa Barat. Kasenian kuda rénggong bisa jadi ikon pikeun Kacamatan Buahdua dina ngawangun tempat wisata Tampomas.

Di wewengkon Kacamatan Cimalaka jeung Paséh anu mibanda lahan anu dikalian keusikna, urut lahan galianana bisa dijadikeun tempat wisata ogé. Sakumaha anu geus dipigawé ku Bunda Bilqis. Di lahan galian keusik inyana, Bunda Bilqis ngawangun lahan sawah, cai nyusu pikeun masarakat jeung sirkuit balap motor grasstrack. Leuwih jauhna di tempat ieu bisa dilengkepan ku tempat paméran jeung tempat hiburan.

Wewengkon Gunung Tampomas
Wewengkon Gunung Tampomas

Kusabab kitu, geus sakuduna pamaréntah Sumedang gura-giru nyieun rarancang poko (masterplan) jeung DED pangwangunan wewengkon gunung Tampomas. Poténsi ieu dipiharep bisa ngaronjat ku réngséna pangwangunan jalan tol Cisumdawu. Ulah nepikeun urang Sumedang ka hareupna, ngan ukur jadi anu lalajo di tempatna sorangan.

(Inpo jeung potret meunang nyutat ti Pikiran Rakyat Online)

Sumedang Osok Macét, Sabab Jalanna Laleutik jeung Loba Sisimpangan


Dayeuh Sumedang mah kaasup dayeuh leutik. Teu anéh lamun jalanna téh kalolobanana mah laleutik ogé. Ngan hanjakal kusabab dayeuh Sumedang jadi dayeuh liliwatan, loba kandaraan anu ngadon ngaliwat ka dayeuh Sumedang. Ti mimiti kandaraan leutik nepikeun ka kandaraan anu gedé. Boh anu ti béh wétan ka kulonkeun (Cirebon ka Bandung) atawa sabalikna ti Bandung ka Cirebonkeun.

Parapatan Padasuka, salasahiji parapatan anu remen macet
Parapatan Padasuka, salasahiji parapatan anu osok macet

Salian ti leutik, jalan di sabudeureun dayeuh Sumedang ogé loba sisimpanganana naha pertelon atawa parapatan. Ku dua hal ieu teu anéh lamun jalan di Sumedang remen ngalaman padedet ku kandaraan anu nyababkeun macét. Kayaning di pertelon jalan Angkrék, parapatan Bojong, pertelon BNI, parapatan Padasuka jeung parapatan Barak.

Ku hal ieu ka hareupna mah pamaréntah Kabupaten Sumedang bakal ngalegaan jalan anu kaasup remen macét éta. Cenah mah nepikeun ka tujuh tempat (parapatan jeung pertelon) anu bakal dilegaan kaasup anu geus disebutkeun saméméhna di luhur.

(Inpo jeung potret meunang nginjeum ti PRLM)

Puseur Dayeuh Sumedang Dibebenah


Supaya leuwih merenah tur tumaninah, wewengkon puseur dayeuh Sumedang mimiti dibebenah. Ti mimiti parapatan Polrés Sumedang nepikeun ka alun-alun baris dibébérés, sangkan dayeuh Sumedang téh jadi pikaresepeun. Geus jadi program Bupati Sumedang entragan ayeuna, parapatan Polrés Sumedang baris dirobah kaayaanana jadi bunderan saperti di Alam Sari. Alun-alun ogé anu osok ramé ku anu daragang di sisi jalan bakal dibébérés supaya henteu daragang di sabudeureun Alun-alun. Pon kitu deui reujeung wewengkon Gedong Nagara bakal dibebenah ogé.

Alun-alun Sumedang
Alun-alun Sumedang

Parapatan Polrés Sumedang salila ieu osok jadi tempat padedetna kandaraan anu lalar liwat ka ieu parapatan. Kandaraan anu asalna ti wewengkon Bandung, dayeuh Sumedang jeung ti wewengkon Cirebon pasarandog di ieu parapatan. Antukna nyababkeun kandaraan téh loba padedet di ieu parapatan, tungtungna remen macét. Pikeun ngungkulanana, pamaréntah Sumedang baris ngarobah ieu parapatan jadi bunderan. Tujuanana mah supaya henteu macét ku kandaraan anu lalar liwat. Pikeun ngalaksanakeun ieu program geus disadiakeun waragadna, utamana pikeun meuli tempat (taneuh) anu baris dipaké ngawangun ieu bunderan.

Ngeunaan anu daragang di Alun-alun Sumedang, cenah mah bakal dipindahkeun tempat daragangna ka tempat anu séjén. Anu tadina daragang di sabudeureun Alun-alun, mimiti poé ayeuna (Ahad, ping 29 Désémber) dipindahkeun ka tempat anu anyar. Tukang dagang anu biasa daragang di Alun-alun, dipindahkeun tempat dagangna ka hareupeun Gunung Kunci. Sedengkeun anu biasa daragang dina poé Saptu jeung Ahad dipindahkeun ka Lapang Pacuan Kuda. Hal ieu mibanda maksud pikeun mémérés Alun-alun Sumedang supaya jadi tempat anu pikabetaheun anu ngadon arulin.

Ngeunaan wewengkon/kompléks Gedong Nagara, bakal dibebenah ogé. Ka hareupna lain ngan ukur pikeun tempat dines wungkul tapi jadi tempat wisata. Pager hareupna, cenah mah bakal dipundurkeun supaya tempat pikeun neundeun kandaraan leuwih lega. Terus, balong anu aya di tukang ogé henteu tinggaleun bakal dibebenah. Supaya balongna bisa dimangpaatkeun ku masarakat umum pikeun dijadikeun tempat wisata saperti paparahuan/rarakitan.

Kitu nurutkeun warta anu katampi ti loka warta Pikiran Rakyat.

Warta ti Sumedang Ngaliwatan Mandala Maya


Sanajan jauh ti lembur, anu ngaranna warta ti lembur mah angger hayang apal. Hayang apal naon anu keur kajadian di sarakan. Kabeneran waé ayeuna mah najan dipisahkeun ku tempat anu jauh, geus henteu jadi halangan deui pikeun meunang inpo atawa warta ti lembur téh. Ieu salasahiji kauntunganana tina ayana téhnologi internét. Ngaliwatan téhnologi internét, sumebarna inpo atawa warta téh kacida gampangna. Inpo sumebar ka saban madhab, henteu dihalangan ku tempat anu jauh jeung waktu pikeun nepikeun éta warta. Warta bisa nepi harita kénéh ka mana waé ayana, asal kadongkang ku téhnologi internét.

Loka Pamarentah Kabupaten Sumedang

Ngeunaan warta ti lembur hususna waé ngeunaan Sumedang, bisa kapanggih ogé ngaliwatan internét. Kabeneran aya sababaraha loka di mandala maya anu dikokolakeun ku urang Sumedang katut eusina utamana ogé ngeunaan Sumedang. Moal tinggaleun teuing ku inpo ngeunaan Sumedang ku jalan nempoa éta loka. Loka-loka ngeunaan Sumedang anu bisa dipanggihan di mandala maya téh diantarana waé:

Éta salasawaréh loka di mandala maya anu eusina kalolobaanana ngeunaan Sumedang.