Liliuran, Migawe Tatanen Babarengan


Budaya liliuran téh ampir sarua jeung budaya ngahiras. Bédana téh, lamun liliuran mah biasana dina perkara pepelakan (tatanén). Jadi budaya liliuran mah condongna kana pakasaban. Dina liliuran mah biasa ayana iketan anu rada pageuh antara anu mantuan jeung anu dibantuanna. Dina liliuran mah anu dibantuan téh, sacara henteu langsung kudu mantuan deui jalma anu mantuan manéhna magawé. Da ieu mah aya pakaitna jeung pakasaban, atawa usaha kumaha néangan pangupa jiwa, jadi istilahna mah henteu haratis. Sanajan kitu, teu jadi halangan ogé lamun henteu mantuan deui pagawéan jalma anu mantuan téa. Ngan akibatna tangtuna ogé kahareupna moal aya anu mantuan deui.

Jalma-jalma keur liliuran pepelakan

Tujuanana liliuran, tangtuna ogé supaya pagawéan téh gancang réngséna. Béda reujeung dipigawena ngan ukur ku saurang atawa ku sakulawarga. Da anu ngaranna tatanén mah tangtuna ogé aya waktuna anu husus, teu bisa sagawayah. Ngamimitian tatanén di kebon hususna dipigawé waktu mimiti usum hujan. Jadi urang lembur kabéh anu ngabogaan maksud pikeun tatanén, ngabogaan waktu anu ampir sarua. Jadi, lamun hayang migawéna ku jalan liliuran, kudu milih waktu anu teu sarua, supaya bisa silih bantuan. Dina poé ayeuna mah bagéan migawé di kebon si éta, isukan mah di kebon si itu, lamun pagéto mah di kebonna si saha. Jadi, diprak-prakanana henteu babarengan di kebonna séwang-séwangan.

Ngabagi waktuna bisa ku jalan dibadamikeun heula reujeung tatangga anu arék mantuan jeung dibantuan.

Ku jalan ngalakukeun liliuran ieu, loba mangpaat anu kapanggih, diantarana waé:

  1. Ngurangan béaya pikeun muruhan batur anu mantuan. Da ku jalan liliuran mah, pikeun males atawa mayarna téh ku jalan gawé deui.
  2. Ngurangan waktu pikeun digawé. Jadi pagawean gancang réngséna. Jadi bibinihan anu arek dipelak téh gancang kapelakeun.
  3. Budaya silih bantuan terus dijaga.
  4. Kahirupan natangga jadi ayem tengtrem, moal aya pcogregan gara-gara hirup séwang-séwangan.

(Gambar meunang nginjeum ti http://jawatimur.lensaindonesia.com/wp-content/uploads/2011/09/ilustrasi-Petani-di-Kediri-mulai-tanam-palawija.jpg)

Diajar Ngadeg Ajeg (2)


Hiji hal anu jadi bekel pikeun kahirupan geus dewasa atawa kolot teh nyaeta pangalaman atawa pagawean anu diterapkeun ti keur budak keneh. Ti jaman budak keneh, ku kolot-kolotna geus dididik jadi pagawe, sakumaha pagaweanana kolot-kolotna. Mun kolotna jadi tukang tatanen, budakna ti leutik keneh dididik kumaha carana jadi tukang tatanen. Mun kolotna tatanen ka kebon, budakna diajakan. Salian ti diajakan oge osok dititah pikeun mantuan pagawean kolotna. Jadi sanajan budak (rumaja) keneh tapi geus boga pangalaman atawa pangaweruh dina widangna.

Mun ditempo sakeudeung mah, eta teh bisa disebut ngabantuan ka kolotna. Tapi, lamun ditengetan jeung diteuleuman leuwih jero mah eta teh ngadidik budak supaya ngabogaan pangabisa pikeun bekeleun engke jaga mun geus dewasa (jebrog). Sanajan eta pangabisa teh bisa wae teu dipake kusabab beda pakasaban jeung kolotna, upamana wae jadi pagawe nagri atawa guru atawa neangan gawe ka dayeuh.

Mun kitu mah, meureunan moal aya istilah tacan boga gawe. Da nu ngaran pagawean di lembur mah, anu ilu biung kana widang tatanen teu weleh aya pagawean. Moal aya istilah susah ku pagawean atawa kudu neangan pagawean. Pagawean mah moal kurang, naha arek di kebon sorangan atawa mantuan (kuli) tatanen ka kebon batur.