Pagelaran Seni Budaya Sunda di Dayeuhluhur Cilacap


Sanajan kaasup wewengkon Kabupatén Cilacap Propinsi Jawa Tengah, wewengkon Kacamatan Dayeuhluhur henteu bisa leupas tina budaya Sunda. Hal ieu henteu leupas tina perenahna wewengkon Dayeuhluhur anu aya di tapel wates Jawa Barat jeung Jawa Tengah. Jadi sanajan sacara administrasi mah asup ka wewengkon Jawa Tengah, ari budayana mah asup kana budaya Sunda.

Pagelaran Seni Budaya Sunda di Dayeuhluhur Cilacap
Pagelaran Seni Budaya Sunda di Dayeuhluhur Cilacap

Dina raraga miara jeung ngawanohkeun seni budaya anu aya di Dayeuhluhur, dina ping 31 Désémber 2014 nepikeun ka ping 5 Januari 2015 geus diayakeun pagelaran seni budaya jeung seni modérn. Ieu pagelaran téh dilumangsungkeun di Rest Area Mergo Kacamatan Dayeuhluhur kalawan yasana CS Production. Sababaraha kasenian tradisional dipagelarkeun, diantarana waé ibingan tradisional, Calung, Réog, pasanggiri Rebana, Kuda Lumping, jeung kasenian tradisional anu lianna.

Salian ti kasenian, ogé aya pidangan kadaharan khas Dayeuhluhur. Salian ti kadaharan aya ogé pidangan produk kerajiananana.

Pikeun seni modérnna, aya pagelaran band jeung musik Reggae anu mintonkeun grup band reggae asal Jakarta (Andreagge) jeung ti Bandung (Cofee Reggae Stone). Kitu sakumaha anu diwartakeun ku Harapan Rakyat Online.

Pagelaran Sariksa Wiwaha Sunda 2014


Pagelaran Sariksa Wiwaha Sunda 2014
Pagelaran Sariksa Wiwaha Sunda 2014

Dijurung ku rasa deudeuh jeung mihéman kana budaya Sunda ditambah ku rasa hariwang jeung sieun laasna budaya Sunda, Swara Waditra Sunda salaku Unit Kegiatan Mahasiswa (UKM) Sunda di Universitas Telkom baris ngayakeun pagelaran anu dingaranan Sariksa Wiwaha Sunda. Ieu pagelaran téh baris mintonkeun sababaraha jinis budaya Sunda. Di jerona ngadumaniskeun unsur-unsur budaya Sunda anu jadi pusaka warisan kolot baheula. Kitu sakumaha anu diwartakeun ku loka sariksawiwahasunda.org.

Ieu pagelaran bakal dilumangsungkeun poé ayeuna, Saptu ping 3 Méi 2014. Ngeunaan tempatna nyaéta di Taman Musik Centrum dayeuh Bandung. Ari waktuna bakal dimimitian dina jam tujuh peuting nepikeun ka réngséna.

Pintonan anu baris dipidangkeunana diantarana waé nyaéta Calung, Angklung, Kacapi Suling, Upacara Adat, Musik Inovatif, Rampak Kendang, Ibing Merak, Ibing Bajidor Kahot, Ibing Kembang Topéng jeung Jaipong Modérn.

Anu hayang nyakséni kana ieu pagelaran, dihiap-hiap pisan pikeung daratang. Da pikeun nyangksénina henteu dipénta bayaran alias haratis. Pikeun inpo leuwih jéntré bisa langsung ngontak Kang Ilham di nomer 0852944885443 atawa ngaliwatan loka sariksawiwahasunda.org atawa ogé ngaliwatan akun twitter @swsittelkom.

Pagelaran Drama Tanjeur Pajajaran ti Téater Sunda Kiwari


Pagelaran Drama Tanjeur Pajajaran ti Téater Sunda Kiwari
Pagelaran Drama Tanjeur Pajajaran ti Téater Sunda Kiwari

Dina poé Ahad ping 6 April 2014, Téater Sunda Kiwari seja ngayakeun pagelaran drama anu tempatna di Gedong Kasenian Ruméntang Siang dayeuh Bandung. Pagelaran ieu baris midangkeun drama dina jejer Tanjeur Pajajaran, kénging Yoséph Iskandar kalawan pangatur lalakon ku H. R. Dadi P. Danusubrata. Ngeunaan wancina, ieu drama baris dilumangsungkeun dina wanci peuting jam satengah dalapan.

Nu ngalalakon
Nu ngalalakon
Tingkesan carita
Tingkesan carita

Ka anu mikaresep drama, taya salahna pikeun ngadongdon kana ieu pagelaran di jalan Baranangsiang No. 1 Kosambi. Pikeun anu hayang lalajo bisa mayar tikét heula anu hargana 20 rébu rupiah. Pikeun pésen tikét bisa langsung ngontak ka Encép di nomer 081572063063 atawa ka Fera di nomer 089696001015.

Drama ieu téh cenah mah baris nyaritakeun kaayaan nalika karajaan Pajajaran runtag diserang ku Surasowan Banten. Opat urang senopati Pajajaran nyaéta Jayaperkosa, Wiradijaya, Pancar Buana jeung Kondang Hapa anu mawa makuta Pajajaran bisa ngiles ninggalkeun pajajaran muru ka wewengkon Sumedanglarang. Opatanana masrahkeun éta makuta ka karajaan Pajajaran katut babakti ka raja Sumedanglarang.

(Inpo jeung gambar meunang nyutat ti Teater Sunda Kiwari)

Pagelaran Angklung ITB 2013


Ti poé Ahad kamari, 10 Nopémber, Keluarga Paduan Angklung (KPA) ITB ngayakeun acara pagelaran ngeunaan angklung. Ieu acara téh dieusi ku kagiatan diajar jeung latihan angklung. Kalawan dijejeran “Warisan: Sebuah Perjalanan Mahakarya”, ranggeuyan acara anu aya pakaitna reujeung angklung dilumangsungkeun kayaning ekspo, sawala jeung workshop. Ieu acara baris dipungkas ku kagiatan puncer dina poé Saptu ping 16 Nopémber kalawan nanggap angklung (konsér angklung) anu tempatna di Wahana Bakti Pos.

Sawala ngeunaan angklung
Sawala ngeunaan angklung

Cenah mah, sakumaha anu diwartakeun ku Berita Institut Teknologi Bandung dina ping 12 Nopémber, ieu pagelaran téh dilumangsungkeun pikeun miéling dijadikeunana angklung salaku warisan budaya dunia ku lembaga UNESCO. Dina ping 18 Nopémber 2010, UNESCO ngangken yén angklung téh mangrupakeun salasahiji warisan budaya anu asalna ti Indonésia.

Sanajan geus diaku ku lembaga internasional, ari di nagri Indonésia sorangan mah tacan pati loba anu maliré jeung ngaku. Sok padahal angklun téh, cenah mah mangrupakeun salasahiji ciri budaya Sunda asli anu ngagambarkeun sumanget rageman (lobaan). Atuh, ku dilumangsungkeunana ieu pagelaran téh dipiharep sangkan beuki loba masarakat reujeung mahasiswa ITB anu leuwih mikaresep jeung leuwih ngahargaan kana angklung.

Kagiatan ékspona dilumangsungkeun di lapang Campus Centre Barat kalawan midangkeun rupa-rupa angklung ti sababaraha jaman. Ti mimiti angklung buhun anu dipaké nalika panén paré, angklung toél anu digunakeunana ku jalan ditoélan saperti piano, nepikeun ka angklung robot anu bisa ngagunakeun angklung kalawan otomatis. Disadiakeun ogé tempat husus anu midangkeun inpo yén angklung téh geus sumebar ka saban madhab, anu dicirian ku ayana komunitas angklung di luar nagri.

Anu datang kana ieu pagelaran ogé bisa ngilu diajar angklung di booth pelatihan jeung conducting angklung. Aya deui hiburan anu diancokeun ku pamaen angklung ti sababaraha grup angklung pikeun ngahibur anu daratang.

Aya deui kagiatan sawala (talkshow) anu dilumangsungkeun di Campus Centre Timur anu mintonkeun dua matéri, nyaéta “Angklung dan Teknologi” anu ditepikeun ku Eko Mursito Budi, dosen Fisika Teknik ITB anu nyieun angklung robot (Klungbot). Matéri kaduana ngeunaan “Angklung Mancanegara” anu ditepikeun ku Maulana Syuhada anu nyaritakeun pangalamanana dina ngawanohkeun angklung nalika diajar di luar nagri.

Kagiatan panungtungan, aya workshop anu eusina cara nyieun angklung anu dipingpin ku Handiman Diratmasasmita. Dina ieu kagiatan, anu hayang nyieun angklung bisa ngilu diajar kumaha nyieunna. Hasilna bisa dibawa ka imah séwang-séwangan.