Tukang Teuing


Tukang teuing….

Sahanteuna mibanda dua harti anu mandiri. Bisa dipaké pikeun nembrakeun kaayaan anu dialaman ku hiji jalma. Bisa ogé nuduhkeun kana pacabakan hiji jalma anu pagawéanana tacan jelas.

Keur lalajo, arék lalajo naon waé, lamun datangna pangpandeurina biasana mah kabagéanana téh pangtukangna. Kusabab ayana di tukang, aya kalanan henteu bisa jelas kana naon anu keur dilalajoanana. Arék kana soarana atawa pintonanana. Kusabab kitu disebutna téh tukang teuing.

Lalajona tukang teuing
Lalajona tukang teuing

Nalika ditanya ku batur, naon pacabakan si Anu. Biasana mah dijawab téh apanan si Anu mah tukang ngala cau atawa tukang dagang atawa tukang séjénna. Lamun apal mah lancar ngajawabna téh. Tapi lamun henteu apal mah apanan bingung. Jawab waé tukang teuing….

(Gambar meunang nginjeum ti Pendidikan Islam SMKA(P) Al-Mashoor)

Cul Dog-dog Tinggal Igel


Keur husu mah geningan poho kana nanaon. Sok padahal éta téh pira, ngan ukur pésbukan. Pésbukan téh dibawa anteng mah tara karasa, pangpangna teu karasa méakeun waktu. Najan dina waktuna keur gawé ogé, teu nolih kana pagawéan anu sakuduna dipaju, angger waé pésbukan mah henteu bisa tinggaleun. Hanca deui, hanca deui pésbukan. Unggal poé tara tinggaleun kana pésbukan téh. Asana téh henteu apdol lamun sapoé henteu pésbukan.

Pesbukan
Pesbukan

Saleuheung lamun di luareun jam pacabakan mah, da ieu mah geningan dina waktuna digawé ogé, teu leupas tina neuteup pésbuk. Pésbukan deui, pésbukan deui. Teuing kumaha atuh jujutanana, bet resep-resep teuing kana pésbukan téh. Da asalna mah biasa-biasa waé, teu pati teuing kabongroy.

Lamun diitung-itung mah geningan, waktu gawé téh lolobana mah dipaké pikeun pésbukan. Pacabakan anu utamana mah henteu dipiroséa. Ngan untung waé ayeuna mah keur kabeneran nyalsé. Pacabakan acan aya anu nampeu deui.

Angger waé kétang waktu gawé mah kuduna dipaké pikeun gawé.