Ngasah Pakarang


Aya dua urang patani anu ngabogaan kebon séwang-séwangan. Sebut waé duanana téh ngabogaan ngaran Mang Édas jeung Mang Édun. Dina usumna nyacar, duanana sarua migawé nyacar. Cara nyacarna sarua oge maké congkrang nyaéta parang anu nyarupaan kana arit (parang téh pakarang anu wangunna aya dina antara parang jeung arit). Mitemeyan nyacarna ogé sarua. Pokonana mah naon anu dipigawé ku dua urang patani téh nyeplés pisan (saruana pisan).

Ngan aya hiji perkara anu ngabédakeun dua urang jalma éta téh. Lebah naonna atuh?

Anu matak jadi bédana téh nyaéta dina ngasah congkrangna. Ngan ukur dina waktu anu digunakeun ngasah congkrangna wungkul, da ari kumaha cara ngasahna mah euweuh bédana.

Ari arék mitemeyan mah, duanana ogé sarua waé ngasah heula congkrangna séwang-séwangan. Mang Édas katut Mang Édun, saméméh miang ka kebon, duanana ogé sarua ngasah heula congkrangna maké asahan bogana séwang-séwangan di pipir imahna. Ngasah congkrang nepikeun ka seukeut pisan. Ceuk béja mah (ceuk nu gedé rahul), cenah sanajan dipaké nilas beuheung ogé ngan sagelecengeun. Sanggeus kitu, duanana indit ka kebonna sewang-sewangan. Mang Édas, teu poho ngasupkeun batu asahan kana koja bawana. Sedengkeun ari Mang Édun mah henteu mawa batu asahan, da ngabogaan cekelan yén congkrangna geus seukeut pisan.

Asahan

Nepi ka kebon, dekul duanana ogé langsung nyacar jujukutan anu minuhan kebon.

Nya dina waktu sapanyeupahan mah duanana ogé saregut kénéh kana digawé nyacarna téh, da congkrangna masih kénéh seukeut. Tapi kadituna, anu ngarana pakarang ari dipaké téh sok jadi matak mintul. Komo lamun nyacarna keuna ka batu mah, bisa-bisa rompang éta congkrangna téh.

Lamun geus mintul, matak horéam kana digawéna ogé. Sanajan dihanca ogé ditilasan jukutna, lila arék beunangna.

Mang Édas nyelang heula eureun ngiuhan heula. Sakalian eureun téh manéhna ngasah deui congkrang maké batu asahan bawana ti lembur. Sanggeus eureun heula sakedapan jeung congkrangna geus seukeut deui, dekul deui manéhna neruskeun pagawéanana nyacar. Kitu jeung kitu waé. Lamun congkrangna geus mintul, tinggal ngasah deui éta congkrangna téh.

Sedengkeun ari Mang Edun mah ngiuhan téh terus eureun waé da arek neruskeun nyacar ogé arék nanaonan. Da congkrangna geus mintul. Teu bisa dipaké deui kajaba lamun diasah heula. Lamun ngahaja maksakeun nyacar maké congkrang mintul mah, kalahka matak capé kana awak jeung kesel kana leungeun.

[Nyambung]

Ngamimitian Tatanén


Dina bulan Séptémbér, jalma-jalma keur meumeujeuhna segut kana pagaweanana sewang-sewangan. Ma’lum, anu jadi patani. Manggihan usum hujan teh jadi kasempetan pikeun mitemeyan atawa ngamimitian tatanen. Sabenerna mah da nu ngaranna pagawean tatanen mah ti beh dituna keneh oge geus dimimitian. Kira-kira bulan Juli-Agustus, patani geus ngamimitian nyacar. Ngan waktuna melak mah nya dimimitian ti mimiti usum hujan.

Ti bulan Juli keneh geus ngamimitian nyacar kebon anu bala ku jujukutan atawa tatangkalan. Kajaba kebon urut pepelakan, anu henteu dipinuhan ku jukut, tara ieuh dicacar, cukup ku langsung di pacul wungkul. Sanggeus nyacar, jukut atawa tatangkalan anu laleutik meunang nyacarna didurukan atawa dipiceunan ka piheuleutan supaya ulah jaradi deui dina pepelakan. Nu matak dina nyacar mah biasana mah dina usum halodo keneh supaya jujukutanana gampang didurukna atawa gampang paehna lamun dipiceunan teh. Beda jeung geus usum hujan.

Beres ngadurukan atawa miceunan jukut meunang nyacar, biasana mah diteruskeun kana macul. Macul mah bisa dina waktu usum halodo keneh, bisa oge mun geus usum hujan. Mun usum halodo mah taneuhna rada lempur kajaba mun tapak katincakan oso rada teuas. Mun usum halodo mah taneuhna jadi rada liket, jadi gampang narapelna kana pacul.

Satutasna macul, diteruskeun kana nemprang jeung ngarag. Nemprang mah pikeun ngalempurkeun taneuh meunang macul anu guguruntulan galede keneh, sedengkeun ngarag mah pikeun miceunan sabangsaning akar-akaran tina taneuh meunang macul.

Beres eta, kakara bisa ngamimitian tatanen. Perkara tatanen mah kumaha bibinihan anu arek dipelakna. Aya pepelakan anu kudu diaseuk, aya oge anu kudu digaritan, ditancebkeun, jeung cara sejenna.

Anu biasana diaseuk mah bibinihan sabangsaning pare (di huma), suuk, jeung nu sejenna. Ari pepelakan anu biasa digaritan mah sabangsaning cikur, jahe, kacang taneuh. Ari anu ditancebkeun mah ssaperti melak sampeu.

Dina pepelakan, aya pepelakan anu jadi pokona aya oge pepelakan anu jadi pepelakan tambahan. Pepelakan anu jadi poko atawa anu utama biasana umur nepi ka dipanenna teh leuwih lila tibatan pepelakan tambahan. Jeung nu ngaranna pepelakan tambahan mah tara leuwih loba tibatan pepelakan utama. Jeung deui anu ngaranna pepelakan utama mah osok ngan ukur sarupa wungkul, sedengkeun pepelakan tambahan mah bisa leuwih ti sarupa.

Pepelakan tambahan anu osok dipelak biasana mah sabangsaning kacang panjang, bonteng, waluh, jagong jeung anu sejenna.