Randa Béngsrat


Naha bet nyaritakeun randa béngsrat sagala? Ieu mah pédah waé aya anu nanyakeun, naon hartina ari kecap rangkepan randa béngsrat? Anu apal mah randa béngsrat téh wanoja anu jadi randa tapi tacan lila nikahna. Kakara ogé nikah geus pipirakan deui. Kitu kurang leuwihna mah.

Lagu Randa Bengsrat

Lamun hayang leuwih jauh ngeunaan naon hartina randa béngsrat, bisa ditelekan dina rumpaka lagu Randa Béngsrat anu kabeneran kapanggih di loka FREE DOWNLOAD MP3 lambaran Pop Sunda Baheula.

Wilujeng nengetan waé naon hartina….

Isuk-isuk panganténan
Pabeubeurang pepegatan
Pangantén istri dipirak
Katelahna randa béngsrat

Aki-aki panganténan
Kawin beurang soré pegat
Si nini nyorangan deui
Nu kieu mah nini béngsrat

(Pat-lumpat) Kuda lumpat hésé malik
(Srat-béngsrat) Randa béngsrat gedé milik
(Pat-lumpat) Kuda lumpat rada muter
(Srat-béngsrat) Randa béngsrat pada ngincer

Budak ngora panganténan
Kawin kilat terus pegat
Geus pegat kapéngpéongan
Mun nu kieu koboy béngsrat

Dirunghal, Baheula jeung Ayeuna


Kecap dirunghal, bisa jadi mangrupakeun hiji kecap anu biasa-biasa waé pikeun salasahiji golongan jalma. Sedengkeun pikeun golongan séjénna, bisa jadi hiji kecap anu kudu diingkahan atawa embung kaalaman. Cenah ceuk kolot mah, jalma dirunghal téh osok matak susah néangan jodo. Komo lamun hal ieu téh ninggangna di pangawakan awéwé.

Dirunghal téh ceuk basajanna mah dipiheulaan atawa diléngkahan rumah tangga ku adi. Adi lanceuk ti hiji kulawarga, dina ngamimitian nyorang rumah tanggana, heulaan kénéh adina tibatan lanceukna. Lanceuk anu dipiheulaan nikah ku adina, disebutna dirunghal. Sedengkeun adina anu miheulaan disebutna ngarunghal. Anu biasana mah lanceuk anu tiheula nikahna, ieu mah sabalikna.

Nikah

Béh dituna, anu ngaranna dirunghal téh kudu diingkahan. Ulah nepikeun ka aya istilah dirunghal atawa karunghal. Osok nyababkeun lanceuk anu dirunghalna susah meunangkeun pijodoeun. Kusabab kitu, lamun hiji adi arék nikah téh biasana mah osok nungguan heula lanceukna pikeun meunang jodona heula atawa nikah heula. Lamun henteu, dina harti hiji adi kapaksa miheulaan lanceukna dina ngalumangsungkeun rumah tanggana, adina kudu barangbéré (méré ipekah) ka lanceukna anu harepanana supaya lanceukna gampang meunangkeun jodo.

Tapi ka béhdieunakeun mah, hal ieu téh teu pati jadi mas’alah. Komo lamun anu dirunghalna téh hiji lalaki. Lanceuk lalaki mah osok teu ngamas’alahkeun adina anu jinisna awéwé pikeun miheulaan rumah tangga. Dalah lanceuk awéwé ogé ayeuna mah geus teu jadi mas’alah ogé. Da anu ngaranna jodo mah apanan geus aya anu ngaturna. Lamun geus cunduk kana waktuna mah moal bisa dicegah deui.

Sésérahan


Isuk-isuk kénéh geus ngabring, ngiringkeun calon pangantén bari angkaribung barangbawa. Teu sirikna sagala dibawa. Ti mimiti anu hampang nepikeun ka anu beurat. Ngabring teu lalaki teu awéwé, teu budak teu kolot, ngilu nganteurkeun calon pangantén lalaki ti imahna nuju ka imah calon pangantén awéwé.

Gambaran jalma keur ngabring bari mawa barang keur diserahkeun ka calon pangantén awéwé

Dina poéan dirapalanana, biasana mah bari ngiringkeun calon pangantén lalaki, jalma-jalma anu ngilu nganteur pangantén lalaki téh, bari babawaan. Babawaan pikeun bekeleun hirup rumah tangga calon panganten. Lamun kaparengah anu panganténana téh salembur, nganteurkeunana tara maké kandaraan. Ngabringna téh bari laleumpang kaasup calon panganténna. Unggal anu ngiringkeun biasana mah teu nepikeun ka henteu barang bawa. Aya anu mawa baki dieusian sagala, anu mawa baskom eusi dahareun, anu nanggung atawa ngagotong cau, nepikeun ka anu manggul atawa ngagotong lomari pakéan. Pokona mah naon anu bakal dibekelkeun ka calon pangantén pikeun ngalakonan rumah tanggana, ti kolotna calon pangantén lalaki, dibawa dina poéan harita.

Jadi sakalian dirapalan téh, ogé langsung dikirim bekel pikeun ngalakonan hirup rumah tangga. Jigana mah supaya ulah bulak balik ngirim bekel. Da geus jadi kabiasaan, lamun geus dirapalan mah, pangantén téh ngalakonan hirup rumah tanggana osok ngilu heula di imah mitoha awéwé. Salila tacan meunang atawa nyieun imah sorangan mah osok ngadon ngilu di imah kolotna pangantén awéwé. Sahanteuna lamun geus sagala dibekelan mah ku kolot pangantén lalaki, piraku henteu betah cicing di imah kolot pangantén awéwé.

(Gambar meunang nginjeum ti http://t3.gstatic.com/images?q=tbn:ANd9GcTzbc35qBlSb0Q66NyeMc_2VneFgO-9-2eoxao56eupjU1fIfz6g4fEWY9nUQ)

Anu Ngaranna Jodo mah Sapantaran


Saur pun guru mah, anu ngaranna jodo mah saurna aya istilah sapantaran antara lalaki jeung awéwé. Sapantaran dina harti tingkatan antara duana miboga tingkatan anu sarua. Ngan sapantaran ieu aya sababaraha rupa, aya sapantaran dina hal pakaya, katurunan jeung agama. Dina agama Islam mah diistilahkeunana téh nyaéta kufu’. Saurna, dina milih jodo atawa pasangan hirup téh kudu nempo kana tingkatan kufu’-na, naha sarua atawa henteu. Ngan dina lebah néangan anu sapantaran ieu, anu kudu jadi cekelan pangutamana mah nyaéta sapantaran dina hal agamana. Sarua pantaran agamana atawa henteu. Dina perkara pakaya jeung katurunan mah, bisa waé henteu sapantaran ogé.

Dina perkara néangan pasangan hirup anu sapantaran dina agamana, ieu lain ngan ukur papagon atawa tetengger anu kudu dicekel ku urang Islam, tapi ogé mangrupakeun katangtuan. Katangtuan ieu geus natrat sakumaha pidawuh Gusti Alloh dina Al-Quran surah An-Nur ayat ka-3, anu hartina kurang leuwih:

“Lalaki tukang jinah henteu kawin salian jeung awéwé tukang jinah deui atawa awéwé musrik, jeung awéwé tukang jinah henteu dikawin salian ti ku lalaki anu tukang jinah atawa lalaki musrik, anu kitu téh diharamkeun pikeun jalma-jalma mu’min.”

Nurutkeun ieu ayat, saurna, geus jadi katangtuan yén lalaki tukang jinah bakal nikah reujeung awéwé tukang jinah deui. Saterusna, lalaki anu iman bakal meunangkeun awéwé anu iman ogé. Kitu deui lalaki anu Islam bakal meunangkeun awéwé anu Islam deui. Ieu téh mangrupakeun katangtuan ti Gusti Alloh.

Nikah

Kumaha atuh lamun aya lalaki anu ngaku miboga Iman tapi nikah reujeung awéwé anu teu miboga Iman atawa tukang jinah? Ngeunaan ieu hal, kaimanan lalaki ieu teu bisa jadi cekelan. Naha bener iman atawa ngan ukur ngaku-ngaku. Da lamun bener-bener ngaku Iman mah moal baha kana katangtuan ti Gusti Alloh.

(Gambar meunang nginjeum ti http://wahidunana.files.wordpress.com/2010/04/nikah.jpg)