Guntreng jeung Gétréng


Papada jalma teu weléh aya pasalingsinganana jeung pasaliana. Moal saterusna sajalan jeung sapamadegan, da anu ngaranna ogé béda jalma. Béda jalma béda ogé kahayang jeung pamadeganana. Pon kitu deui reujeung papada dulur atawa baraya. Lain ngan ukur reujeung batur wungkul, dalah reujeung anu sarundayan ogé osok aya waé anu pasalia téh. Teu anéh lamun aya waktuna gétréng reujeung aya waktuna guntreng.

Nalika satuhu satujuan, balak guntreng ngobrol. Arék ka kalér atawa ka kidul, obrolan téh bakal bakal nyambung. Taya basa jadi pacéngkadan atawa neugteug jeung hog hag. Keur mangsana guntreng mah asa lain jeung sasaha ngobrolna ogé. Arék heureuy atawa ngobrol anu teges, moal matak jadi mas’alah. Éta dina mangsana sareundeuk saigel.

ngobrol
ngobrol

Hanjakal teu salawasna bisa guntreng. Dina waktu-waktu anu lian mah apanan osok aya istilah gétréng. Anu tadina sareundeuk saigel téh robah jadi pahereng-hereng. Anu tadina sapamdegan téh pasalia pamadegan atawa béda kahayang. Anu saurang hayang kieu, anu lianna hayang kitu. Duanana teu sajalan deui. Sanajan anu nyababkeunana mangrupakeun perkara anu teu sapira.

Arék gétréng atawa guntreng, duanana pasti marengan kehirupan jalma jeung bakal aya mangsa-mangsana.

(Gambar meunang nginjeum ti nyunyu.com)

Hade Goreng Ku Omong


Geus sababaraha poé manéhna téh ngan ukur baeud waé ka déwék. Teuing kunaon atuh. Da saméméhna mah henteu kitu. Saacanna mah biasa waé, sakumaha reujeung babaturan: lamun papanggih osok barang tanya, ku kalimah arék ka mana waé ari ilaing? Atawa ku kalimah, kumaha kulawarga, calageur kabéh teu? Kitu biasana mah.

Ngan ti saprak poe Senén, sikepna téh bet robah. Ngan déwék téh bingung. Naha sikep kituna téh ngan ukur ka déwék wungkul atawa ka nu séjén ogé sarua. Da éta téa, ti saprak ti poé senén, sikepna téh jadi béda, jadi robah. Jadi teu apal kaayaanana, kukumahana.
Beuki bingungna mah, manéhna siga anu embung panggih ogé. Siga anu hayang ngajauhan. Naha kunaon atuh ari ilaing téh? Bet robah sagala sikepna ka déwék? Kitu lamun kongang mah. Ngan arék nyarita atawa nanyakeun téh asa bingung sieun matak teu ngeunah kana haténa.

Ngan ukur bisa nyarita dina haté wungkul, da déwék euweuh kawani. Tapi lain euweuh kawani-kawani teuing ketang. Da arék nyaritana ogé manéhna siga anu euweuh waktu. Siga euweuh waktu anu nyalsé. Siga anu loba pagawéan atawa pakasaban. Euweuh waé waktu eukeur ngobrol atawa cacarita téh.

Kudu kumaha atuh? Bet asa diganggayong kieu.

Ngobrol

Kudu kumaha atuh kudu kumaha?

Bet jadi bingung. Bet jadi teu puguh pacabakan. Kudu kumaha?

Tétéla pisan, di dieu pentingna obrolan téh. Kuduna mah manéhna téh méré katerangan anu jéntré: kumaha kaayaan anu sabenerna. Lamun boga kahayang mah nya tinggal nyarita waé atuh. Lamun aya kateungeunah kusabab paripolah déwék, nya tinggal nyarita waé langsung. Naon susahna atuh ilaing téh?

Tapi, nyatana? Naha bet susah ngomong ogé.

(Gambar meunang nginjeum ti: http://images.clipartof.com/small/63179-Royalty-Free-RF-Clipart-Illustration-Of-Black-And-White-Human-Factor-Men-Talking.jpg)