Baheula mah, aya hiji kabiasaan nalika bulan puasa anu matak alus kana diajar iitungan. Unggal poé ti mimiti poé kahiji kénéh ogé, geus diajar ngitung. Ngitungna teu leuwih ti geus sabahara poé ngalakonan puasa jeung sabaraha poé deui ka lebaran. Iitungan éta anu unggal poé diitung téh. Bérés poe kahiji, bungah geus ngalakonan puasa sapoé. Sésana tinggal 29 poé deui (geus biasa lamun bulan puasa di lembur mah reremenna 30 poé). Dina poé katiluna, bungah deui kusabab geus ngalakonan puasa salila dua poé, sedengkeun sésana 28 poé deui. Kitu jeung kitu waé unggal poé téh.
Bakating ku hayang gera réngsé puasa rarasaan mah. Lamun geus réngsé mah apanan nincak kana poéan lebaran. Geus nepi ka lebaran mah apanan biasa barangdahar pabeubeurang deui. Teu kawas bulan puasa, barangdahar téh ngan ti peuting wungkul.

Ngan nya kitu téa anu ngaranna ngitung waktu mah geningan asa lila. Hayang gera ngorotan sapoé ogé asa lila. Karasa pisan lilana téh. Ti poé ka poé téh asa lendo pisan waktu téh nyérélékna. Komo deui lamun inget kana puasa anu dilakonan téh kakara sapoé atawa dua poéna. Dina ngitung sésana téh apanan katempo tanggah jauh ka langitna téh. Kakara dua poé ogé geus katara lilana. Komo deui lamun kudu ngalakonan puasa 28 poé. Matak seunggah.
Ngan untungna téh, teu salawasna kitu. Teu salawasna ngitung jeung ngitung poé. Aya kalana osok poho kana waktu. Lamun resep ulin jeung babaturan mah biasana teu karasa waktu téh. Kana ngitung poé ogé osok kapopohokeun lamun ulin waé mah.