Ngapalkeun Raraban


Mangsa sakola di sakola dasar (SD) mah salasahiji anu kudu bisa jeung kudu diapalkeun téh nyaéta kakalian. Kakalian anu remen diapalkeun téh disebutna raraban. Itung-itungan jeung kukurangan mah jarang diapalkeun. Kakalian mah beda reujeung tatambahan katut kukurangan, susah diitung make ramo langsung. Jadi wae kakalian mah osok diapalkeun, utama kakalian pikeun wilangan ti hiji nepikeun ka sapuluh. Kakalian ti hiji nepikeun ka sapuluh mah biasana osok diapalkeun. Ngapalkeunana ti wilangan hiji anu dikalikeun reujeung wilangan hiji nepikeun ka wilangan sapuluh. Kakalian wilangan hiji ieu disebutna Raraban Hiji (Raraban 1). Sanggeus raraban 1 bisa atawa apal, diteruskeun kana raraban saterusna nepikeun ka raraban 10.

Raraban 1 nepikeun ka raraban 10 anu diapalkeun ku barudak
Raraban 1 nepikeun ka raraban 10 anu diapalkeun ku barudak

Raraban anu diapalkeun mah biasana ngan ukur raraban 1 nepikeun ka raraban 10 wungkul. Da saterusna mah susah ngapalkeunana kusabab angka hasil kakalianana leuwih ti saratus. Diajar raraban ieu geus jadi kabiasaan pikeun barudak sakola dasar di lembur mah. Barudak téh osok papada hayang pangapalna jeung pangbisana, sanajan hasil kakalianana lain kusabab diitung heula tapi meunang ngapalkeun. Sahanteuna lamun geus apal mah lamun ditanya ngeunaan kakalian ku guru di kelas téh bisa gampang ngajawabna. Henteu kudu bingung-bingung ngitung deui maké ramo atawa batu.

Apal Cangkem


Saur jenatna pun nini, lamun diajar téh kudu nepikeun ka apal cangkem. Kitu saurna téh. Utamana ngeunaan pangajaran di sakola, supaya bisa alus niléyna jeung bisa asup réngking. Anu alus mah najan diajarna ngan sakali, tapi bisa apal cangkem. Lamun teu bisa, nya ku jalan mindeng ngapalkeun ogé bisa nepi ka apal cangkem. Da dina perkara ngapalkeun mah kumaha budakna, aya anu gampang apalan aya ogé anu susah apalna. Cenah, aya otak anu seukeut, aya otak anu mintul. Otak anu seukeut mah gampang apalna, sedengkeun anu mintul mah kudu mindeng ngapalkeun. Aya kalana, budak anu seukeut otkna mah ngan ukur ngabandungan guru ngajelaskeun sakali ogé langsung waé apal atawa asup kana otak.

Barudak sakola keur dialajar

Anu ngaranna apal ogé aya kalana dina hiji waktu mah poho. Ayeuna bisa apal soténan, da engké mah tacan tangtu apal (bisa poho/kapopohokeun). Anu alus mah sakumaha bedog, kudu mindeng diasah. Lamun hayang seukeut, bedog kudu mindeng diasah. Pon kitu deui reujeung akal atawa otak, kudu mindeng diasah supaya bisa seukeut terus. Lamun poho kana hiji pangajaran, nya téang deui atawa apalkeun deui. Anu pentingna mah ulah nepikeun ka dipopohokeun teuing.

(Gambar meunang nginjeum ti pesbuk)