Mikawanoh Komunitas Aleut!


Mimiti ngadéngé ngaranna, kaciri nyundana téh. Aleut, mangrupakeun kecap dina Basa Sunda anu nuduhkeun kaayaan anu ngabring. Dina hal ieu mah anu ngabringna téh nya sababaraha urang jalma atawa lobaan. Ngaleut mangrupakeun pagawéan sababaraha urang jalma (atawa lobaan) anu ngabring muru ka tempat anu dijugjug.

Ngeunaan Komunitas Aleut!, bisa disebutkeun mangrupakeun komunitas anu anggahotana barudak ngora anu hayang mikacinta kana tempat (dayeuh) anu keur dianjrekanana. Mikacintana ku jalan mikawanoh jeung néangan luang tina sajarahna. Sakumaha ngaranna, kagiatan poko anu dilumangsungkeun ku ieu komunitas téh nyaéta ngaleut atawa ngabring mapay tempat atawa ngajugjug tempat anu miboga niléy sajarah. Ku jalan ngaleut, dipiharep dina ngahargaan kana sajarah téh bisa leuwih loba anu mikaresep. Harepanana, niléy sajarah téh bisa dilarapkeun dina basa katut kahirupan sapopoé.

Komunitas Aleut! di twitter
Komunitas Aleut! di twitter

Komunitas Aleut! dikokolakeun ku saurang koordinator kalawan dibantuan ku sababaraha urang anggahota aktip salaku pangurus poéan. Struktur dina Komunitas Aleut! henteu tetep, tapi disaluyukeun reujeung pangabutuh.

Pikeun anu hayang ngiluan kana ieu komunitas, Komunitas Aleut! bisa diiluan ku saha waé kalawan sarat henteu ngabeuratkeun. Da ieu Komunitas mah lain néangan untung. Sarat anu kudu dicumponan kunu hayang jadi anggahota nyaéta:

  1. Bisa maca aksara latén.
  2. Miboga kahayang pikeun diajar.
  3. Resep leuleumpangan (jalan-jalan).
  4. Ngeusi keretas pormulir paranti daptar.

Anu hayang jadi anggahota ngan ukur dipénta waragad sapuluh réwu pikeun sataueun. Ieu waragad téh pikeun gaganti nyieun pin anggahota (unggal anggahota baris dibéré pin), béaya sms pikeun bewara lamun aya kagiatan ngaleut, jeung pikeun kas.

Sedengkeun papagon anu kudu dicekep ku unggal anggahota Komunitas Aleut! ieu, diantarana waé:

  1. Turut tumut kana papagon umum salaku warga masarakat.
  2. Nyumponan tanggung jawab salaku anggahota komunitas saperti silih tulungan, henteu ading adiguna, ogé henteu ngamangpaatkeun komunitas pikeun kapentingan anu henteu bener.
  3. Henteu ngamangpaatkeun data jeung aksés anggahota Aleut! pikeun kapentingan pribadi atawa kelompok di luar Komunitas Aleut! bari taya idin ti pengurus.
  4. Ngiluan kana kagiatan diajar babarengan.
  5. Sanajan taya tatali katut kawajiban anu pakaitna dina hal organisasi, harepanana mah bisa nyekel kana aturan anu aya.
  6. Pangurus bisa ngaluarkeun salasaurang anggahota lamun dianggap ngaganggu anggahota séjén dina komunitas.
  7. Anu ngiluan komunitas Aleut! ogé kudu apal jeung nyaluyuan katut ngalaksanakeun dadasar Komunitas Aleut!, manco dina kagiatan anu dilumangsungkeun, ngajaga harga diri komunitas katut ngaragangan anggahota anu séjénna.
  8. Sanggup ngagunakeun idéntitas Komunitas Aleut! dina unggal ngiluan kagiatanana.

Nurutkeun data anu diancokeun dina blog Komuunitas Aleut, ieu komunitas diadegkeun dina taun 2006. Kalawan sekretariat ayeuna di Jalan Sumur Bandung No. 4 Bandung 40132. Alamat sérélék di komunitasaleut@gmail.com, akun pésbukna di klab_aleut@yahoo.com, akun twitter di @KomunitasAleut. Sedengkeun alamat lokana di aleut.wordpress.com.

(Inpo meunang nyutat ti aleut.wordpress.com)

Mikawanoh Tutuwuhan, Pélingna Ngaleut Kedokteran


Sakumaha wejangan ti panitia saméméh prak indit ngaleut, sanajan jejerna ngeunaan Kedokteran, dina prakna ngaleut mah henteu ongkoh ngan ukur manco kana hal kedokteran atawa kaséhatan wungkul. Komo nyanghareupan milangkala Komunitas Aleut anu katujuh, lamun manggihan hal atawa obyék poto anu alus mah, ulah tinggaleun. Arék tutuwuhan atawa obyék séjénna, supaya hasilna bisa diancokeun engké nalika milangkala.

Bener waé salila ngaleut téh lain ngan ukur ngagugulung masalah kedokteran jeung kaséhatan wungkul. Dina prak-prakanana aya pedaran ngeunaan tutuwuhan utamana tutuwuhan anu kapanggih salila ngaleut. Sabenerna mah loba tutuwuhan anu kapanggih, ngan aya sababaraha tutuwuhan anu digunemcaturkeun ku anu leuwih apal kana éta masalah tutuwuhan (mahasiswa Biologi sigana mah). Aya pepelakan hui, cau, cau kipas, buah Dewandaru, jeung gedang.

Ngariung pepelakan hui
Ngariung pepelakan hui

Cenah aya cau téh salian bisa didahar, aya ogé jini cau anu henteu bisa didahar. Ciri-cirina cauna paranjang laleutik, terus rupa atawa warna jantungna méncrang. Panasaran ogé, hanjakal henteu disebutkeun ngaran jinis cauna. Soalna di lembur aya cau hoé anu paranjang laleutik, ngan warna jantungna poho deui, anu ngaranna cau hoé. Cau ieu mah tara dipelak, jadina di pileuweungan.

Ngariung magunemkeun masalah cau
Ngariung magunemkeun masalah cau

Aya deui tangkal cau kipas. Ngeunaan cau kipas, cenah bisa dipaké pikeun nuduhkeun arah kiblat. Tambahanana deui, aya tutuwuhan anu kakara panggih, nyaéta tangkal Dewandaru. Kakara harita manggihanana. Nilik kana rupa buahna mah siga buah ceremé. Buahna ogé bisa didahar cenah, rasana rada haseum.

Kumpul ngariung magunemkeun masalah cau kipas
Kumpul ngariung magunemkeun masalah cau kipas
Buah Dewandaru
Buah Dewandaru

Ngaleut Kaséhatan, Mikawanoh Ngaran Dokter Jaman Baheula


Kagiatan ngaleut Komunitas Aleut dina poé Ahad ping 19 Méi 2013 dijejeran ku Ngaleut Kedokteran, anu miboga maksud pikeun ngaprak wewengkon kedokteran di dayeuh Bandung. Dina ieu acara ngaleut, anu ngiluan bisa mikawanoh saha waé dokter-dokter anu ngaranna dipaké ngaran jalan anu aya di éta wewengkon. Salian ti mikawanoh ngaran dokterna, ogé bisa apal kana kumaha icikibung aranjeunna dina widang kaséhatan.

Ngaleut Kedokteran
Ngaleut Kedokteran

Kagiatan dimimitian ku ngumpul di sekretariat Komunitas Aleut, Jalan Sumur Bandung No. 4. Sanggeus kumpul ngariung jeung meunang wawaran ti panitia, anu ngiluan ngajugjug ka wewengkon anu dituju. Acara ngaleutna sorangan dimimitian di Taman Abdul Rivai anu perenahna di Jalan Abdul Rivai, Kelurahan Pasirkaliki. Ti dinya diteruskeun ka belah kulon, ka Jalan DR Cipto. Di deukeuteun SDN Pajajaran, méngkol ka katuhu ka Jalan Dr Rubini anu tembus ka Jalan Dr Rum. Ti Jalan Dr Rum, méngkol ka Jalan Dr Wahidin. Diteruskeun ka Jalan Dr Radjiman arah wétan, tuluy méngkol deui ka kénca muru Jalan Rontgen. Ti dinya ngalér tembus ka Jalan Dr Erhlich. Di dieu eureun heula sakeudeung. Anu lapar, bisa ngaganjel heula beuteung.

Teu lila, diteruskeun deui béh wétan ka Jalan Dr Curie. Di pertelon kahiji méngkon ka katuhu anu nyambung ka Jalan Taman Curie. Ti Jalan Taman Curie nyambung deui ka Jalan Dr Curie. Tepung jeung Jalan Dr Sukimin, méngkol ka kalér anu tembus ka Jalan Pasopati. Meuntas jalan Pasopati, asup ka Jalan Dr Saleh anu disambung ku jalan Dr Slamet. Anjog ka Jalan Dr Eyckman, méngkol ka kulon tembus parapatan Jalan Cipaganti. Ti dinya muru ka masigit Cipaganti. Acara ngaleut dipungkas di masigit Cipaganti ieu.

Jalan anu diliwatan ku anu ngaleut
Jalan anu diliwatan ku anu ngaleut

Dina mapay jalan anu dingaranan ku ngaran dokter ieu, dijelaskeun ngeunaan saha dokter anu jalanna keur disanghareupan katut kumaha waé ketakna dina widang kaséhatan. Ku hal ieu anu ngiluan ngaleut téh sahanteuna bisa apal saha waé dokter anu miboga jasa dina widang kaséhatan. Boh arék dokter urang Indonésia atawa urang luar nagri. Lamun aya inpo anu kurang parna, bisa silih lengkepan ku saha waé anu apal inpona.

Dina sela-sela ngaleut, lain ngan ukur meunang oléh-oléh inpo ngeunaan dokter jeung kaséhatan, aya ogé inpo atawa élmu ngeunaan hal séjénna. Diantarana waé ngeunaan tutuwuhan, sasatoan jeung kaayaan lingkungan anu kasorang. Salila ngaleut, manggihan sababaraha tutuwuhan katut inpo ngeunaan éta tutuwuhan ti anu leuwih apal.

Ngaleut Ngeungkeuy Ngabandaleut, Ngemat-ngemat Nyatang Pindang


Poe Salasa kabeneran sakola eukeur pere. Tapi, sabenerna mah lain pere, da barudak sakola teh sakuduna mah arindit ka kacamatan pikeun ngiluan upacara dina raraga milangkala kamerdekaan Indonesia. Enya, poe Salasa teh kabeneran ninggal dina tanggal 17 Agustus. Pikeun barudak kelas lima reujeung kelas genep mah, ku guru teh dikudukeun pikeun ngiluan upacara di kacamatan. Sedengkeun kelas anu dihandapna mah henteu kudu. Tapi lamun arek datang ka kacamatan mah moal dicaram.

Si Acim, katut babaturana salemburna milih ngiluan indit ka kacamatan. Tapi lain arek ngiluan upacara, da manehna mah kakara oge kelas tilu. Ti lemburna teh henteu bareng reujeung kolot-kolotna. Manehna mah milih indit ka kacamatanana teh reujeung babaturan sakelas katut salemburna. Aya meureunan kana tujuhanana mah. Ari adina si Acim, nyaeta  si Onah mah henteu milu, da dititah tunggu imah ku indung-bapana si Acim.

Ari kolotna si Acim, oge miluan indit ka kacamatan. Da kabeneran indung bapana teh jadi ‘pajabat’ anu diangkir kudu hadir waktu pawai pembangunan, cenah. Ari bapana jadi ketua RT, sedengkeun indungna teh pangurus di pengajian Al-Hidayah.

Si Acim katut babaturanana inditna teh milih jalan motong anu henteu ngaliwatan jalan gede, tapi mapay-mapay sawah reujeung sisi leuweung. Nya lumayan teu pati jauh dibandingkeun ngaliwatan jalan gede mah. Ari kolot-kolot ti lembur mah milihna teh ngaliwatan jalan gede, da geus garaya meureunan da arek pawai tea. Ti imahna teh geus garinding marake pakean dinesna sewang-sewangan. Anu jadi ‘gegeden’ di lembur marake pakean saragamna, anu jadi patani oge teu tingaleun maka saragam patanina (pakean paranti ka kebon ngan beresih, pacul katut dudukuy cetok). Anu jadi tukang dagang teu poho kana daganganana. Ti lembur keneh geus ngabring ka kacamatan.

Waktu Si Acim saparakanca datang ka kacamatan teh geus der upacara. Maranehna neangan tempat anu uih, di handapeun tatangkalan tonggoheun lapang maen ball. Di dinya lain ngan ukur maranehna wungkul, tapi loba oge nu lianna. Ngahaja meureunan neangan tempat anu jangkung reujeung uih supaya bisa nempo ka sakurilingeun lapang katut bisa dariuk rineh.

Sanggeus upacara, nincak kana pawai pembangunan. Masing-masing desa mintonkeun kaonjoyanana, supaya bisa jadi anu pangunggulna jeung jadi jawara. Jalma-jalma ngalabring ti jalan beh kulon, nuju ka tengah lapang ka hareupeun panggung paranti juri nganiley. Jalma-jalma teh mani ngaleut garinding, sagala dipake reujeung sagala dibawa. Aya anu mawa papayon anu eusina mararodel. Jalma ngalabringna teh jiga anu dikomando, leumpangna katut gayana sarua sarua reujeung babaturan anu sagrupna. Golongan patani ngantay patani wungkul, ibu-ibu pangajian ngabring reujeung rombonganana, barudak sakola oge teu tingaleun ngalabring sarombonganana. Tapi tetep, tiap desana mah mararisah.

“Cim. ari ti desa urang iraha nya?” Ceuk Si Omon ka Si Acim anu cicing di gigireunana.

“Duka teh teuing atuh nya. Da teu katempo kalangkang-kalangkangna acan.” Tembal si Acim teu kireum-kireum.

“Ih, maneh mah. Ditanya sabener-bener teh.” Si Omon keuheul.

“Ih, lain kitu. Da kuring oge teu apal. Teuing bagean ka sabaraha atuh. Da anu tiheula mah desa batur.” Si Acim ngupahan.

“Ceuk bapa kuring mah cenah bagean kaopat.” Si Duyeh milu nyarita.

“Kaopat nya…?” Si Acim mencrong ka Si Duyeh.

“Heueuh….” Tembal si Duyeh.

“Lila keneh atuh nya….” Si Omon melong ka rombongan jalma anu nuju ka tengah lapang.

“Nya lila pisan jigana mah. Tempo wae. Eta abringan jalma mani loba kituna. Mani ngaleut panjang pisan. Sakitu rarekepna teh, jigana mah acan sadesa-desa acan nya anu dinileyna oge.” Ceuk si Acim daria.

“Heueuh. Eta wae budak sakolana oge masih keneh jauh kitu.” si Atok anu ti tadi cicing, ngilu mairan.

“Jigana mah nepikeun ka beurang.” Si Omon ngarahuh.

“Nya urang tungguan wae atuh. Sing sabar. da engke oge bakal kabagean desa urang oge.” Si Duyeh ngupahan.

“Heueuh. Lain maneh hayang sangu tumpeng lain?” Si Acim nanya ka Si Omon.

“Nya puguh atuh.” Si Omon cenghar.

“Mun kitu mah sing sabar wae. Sanajan ngaleutna nepikeun ka iraha, najan nepikeun ka lohor urang tungguan wae atuh. Da engke oge bakal kabagean desa urang oge.”