Cikondang, Tampian Baheula Kari Waasna


Keur acan loba sumur di lembur mah, lamun mandi atawa ngala cai téh osok ka tampian. Kabeneran tampian di lembur mah lumayan loba jugjugeun, ti mimiti anu deukeut nepikeun ka anu jauh. Ampir kabéh urang lembur harita mah marandina téh di tampian. Atuh tampian téh jadi salasahiji tempat pangjugjugan urang lembur. Ti pasusubuh kénéh tampian téh geus rame ku mandi jeung ngala cai kusabab embung kabeurangan. Pabeubeurangna waktu Lohor nepikeun ka burit (Maghrib), tampian mimiti ramé deui kunu ngadon mandi satutasna digarawé di kebon. Pikeun barudak mah, tampian téh jadi salasahiji tempat pangulinan jeung hareureuy. Bari nungguan giliran mandi, hareureuy heula di sisi balong.

Ayeuna, kaayaanana geus robah. Sanggeus urang lembur loba anu nyarieun sumur di deukeuteun imah-imahna, tampian téh jadi tiiseun. Henteu ramé kawas baheula. Anu ngadon mandi atawa ngala cai téh bisa diitung kénéh maké ramo. Ngan ukur sababaraha urang anu masih kénéh osok ka tampian téh. Teu anéh atuh lamun aya tampian anu salin jinis lain tampian deui. Tampian anu cur-cor caina dina pancuran katut balongna jeung saung atawa tajug deukeuteun tampian téh geus taya deui. Kitu anu kajadian reujeung tampian anu aya di Cikondang.

Tampian Cikondang anu salin jinis jadi tegalan
Tampian Cikondang anu salin jinis jadi tegalan

Cikondang baheula mah mangrupakeun tampian anu jadi pangjugjugan lamun tampian di Cilembur pinuh kunu ngadon mandi. Sababaraha siki pancuran di sisi balong téh ngocor cai lumayan gedé. Matak tiis kana awak katut pipikiran. Dikurilingan ku pakebonan di pasir (gunung leutik) matak waas nempona. Dangdaunan héjo ngémplo mapaésan tatangkalan anu ngajarega. Ayeuna kari waasna. Tampian katut balong jeung sawah di hilirna, geus salin jinis jadi tempat anu hara-haraeun teu kaurus.

Diajar tina Rorodaan Gilinding Hiji


Rorodaan anu gilindingna hiji, anu paranti ngadorongna téh tina awi saleunjeur, biasana mah ku barudak téh osok dipaké ngakut cai anu diwadahan kana jalikén atawa émbér. Lamun dibandingkeun reujeung dijingjing ku leungeun, éta cai téh leuwih hampang ditarik maké rorodaan. Jadi salian dipaké pikeun hareureuy atawa ulin, éta rorodaan téh osok dipaké pikeun mantuan kolot ngala cai ka tampian.

Anu kudu dijadikeun panalungtikan téh naon sababna éta cai téh leuwih hampang lamun ditarik maké rorodaan tibatan dijingjing maké leungeun? Ari jawaban anu gampangna mah nya bisa waé kusabab dibantuan maké rorodaan. Tapi jawaban nurutkeun élmu pangaweruh di sakola kumaha atuh? Da lamun ditengetan mah ngeunaan perkara ieu téh aya élmuna anu diajarkeun di sakola, hususna élmu alam (IPA atawa Fisika).

Rorodaan gilindingna hiji dipake narik cai

Kumaha atuh ngeunaan ieu téh lamun ditilik tina élmu Fisika?

Ngeunaan mawa cai aya pakaitna reujeung pangajaran massa, beurat reujeung gaya (lain gaya dina basa Sunda ieu mah). Berat cai anu dibawa téh salian ti ngabeungbeuratan budak anu mawana ogé ngabeungbeuratan gilinding rorodaan. Jadi beurat cai téh dibagi duaan. Babagina, kumaha wangunan rorodaaanana, utamana panjang pangdorongna katut bédana panjang tempat neundeun cai kana gilinding reujeung kana taktak budak anu mawana.

(Gambar meunang nginjeum ti internet)