Belang Betong


Mangsa keur budak mah remen ngadéngé kekecap ieu téh. Pangpangna mangsa sakola di SD. Kolot téh loba anu mapagahan ka budakna supaya ulah belang betong ari sakola téh. Sakola mah kudu rajin. Tapi ieu husus pikeun budak anu ngedul kana sakolana, kadang daék sakola kadang embung sakola. Rajeun daék sakola lamun dipapaksa kudu sakola. Da budak anu rajin sakola mah henteu kudu ditititah deui sakolana.

Gambaran barudak sakola keur indit sakola
Gambaran barudak sakola keur indit sakola

Budak anu daék sakolana kakapeungan disebutna téh belang betong. Atuh, saha kolotna anu hayang miboga anak anu kedul sakola, atawa daék kakapeungan. Kolot mah nyakolakeun budak téh supaya daék diajar, supaya pinter. Supaya miboga élmu pikeun bekel hirup ka hareupna. Lamun kedul mah atuh moal meunang élmu anu mucekil.

Dina prak-prakanana, lain ngan ukur pikeun budak anu daék kakapeungan sakola wungkul. Belang betong ogé osok dilarapkeun dina hal séjénna. Budak anu keur diajar solat ogé, aya kalana nalika horéam mah tara dilakonan. Budak téh ngalakonan solat lamun keur hayang, lamun waktuna horéam mah najan dipapaksa ogé angger horéam. Lamun dititah ka masigit pikeun diajar ngaji, ogé sarua waé. Kadang daék indit ngaji, kadang cicing waé di imah najan geus waktuna ngaji ogé.

Najan remen dilarapkeun ka barudak, sabenerna mah bisa dilarapkeun ka saha waé kaasup pikeun kolot. Kolot anu kadang daék kadang embung bisa disebut belang betong. Ngan hanjakal remen dipaké pikeun budak anu keur mangsana diajar, boh diajar di sakola (élmu umum) atawa diajar élmu agama.

Ulah Nyorotkeun Lampu Sénter ka Awang-awang


Waktu Maghrib geus liwat. Barudak balubar ti masigit. Naha nya…?

Sababna mah Mang Ahmad keur iinditan heula ka guruna waktu masantrén sababaraha waktu katukang. Nya barudak téh euweuh anu ngawurukan. Atuh kusabab kitu, barudak ngaji téh boga kasempetan pikeun henteu ngaji. Kajaba barudak anu geus galédé, caricing waé di masigit bari ngaraji. Ari barudak laleutik mah, riab waé ka luareun masigit. Aya anu balik ka imahna séwang-séwangan, aya ogé anu terus ulin di buruan masigit jeung di jalan gedé.

Ari si Acim jeung si Omon katut si Duyéh, tiluanana ngadon hareureuy di sisi jalan béh kaléreun masigit. Kabeneran tiluanana marawa sénter.

“Mon, Cim! urang pajauh-jauh nyorotna sénter yu?” Ceuk si Duyéh kanu duaan.

“Pajauh-jauh kumaha?” Si Acim panasaran.

“Pajauh-jauh caangna lin, Yéh?” Si Omon nyelok.

“Heu-euh, kitu.” Témbal si Duyéh bari ngalieuk ka si Omon.

“Kumaha carana?” Si Acim deui.

“Carana mah gampang. Urang sorotkeun waé ti dieu sénterna. Sorotkeunana ka lebah ditu tuh, lebah tatangkalan kopi sisi jalan.” Ceuk si Duyéh ngajéntrékeun. Terus saha anu pangjauhna, éta anu jadi jawarana.”

“Cara ngukur jauhna kumaha?” Ceuk si Acim deui bari melong ka si Duyéh.

Lampu senter (Sumber foto: http://www.kawachi.co.id/joomla/templates/kawachi/images/stories/LEDBYK/KG3266.png)

Ari si Omon mah cicing waé.

“Nya saha anu pangcaangna dina tangkal kopi, éta anu meunang.”

“Susah ah ngukurna.” Ceuk si Acim, jiga anu haroréam.

“Cobaan heula waé atuh, Cim.” Pénta si Duyéh.

“Heu-euh…!” Si Omon ngarojong.

“Sok atuh, saha heula.” Ahirna si Acim ngéléhan.

“Babarengan waé atuh.”

“Mun kitu mah saha anu jadi jurina, saha anu ngukurna…?” Si Acim rada teugeug.

Ari si Omon ukur nyenghél waé. Sedengkeun si Duyéh teu némbalan. Manéhna ngahurungkeun sénterna terus disorotkeun ka lebah tangkal kopi sisieun jalan. “Hayoh atuh….”

Anu duaan éléh déét, ngiluan.

“Sok atuh, saha anu meunang?” Si Acim kanu duaan.

“Kéla atuh. Ulah pabaliut kitu nyorotkeunana. Jadi susah nempo anu pangcaangna.” Ceuk si Duyéh bari memener sorot sénterna.

“Ah ieu ma sarua waé ningan. Deukeut teuing jigana mah Yéh.” Ceuk si Omon bari mareuman sénterna.

“Tong ka dinya atuh nya.” Si Duyéh ngahuleng. “Urang ka luhur waé atuh.”

“Sok atuh.” Ceuk si Omon bari ngahurungkeun sénterna bari terus disorotkeun ka luhur. “Tuh kuring mah enggeus.”

Anu duaan nurutan.

“Tah, kuring anu pangjauhna mah. Tempo…,” Ceuk si Omon bungah. “Tempo nyorotna jauh pisan.”

“Kéla atuh…, kuring néangan heula tempat nyorotna.” Ceuk si Duyéh bari memener sénterna supaya caangna leuwih nojo ka awang-awang anu jauh.”

Ari si Acim teu pipilueun. Cicing waé manéhna mah. Tibatan nyorotkeun sénterna ka luhur, manéhna mah milih cingogo waé di sisi jalan bari ngilikan taneuh deukeuteunana anu dicaangan ku sénter manéhna.

“Eh…! Keur nanaonan maranéh?” Aya sora anu ngagareuwahkeun. “Lain ngaraji ka ditu. Kalahka nyorot-nyorotkeun sénter ka awang-awang ieu téh.”

Anu tiluan ngalieuk ka lebah datangna sora. Ku si Acim disorot make sénter. Béh, geningan Mang Adun keur leumpang nyampeurkeun. Jigana mah kakara balik ti sawah.

“Éta…, nanaona bet disorotkeun sagala. Serab atuh Cim!” Ceuk Mang Adun bari ngahalangan beungeutna tina cahya sénter si Acim.

“Punten Mang, manawi téh saha.” Ceuk si Acim bari nurunkeun sénterna sina nyaangan ka jajalaneun.

“Keur nanaon atuh di darieu? Lain ngaraji ka ditu.” Pokna Mang Adun sanggeus deukeut.

“Mang Ahmadna teuaya Mang.” Témbal si Duyéh bari tetep nyorotkeun sénterna ka awang-awang.

“Naha atuh kalah arulin di dieu. Jeung nanaonan éta bet nyorotkeun sénter ka luhur sagala?” Mang Adun melong kanu duaan.

“Ieu mang patebih-tebih caangna sénter.” Ceuk si Omon.

“Éta, atuh ulah ka luhur. Bisi matak….” Ceuk Mang Adun ngawawadian.

“Naha Mang?” Si Duyéh melong ka Mang Adun.

“Éta bisi aya kapal ngapung ngaliwat. Bisi kasorot ku sénter maranéh. Engké bisi murag kapalna.” Ceuk Mang Adun ngajéntrékeun.

“Kitu nya, Mang?” Si Duyéh melong bari mareuman sénterna.

Si Omon oge nurutan mareuman sénterna.

“Bener…! Matak ulah sagawayah nyorotkeun sénter.” Ceuk Mang Adun bari ngaléos ka béh kalerkeun muru ka imahna.

Nu tiluan ngaharuleng.

Bener kitu, lamun kapal ngapung kasorot ku sénter osok murag?