Hamin


Lamun ngadéngé kecap hamin matak haget pikeun barudak. Lamun kaparengan diajakan hamin, biasana teu talangké deui pikeun ngiluan. Da anu kapikir téh pasti waé bakal bisa dahar ngeunah. Di imahna jalma anu ngayakeun hamin mah biasana osok aya dahareun anu ngareunah, aya opak rangginang jeung wajit, ditambah deui reujeung dahar sangu tumpeng dibarung deungeunna anu osok rada tohaga: aya angeun, aya daging (angeun daging hayam). Malahan mah dina balikna aya kalana anu boga imah téh ngadon mahanan berekat pikeun bekel balik ka imah.

Hamin biasana mah osok aya pakaitna reujeung kecap AMIN. Dina nalika ngayakeun hamin, sanggeus anu boga hajat ngajéntrékeun pamaksudanana ditéma ku kokolot anu ngadon mendekung jajampéan ngadoa sagala (teuing ngadoa naon, da gegereyeman loba anu teu kahartina), ditungtungan ku doa kalawan dipingpin ku anu biasa mingpin ngadoa. Dina palebahna ngadoa, osok ramé ditémpas ku anu ngiluan ngariung ku ucapan AMIN, minangka pangrojong kana doa anu diucapkeun. Sigana mah tina kecap AMIN éta matakna disebut HAMIN téh.

Jalma-jalma ngariung keur hamin

Lamun geus réang kecap AMIN, biasana mah matak bungah ka jalma-jalma anu hadir. Sababna mah lamun geus ngadoa bakal murak dahareun anu dijagragkeun di tengah-tengah diriung ku jalma-jalma anu ngadon datang. Komo pikeun barudak mah, waktu anu ditunggu-tunggu sakeudeung deui bakal datang. Malahan mah dina ngucapkeun AMIN téh aya anu ngadon patarik-tarik siga anu hayang katangar. Béda reujeung dina mimitina. Nalika anu boga pamaksudan (anu boga imah) ngajelaskeun pamaksudanana, reujeung kokolot anu ngadon jajampéan, osok pada antepan tara miroséa, siga anu haré-haré waé.

Hamin dipungkas ku barangdahar muka sangu tumpeng anu ngahaja dijagragkeun di tengah-tengah riungan katut berekatna.

(Gambar meunang nginjeum ti http://samarindalowridercommunity.files.wordpress.com/2009/03/syukuran.jpg)

Antara Target jeung Doa


Ieu mah beubeunangan tina obrolan jeung babaturan. Tina éta obrolan, nya aya hiji hal anu bisa dijadikeun cekelan. Targét téh mangrupakeun hiji doa. Mun dititénan mah da bener ogé yén anu ngaranna targét téh manrupakeun doa pikeun jalma anu ngabogaan targétna. Sakumaha disebutkeun dina tulisan anu ti heula, targét téh mangrupakeun kahayang anu kudu ngawujud. Kusabab targét ieu téh kaasup kana kahayang, anu dicita-citakeun, bisa dijadikeun paménta atawa doa ka Gusti Allah.

Jadi sabenerna mah targét téh sarua jeung doa.

Ngadoa (sumber gambar: http://3.bp.blogspot.com/_RYr8epf7U2I/SddSxhR_T-I/AAAAAAAAAAY/CdvxW9DzN2I/s1600-h/berdoa.gif)

Geus kabiasaan, lamun ngadoa mah tara kagok. Dina harti henteu kagok dina nyieun paménta jeung tara asa-asa. Lamun hiji jalma ngadoa atawa ménta apanan teu kudu mikir heula hayang anu hayang anu téh kudu sakitu atawa sakieu. Ménta mah biasana saloba-lobana. Lamun hayang boga harta, ngadoa téh apanan masing dibéré harta anu loba. Lamun hayang hirup tengtrem téh apanan salilana, ulah diwatesanan ku waktu. Lamun hayang bagja téh apanan bagja dunya rawuh ahérat.

Jeung hiji hal anu kudu jadi cekelan, nyaeta ngadoa téh kudu atawa wajib. Ménta téh éta wajib. Jeung dina ngajalankeun kahirupan, anu ngaranna doa téh kudu dibarengan ku usaha. Lamun boga kahayang, satutasna ngadoa téh kudu dibarengan ku usaha. Da anu ngaranna paménta mah henteu kabéh langsung ditedunan atawa bisa kalaksanakeun lamun henteu maké usaha. Aya perkara anu kudu jadi cukang lantaran doa hiji jalma dicumponan.

Jadi lamun targét geus dianggap doa, dina nyieun targét téh moal hamham jeung bingung deui. Da anu ngaranna paménta mah apanan ulah kagok, ulah hayang saeutik atawa biasa-biasa waé. Ngan tetep dina prak-prakanana kumaha usaha éta jalmana, naha daék ngausahakeunana atawa henteu. Da anu ngaranna paménta atawa doa téa, kudu dibarengan ku usaha. Kitu deui jeung targét, moal bisa laksana lamun henteu diusahakeun.

Tuntungna, dina ngadoa aya anu diijabah aya anu henteu. Dina hal éta mah lain kakawasaan jalma deui. Da perkara ngabulkeun jeung henteuna mah, kumaha usaha jalmana jeung kahayang Gusti Allah. Kitu deui dina targét.