Patalimarga anu Padedet Manjing Buka Puasa


Geus jadi kabiasaan lamun dina bulan puasa mah anu ngaranna ngabuburit téh. Dina nungguan waktuna buka puasa, osok ngadon arulin atawa milampah pagawéan naon waé anu matak méakeun waktu anu antukna waktu téh teu karasa nyérélékna. Pikeun urang dayeuh mah arulin pikeun ngabuburitna téh kalolobaanana mah maraké kandaraan arék kandaraan gilindingna dua (motor) atawa gilinding opat (mobil). Malahan di pilemburan ogé ayeuna mah lamun arulin ngabuburit téh apanan sarua maraké kandaraan.

Patalimarga anu Padedet Manjing Buka Puasa
Patalimarga anu Padedet Manjing Buka Puasa

Arulin téh biasana mah dipungkas ku mareuli dahareun pikeun buka puasa atawa tajil. Teu anéh lamun osok loba anu ngadon daragang di tempat ngabuburit atawa di sisi jalan anu osok kaliwatan ku anu ngabuburit. Dina prakna anu daragang teh ayana di sisi jalan tur loba anu ngadon mareuli, bisa nyababkeun pabaliutna patalimarga. Anu ngabuburit tur maraké kandaraan téh osok padedet. Ditambah deui ku kandaraan anu baralik ti pagawéan. Jalan anu gedé ogé ngadon pinuh ku anu ngabuburit, pabaliut ka ditu ka dieu.

Teu anéh lamun manjing wanci maghrib mah di sababaraha tempat/jalan, osok ngadon macét ku kandaraan. Jam lima nepikeun ka wanci maghrib osok padedet. Matak nguji kasabaran lamun ngaliwatan ka éta patempatan. Anu gura-giru nepi ogé osok kahalangan.

(Potret meunang nginjeum ti Chakiman Journal)

Ngabuburit, Antara Baheula jeung Ayeuna


Geus jadi kabiasaan jeung kabudayan anu ngarana ngabuburit mah. Teu nempo di kolot atawa di budak, teu nempo di pasisian atawa di dayeuh, anu ngaranna ngabuburit mah geus biasa dilaksanakeun pikeun jalma-jalma anu keur paruasa. Saenggoning nungguan waktuna buka puasa, jalma-jalma téh loba anu ngadon arulin atawa migawé pagawéan séjénna anu dilakonan supaya waktu ngadagoan waktuna puasa téh teu karasa. Arék naon waé perkara anu dipigawéna mah, nu penting tujuanana ngabuburit.

Ku robahna waktu jeung jaman, anu ngaranna ngabuburit téh geus loba robahna. Utamana kumaha ngbuburitna. Anu ngabuburit mah lolobana ku jalan arulin atawa jalan-jalan. Da ku jalan arulin mah, waktu teh biasana mah teu karasa pisan nyérélékna. Nyaho-nyaho geus nepi waé kana waktu Maghrib téh. Jeung deui anu ngaranna ulin mah teu pati méakeun tanaga teuing. Najan laleuleus kusabab nahan lapar jeung hanaang ogé, masih kénéh bisa lamun kudu ulin mah.

ngabuburit make kandaraan gilinding dua

Dina perkara ulin, baheula reujeung ayeuna mah béda pisan. Lamun baheula mah anu ngaranna arulin atawa jalan-jalan téh bener-bener leumpang. Ayeuna mah apanan sanggeus mahabuna kandaraan utamana kandaraan gilindingna dua mah, arulinna téh naraék kana kandaraan. Lamun baheula mah kusabab laleumpang, arulinna téh tara ieuh jauh teuing da bisi capé teuing reujeung bisi kaburitan, da biasana bukana téh di imah. Sedengkeun ayeuna mah arék ulin ka tempat anu jauh ogé dilakonan waé jeung teu sieuneun kamaghriban di jalan, kusabab tinggal mawa bekel waé saeutik mah pikeun buka. Lamun kamaghriban di jalan téh apanan tinggal néangan anu jualan inuman terus buka di jalan. Teu kudu muru buka ka imah.

(Gambar meunang nginjeum ti http://1.bp.blogspot.com/_8hVKTVqoIds/S661VN_wH2I/AAAAAAAAAnw/qqRYrbXWDLA/s1600/ngabuburit2.jpg)

Ngabuburit: Mulung Cangkaléng


Wanci lingsir ngulon, si Omon geus nyampeur ka imahna si Acim dibaturan ku si Duyéh. Duana katempo marawa wadah palastik jeung péso. Nepi ka imahna si Acim, duanana ngageroan si Acim ti hareupeun tepas imah. Teu lila si Acim norojol ka luar.

“Aya naon, Mon?” Ceuk si Acim nanya ka si Omon bari nitenan babawaan si Omon katut si Duyéh.

“Urang ulin, yu?” Ceuk si Omon ngajak si Acim.

“Ka mana…?” Tanya si Acim.

“Urang mulung cangkaléng.” Si Duyéh mangnémbalankeun si Omon.

“Mulung cangkaleng?” Si Acim melong ka si Duyéh.

Si Duyéh ukur unggeuk.

“Di mana…?” Si Acim nanya deui.

“Di kebonna Bah Minta.” Ceuk si Omon.

“Naha saha kitu anu ngala cangkaléng?” Si Acim panasaran.

“Pokona mah hayu waé lah. Arek ngilu moal?” Ceuk si Duyéh embung kapapanjangan.

“Nya lamun loba kénéh mah hayu waé.” Ceuk si Acim bari neuteup ka si Duyéh.

“Nya mudah-mudahan loba kénéh. Da biasana mah tara kaala kabéhanana. Sok aya waé anu nyésa.” Si Omon méré jaminan.

“Sakeudeung atuh nya. Urang mawa heula pésona.” Ceuk si Acim bari léos asup ka jero imahna.

“Kadé poho wadahna.” Si Omon ngawawadianan.

Sanggeus si Acim mawa péso jeung wadah, tiluanana muru ka sisi lembur, muru ka kebonna Bah Minta. Kabeneran kebonna Bah Minta mah deukeut ka lembur téh. Di kebonna loba tangkal kawung. Sanajan henteu melak ogé, teuing ti mana binihna, da tangkal kawungna téh mani loba. Sakebonan loba kénéh tangkal kawungna tibatan tangkal kai. Teu héran lamun Bah Minta mah sanajan pakasabanana kana tatanén, tapi cenah untung kénéh tina nyadap. Da beubeunangan tina nyadap mah unggal poé.

Cangkaleng (sumber foto: internet)

Tiluanana terus muru ka deukeuteun saung anu perenahna di tengah kebon. Di luareun saung katempo aya urut durukan saperti hahawuan. Di sakurilingeunana loba cangkang caruluk meunang ngulub. Atuh tiluanana tuluy naréangan caruluk anu masih kénéh acan dipesékan, naha dihaja atawa kaliwat. Cenah mah éta caruluk téh urut ngulub dulurna Bah Minta anu ngahajakeun hayangeun cangkaléng.

Nya hasilna lumayan tiluanana ogé beubeunangan. Meunang cangkaléng sawadah séwang.

“Lumayan pikeun buka,” ceuk si Duyéh.

Sanggeus kitu mah tiluanana baralik ka imahna séwang-séwangan.

Ngabuburit: Nguseup di Wahangan


“Mon ayeuna ngabuburit ka mana?” Si Acim nanya ka si Omon mangsa duanana beres ti masigit satutasna ceramah Subuh.

“Teuing atuh. Kumaha barudak wae.” Tembal si Omon.

“Nya lamun arek ngabuburit, sampeur ka imah nya. Supaya kuring ngiluan.” Peredih si Acim ka si Omon.

“Heug lamun kitu mah. Ngan maneh ulah sare nya….”

“Moal atuh ayeuna mah, da teu tunduh teuing.”

Sanggeus aya kasapukan kitu mah, duanana terus papisah, muru ka imahna sewang-sewangan.

Nguseup di Wahangan (Foto ti: http://www.eramuslim.com/hikmah/tafakur/menunggu-hidup.htm)

Pabeubeurangna, barudak anu i opatan ngalabring muru ka wahangan Cilimus. Opatanana mamawa gagang awi anu paranjang jeung laleutik. Puhuna kira-kira saukuran curuk, sedengkeun congona kira-kira satengaheun cingir. Ari panjangna kira-kira sadeupa satengah. Dina congona ditalikeun kenur anu panjangna sarua jeung panjangna eta gagang awi tea. Maranehna mamawa bedog jeung nyoren kantong.

Tayohna, opatanana teh arek ngaruseup di wahangan Cilimus. Ari eupanna? eupanana mah da sisi wahangan oge loba, tinggal neangan. Komo lamun nguseupna teh jalanna ti girang muru ka hilir mah, tinggal ngala cacing wae di sawah. Opatanana mapay jalan satapak anu ngaliwatan sisi leuweung mahoni muru ka beh wetan.

Ngabuburit: Mulung Buah Saninten


“Cim kamari manéh ka mana? Ditéangan ku kuring jeung nu séjén.” Ceuk si Omon ka si Acim wanci haneut moyan.

“Kuring mah aya waé di imah. Tibra kuring mah.”

“Ih manéh mah kana saré waé atuh.”

“Naon kitu? Apanan anu puasa mah saréna ogé ibadah. Kitu lain ceuk Mang Ahmad ogé.”

“Heueuh ari lebah dinyana mah. Ari ayeuna manéh arék saré deui…?”

“Ayeuna mah teuing nya. Naon kitu?”

“Urang mulung buah saninten yu?”

“Saninten?” Si Acim mencrong.

Si Omon unggeuk, tandana ngaheueuhkeun.

“Iraha?”

“Ayeuna atuh. Meungpeung acan panas.”

“Saha waé?”

Buah Saninten (sumber foto: http://thesaninten.files.wordpress.com/2009/07/castanopsis-argentea-buah-41.jpg?w=495&h=371)

“Nya lobaan atuh. Kamari ogé ka ditu. Ngan manéh anu teu ngiluan téh. Kamari mah lobaan.” Ceuk si Omon siga anu ngabibita si Acim.

“Hayu atuh. Kuring ka imah heula nya. Engké ku kuring disampeur ka imah manéh.” Ceuk si Acim bari indit ka imahna. Manéhna nyokot heula bedog leutik bogana, teu poho mawa koja pikeun wadah buah saninten beubeunangana. Sanggeus siap, manéhna muru ka imahna si Omon. Nepi ka buruan imah si Omon, di tepas geus aya sababaraha urang babaturanana, aya si Duyéh, si Uju jeung nu séjénna. Malah budak awéwé ogé aya anu miluan. Teu lila maranéhna ngabring muru ka sisi lembur deukeuteun kuburan. Kabeneran di sisi lembur deukeuteun kuburan téh loba tatangkal anu galedé, sababaraha diantarana nya tangkal saninten. Barudak téh mencar muru ka unggal handapeun tangkal saninten. Maranéhna néangan buah saninten anu maruragan kusabab geus kolot atawa kabawa angin. Buah saninten anu katimu teh terus waé dipesékan make péso atawa régang, aya oge anu ditakolan maké batu supaya bencar. Sanggeus dipesék tina kulitna anu dipinuhan ku cucuk, diwadahan bawana séwang-séwangan. Kusabab bulan puasa, éta buah saninten téh teu bisa langung didahar atawa diasaan.

Bookmark and Share