‘Untung’, Antara Narimakeun jeung Sukur


“Untung teu nanaon. Batur mah cilaka mani parna.”

“Untung ngan ukur baréd saeutik. Batur mah nepikeun ka potongna.”

“Untung ngan ukur potong leungeun. Baturna nepikeun ka tilar dunya.”

“Untung paéh. Coba lamun hirup mah, bakal cacad.”

Kecap untung mangrupakeun kecap anu osok dipaké pikeun nyanghareupan hiji hal anu dianggap leuwih alus tibatan kaayaan séjénna. Jadi kecap untung téh dikedalkeun lamun manggihan kaayaan anu dianggap leuwih hadé. Ngabanding-bandingkeun éta kaayaan téh bisa robah tina hiji kaayaan kana kaayaan séjénna. Da dina prak-prakanana mah kabéh kaayaan ogé osok dianggap untung waé. Lamun dina hiji waktu mah kaayaan ieu teh leuwih alus tibatan kaayaan éta, dina waktu séjénna mah bisa tibalik. Bisa waé dina waktu anu séjénna mah kaayaan éta téh leuwih alus tibatan kaayaan ieu. Anu jadi pokona mah, nyaéta narima kana kaayaan anu karandapan, narima kana kaayaan anu kajadian. Jadi kecap untung téh bisa jadi kecap anu digunakeun pikeun narima hiji kajadian anu karandapan, sanajan lamun henteu karandapan mah tacan tangtu ditarimakeun.

Untung

Kusabab éta kaayaan téh geus kajadian, geus karandapan, teuaya deui kecap anu alus anu dikedalkeun kajaba narima éta kaayaan. Nya kecap untung ieu téh osok kedal, kaluar jadi kecap narimakeun kaayaan sanajan bisa waé henteu sapagodos lamun henteu karandapan mah.

Narimakeun kaayaan kana kaayaan anu karandapan, nyaéta kedalna kecap untung ieu téh bisa disebut ogé ciri sukur. Sukur atawa narimakeun kana kaayaan anu karandapan. Sanajan arék kumaha waé ogé narima. Sahenteuna, nya nitah sukur lamun kaayaan anu karandapanna téh ku batur atawa jalma anu diajak ngomong. Jadi salian ti jadi kabiasaan anu diucapkeun téh, bisa jadi éta kecap téh jadi tanda sukur.

Mudah-mudahan, kecap untung téh lain ngan ukur kabiasaan wungkul. Kabiasaan anu ngan ukur tanpa taya kecap anu dikedalkeun jeung teuaya maksud anu alus. Mudah-mudahanana mah sing jadi tanda sukur kana kaayaan.

Bookmark and Share