Munggah di Lembur Batur


Kakara ayeuna munggahan di lembur batur. Lembur anu jauh pisan ti lembur sorangan. Lembur anu acan lila apalna, anu tacan apal kumaha budayana. Ngan untungna, lamun nempo kaayaan di sakurilingna mah dayeuh tempat nyaba ayeuna téh bisa disebutkeun cocog pikeun urang Islam mah. Hal ieu bisa katempo ku lobana ngaran jalan anu dibarengan ku aksara Arab. Salian ti aksara latén, ngaran jalan dilengkepan ogé ku ngaran dina aksara Arab. Terus ogé, lobana masigit anu aya di sabudeureun, bisa jadi tanda cocogna kaayaan pikeun urang Islam, utamana ngarojong kana ngajalankeun ibadah puasa.

Moal sieun jeung hariwang euweuh batur anu saageman. Kari apal kumaha budaya anu aya di ieu dayeuh dina mapag ibadah puasa Romadon. Budaya anu bisa waé béda. Sanajan béda, anu utamana mah lain budayana tapi ibadah puasana. Di mamana ogé anu ngaranna puasa mah sarua waé, nahan diri tina sagala anu ngabatalkeun ti mimiti meleték panon poé nepikeun ka surupna.

Wilujeng mapag sasih Romadon 1433 H

Dina perkara mapagna naha kudu dianggir heula atawa henteu, éta mah kaasupna kana kabiasaan anu taca tangtu aya di unggal wewengkon. Kitu ogé reujeung ngadulag, bisa waé ngan ukur aya di hiji atawa sababaraha wewengkon wungkul. Anu jadi pokona mah, kumaha bisa mapag bulan Romadon kalawan siap sayaga, boh raga boh jiwana, pon kitu deui akalna. Anu antukna dina ngalakonan puasa atawa saumna bisa sakumaha anu geus diperih ku anu ngawajibkeunana, katut tujuan saumna bisa kahontal, bisa jadi jalma anu TAQWA. Ulah nepikeun saum anu dilakonan téh pahalana ngan ukur peurih beuteung jeung halabhab wungkul.

Arek di mana wae, naha arek di lembur sorangan atawa di lembur batur, teu jadi halangan pikeun munggahan, taya halangan pikeun mapag bulan Romadon. Wilujeng Mapag Bulan Romadon 1433 H.

Munggahan di Dayeuh


Anu ngaranna munggahan mah teu nolih kana patempatan. Anu ngaranna mapag bulan puasa mah di mamana ogé ampir sarua waé, kaayaanana osok bédana reujeung poéan biasa. Mapag bulan puasa lain ngan ukur dilakukeun ku jalma-jalma di pasisian atawa pilemburan. Dalah urang dayeuh ogé sarua waé arék mapag bulan puasa mah osok munggahan.

Wilujeng Mapag Sasih Shaum 1432 H

Ngan aya hal-hal anu ngabédakeun antara pilemburan reujeung wewengkon dayeuh. Béda kusabab béda tempat, ogé kusabab kabiasaan atawa kabudayan. Dina mapag bulan puasa biasana osok sagala diayakeun hususna ngeunaan kadaharan. Arék di dayeuh atawa di pasisian, ampir sarua waé kitu. Anu biasana mah tara meuli daging, ayeuna mah jadi ngahaja meuli. Pon kitu deui reujeung kadaharan séjénna. Anu ngabédakeunana téh biasana mah ngeunaan hahargaan. Di dayeuh mah anu ngaranna hahargaan utamana kadaharan dina nyanghareupan puasa téh osok sagala naraék. Teuing pédah ngamangpaatkeun kaayaan teuing kusabab hukum ekonomi, teuing kusabab duanana. Nu pasti mah hahargaan téh naraék, béda reujeung poéan séjénna. Sedengkeun di pilemburan mah biasana tara kapangaruhan ku kaayaan arék nyanghareupan bulan puasa. Hahargaan, anu sumberna ti pilemburan biasana mah tara ieu naraék kusabab arék nyanghareupan bulan puasa. Kajaba lamun beulieunana asalna ti dayeuh anu hargana ogé da geus naék ti dayeuhna.

Terus ogé, kaayaan di dayeuh mah dina mapag bulan puasa téh jalan-jalan jadi pinuh ku kandaraan. Kandaraan padedet di jalan, jadi wa hareurin. Teu bisa bébas gagancangan lamun maké kandaraan ka mamana téh. Kandaraan pabaliut kalawan tujuan séwang-séwangan. Aya anu ngadon pakanci, balanja atawa balik ka lemburna.

Munggahan Mapag Bulan Puasa


Dina nyinghareupan bulan puasa, osok manggihan kecap munggah atawa munggahan. Duanana miboga harti anu ampir sarua jeung asal kecap anu sarua nyaéta munggah. Munggah atawa munggahan biasanna mah osok dikaitkeun reujeung mapag bulan puasa. Lamun arék bulan puasa osok aya munggahan. Sanajan kitu anu ngaranna munggah mah lain ngan ukur arék puasa wungkul, da kecap munggah kapanggih ogé nalika dina ibadah haji nyaéta munggah haji.

Terus, naon atuh hartina munggah atawa munggahan téh?

Wilujeng Mapag Sasih Shaum 1432 H

Lamun dina ibadah haji mah, anu ngaranna munggah téh osok dihartikeun ku naék. Jadi munggah haji téh hartina mah naék haji. Naék darajatna jadi haji.

Kumaha atuh lamun munggahna téh dina nyanghareupan bulan puasa? Dina hal ieu bisa ogé disebut naék, nyaéta naék kana bulan puasa. Jadi jalma anu munggahan téh geus siap-siap bakal arék ngalakonan kahirupanana dina bulan puasa.

Kumaha atuh ari munggahan téh?

Munggahan mah mangrupakeun budaya anu aya di masarakat dina mapag bulan puasa. Biasana mah dina mapag bulan puasa téh jalma-jalma osok ngarumpul reujeung kulawarga-kulawargana. Da dina pasna munggahan mah, biasana anu sarakola atawa gawé téh aya kalana peré. Jadi bisa ngusahakeun pikeun ngumpul. Kusabab kulawarga téh bisa ngumpul ngariung, dina mapag bulan puasa téh osok sagala diayakeun utamana kadaharan. Supaya kabéhanana bisa ngasaan, taya anu kaliwat. Salian ti éta, dina mapag bulan puasa ogé aya kabiasaan dikuramas, nyaéta mandi dina poéan saacan puasa poé kahiji.

Munggah


Sanggeus meunang warta anu nyebutkeun yén poéan mimiti puasa téh isukan, urang lembur mani haget pisan nyanghareupan poé isukan. Isukan téh geus asup kana bulan puasa. Rupa-rupa cara anu dilakukeun pikeun mapag éta bulan. Ti sababaraha poéna kénéh ogé, loba anu geus popolah pikeun mapag éta bulan. Aya anu nyieun opak jeung rangginang. Aya ogé anu meuncit domba atawa hayam. Anu teu boga atawa teu kabeuli, nya paling meuli lauk ti balongna Mang Engkos anu ngahajakeun dibedahkeunana téh unggal dina mimiti puasa. Lumayan pikeun mapag bulan puasa mah. Kabéhanana téh nya pikeun mapag bulan puasa. Supaya dina ngamimitian bulan puasa téh rada béda kadaharanana ti biasana.

Wilujeng mapag Sasih Shaum 1431 H

Buritna ibu-ibu mah kupruk-keprek waé di dapurna séwang-séwangan. Nyiapkeun kadaharan pikeun engké subuh, pikeun dahar saur. Ngahaja kituna téh supaya dina waktuna saur, tinggal ngahaneutkeun deui, teu kudu ngasakan kadaharan heula.

Lamun aya kulawarga anu jauh ogé saumpanana anakna anu eukeur nyiar élmu, di sakola atawa masantrén, osok ngahajakeun mulang heula. Supaya dina prak-prakanana mimiti puasa téh bisa ngariung sakulawarga. Ngariung ngamimitian puasa, pangpangna mah ngariung dina ngadahar kadaharan anu teu biasana, da kadaharan téh mani sagala diayakeun. Arék ngeunah atawa henteu, nu penting mah kadaharan anu henteu biasa téh bisa kaasaan ku kabéh kulawarga, ku jalma sakulawarga.

Mimiti Puasa


“Cim! Acim!” Si Omon ngageroan si Acim siga anu gumbira pisan bari nyampeurkeun si Acim anu eukeur diuk dina golodog imah si Duyéh.

“Kunaon ari manéh siga anu kaganggu waé.” Si Acim teu euleum-euleum.

“Ari manéh…. Teu kaop batur meunang kagumbira….” Si Omon melong ka si Acim. Tapi teu kateterusan kituna téh.

“Apal teu manéh, yén puasa téh mimitina poé isukan?” Ceuk si Omon deui sanggeus deukeut ka si Acim.

Wilujeng mapag Sasih Shaum 1431 H

“Teu…. Manéh apal ti saha kitu?”

“Ti lanceuk kuring atuh.” Témbal si Omon. Siga anu agul pédah boga lanceuk anu cicing di dayeuh.

“Iraha panggihna kitu?”

“Apanan poé kamari balik ka lembur.” Témbal si Omon bari diuk. Manéhna ulak-ilik ka jero imah si Duyéh, siga aya anu ditéangan. “Ari si Duyéh ka mana, Cim?”

“Di jero imah kénéh.” Témbal si Acim bari ngalieuk ka lawang panto imah. “Peré kitu lanceuk manéh téh?”

“Nya heueuh atuh. Da hayangeun munggahan di lembur.”

“Eta lanceuk manéh meunang warta ti mana kitu?” Si Acim melong ka si Omon anu diuk di gigireun manéhna, “apanan ka urang mah acan aya béja-béjana acan. Di urang mah acan aya béjana puasa téh iraha-irahana. Acan aya uar-uar tina TOA.”

“Nya di urang mah osok telat atuda.”

“Telat kumaha…?” Si Acim panasaran.

“Heueuh di urang mah béjana osok telat. Béda jeung di dayeuh. Di dayeuh mah cenah béja téh osok gancang nepina.”

“Kitu nya?”

“Bener….”

“Tapi puasana mah sarua lain?”

“Maksud manéh sarua kumaha?” Si Omon melong ka si Acim. “Dina ngalaksanakeunana mah nya moal béda atuh. Sarua waé di mamana ogé.”

“Lain éta. Maksud kuring mah, mimitina puasa mah sarua waé lain?” Ceuk si Acim ngajéntrékeun.

“Nya lamun mimitina isukan mah, nya sarua atuh. Ngan teuing tah lamun mimitina pagéto mah. Sigana béda.”

“Béda nya?” Si Acim nguji si Omon.

“Nya heueuh.”

“Nya ceuk kuring mah sarua waé atuh. Arék isukan atawa pagéto ogé.”

“Nya béda atuh. Isukan mah Jumaah, pagéto mah Saptu.”

“Kéla…,” si Acim megat caritaan si Omon. “Ceuk manéh anu bener téh, mimiti puasa iraha kitu?”

“Nya isukan atuh. Apanan ceuk lanceuk kuring ogé isukan.” Si Omon negeskeun pamadeganana.

“Ceuk kuring mah lain isukan.”

“Pagéto nya…?” Si Omon mencrong.

“Lain….”

“Iraha atuh?”

“Anu bener mah mimiti puasa téh tanggal 1 Romadon.” Ceuk si Acim bari nyengir.